Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
UJANG Sarmud jeung babaturanÂna, duaan geus saged. MakÄ— pakÄ—an sarwa hideung diiket, mawa bekel sacukupna pikeun cicing di gunung sababaraha poÄ—. Lain ngan saukur bekel dahar jeung tiris, dalah bekel beubeuleuman ogÄ— kumplit pisan. Sabab ceuk Eyang Balakasadut, guru spiritual anyarna, syaratna kudu kumplit, ulah nepi ka kurang. Malah ceuk Eyang anu teu puguh diÂmana cicingna, Ujang Sarmud mah, boga teureuh Pajajaran. Lamun punta-pÄ—nta ka karuhun Bogor, bakal cepet ditedunan. Eta pisan anu nyababkeun Sarmud hayang nÄ—angan wangsit. Basa ditanya ku indung bapana, rÄ—k indit kamana, jawabna tÄ—h rÄ—k nÄ—angan wangsit karuhun.
“Naha di gunung aya tempat shalat teu Sarmud,?†tanya bapana. Ujang Sarmud teu nÄ—mbalan, sabab teu nyaho kaayaan tempat anu rÄ—k disabana. Mun ngajawab aya, bisi euweuh, ngajawab euweuh bisi aya. Tibatan ngarang jawaban, nya mending cicing. Palebah dieu, cicing tÄ—tÄ—la, jawaban pangalusna. Pan di urang mah, loba anu teu kitu. SanaÂjan enya teu nyaho alang ujurna, haÂyoh nyarita kenceng pisan, lain ngan dina riungan, ieu mah dina Koran-koran. Komo mangsa nu nanyana ti televise Nasional, halah teu sirikna diteleg tah micna tÄ—h. Urusan benÂer jeung henteuna mah, kumaha Ä—ngkÄ— wÄ—.
“Bapa mah moal rÄ—k mahÂing anjeun nÄ—angan pangalaman anyar, ngan ulah poho kana ajaran agama ulah wani-wani ninggalkeun shalat lima waktu, sabab Ä—ta pisan tiang agama. Malah jalma nu maot tÄ—h, anu dipariksa shalatna,†ceuk bapana daria pisan. Sanggeus ngaÂrasa cukup mekelan ku nasÄ—hat, bapana Sarmud, ahirna ngizinan ogÄ—, sanajan rada beurat ogÄ—. Dina hatÄ—na ngadu’a sangkan anakna salamet sarta hirupna henteu sasar. Sanggeus dua kali ganti mobil sarta leumpang kurang leuwih dua satenÂgah jam, jog wÄ—, Sarmudjeung baÂbaturanna tÄ—h anjlog ka nu dijugjug. Di gunung anu ceuk Eyang BalakasaÂdut tara kasaba ku jalma, ukur aya batu badag nyanghareupan pasir, lain gunung ieuh. Lantaran rÄ—k huÂjan anu tiluan tÄ—h gancang ngadegÂkeun tÄ—nda, naheur cai jeung masak saayana. Ari cai mah cur-cor. MangÂsa magrib tiluanna gancang wudu tuluy shalat berjamaah dina batu anu aya. Isya ogÄ— kitu, Numutkeun pituduh ti Eyang, nÄ—angan wangsit mah dimimitian kudu jam duabeÂlas peuting ka luhur. Lantaran capÄ— tas leumpang jauh, tiluanna reup wÄ— sarÄ— mani tibra. Tapi samÄ—mÄ—h sarÄ— manÄ—hna nyetel bÄ—l heula bari bekerna ditompokeun kana puhu ceulina. Enya wÄ— jam dua belas tengah peuting, Sarmud nguniang, sarta tuluy ngahudangkeun baÂbaturanna.
“Hudang euy, geus tengah peuting yeuh,â€ceuk Sarmud. SangÂgeus ngarala wudu, duana ngampar samak, bari nyadiakeun susuguhan, ti mimiti nyeduh kopi pait, amis, susu, cai hÄ—rang, tÄ—h amis, bubuahÂan, kuÄ—h tujuh rupa, parukuyan, ah pokona mah kumplit wÄ—, sakumaha pituduh Eyang Balakasadut.
“Babacaanna kumaha yeuh?†Ujang Sarmud nanya ka babaturanÂna.