“Anu delitan, pundungan, teu daèk ngadèngè nasèhat nu lian, asa aing pangpinterna jeung pangbenerna, asup kana golongan jelema,”pokna tatag pisan. Sedengkeun manusa mah, jelema anu geus nyaho kana diri­na sarta manggih saha jatidirina.

“Ari manusa?”

“Manusa mah kiratana, mana nu sia hartina geus nya­hoeun hak jeung kawajibanna. Geus bisa milah-milah, ieu meu­nang itu henteu, èta haram, ieu halal. Hartina dirina teu ngaboga-boga. Sakabèhna ba­rang injeuman. Waruga jeung nyawana mangrupa injeuman ti Allah SWT, anak pamajikan, har­ta banda, ukur barang titipan. Ngaranna ogè barang titipan la­mun sawaktu-waktu dipènta ku nu bogana nya kudu dibikeun. Geus kitu salila dinjeumkeun kudu dirawat sakumaha mis­tina,” waler Ki Andi. Umumna, ukuran jadi jalma tèh nyaèta pangkat, jabatan jeung harta banda. Pan aya paribasa tuh anak Pa Anu mah geus jadi jal­ma, ukuranna geus boga imah gedong, mobil, pangkat atawa jabatan. Harta bandana bru di juru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, sawahna upluk-aplak, kebonna lega, balongna gedè, mobilna pabalatak. Anu kitu ceuk ukuran dunya geus jadi jalma, can tangtu jadi manusa. Naha geus ngaluarkeun zakat maal tina hartana, naha geus ngalaksanakeun naèk haji, kusabab geus kawasa di jalanna, jeung kawajiban lianna. Lamun geus jadi manusa mah, geus tara daèkeun ngadahar barang ha­ram, ngalèjokeun batur, nindes jalma leutik, dasar kawijakanna mihak ka rahayat leutik, lamun èta jelema dikersakeun jadi pa­mingpin. Dina surat Ad-Dzariyat ayat 56, Allah SWT ngadawuh anu tarjamahan bèbasna, yèn saenyana pangna Allah SWT ny­iptakeun jin jeung manusa tèh taya lain pikeun ibadah, nyem­bah ka Alllah. Sedengkeun dina ayat sèjènna nyaèta dina Surat Al Anam jeung Al Baqarah- Al­lah negeskeun yèn saenyana Al­lah hayang ngajadikeun manusa jadi khalifah di dunya.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

“Kitu ogè dina surah Al Anam, disebutkeun yèn saenya­na, shalat, ibadah, hirup jeung paèhna manusa anging kanggo Allah Nu Maha Murbeng Alam. Tah pituduhna geus jelas pisan kudu kamana nya lunta. Nu nya­hoeun kana urusan èta ayeuna mah geus loba pisan. Ulama loba, Kiai aya di mana-mana, syiar Is­lam teu sirikna di unggal tempat jeung unggal waktu. Kari ura­ngna, naha rèk nèangan atawa cicing waè,” saurna tandes pisan.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

“Jadi geuning tètèla loba anu geus jadi jelema tapi can jaradi manusa, lamun kitu mah!” ceuk gerentes hate. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================