Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji .kaunggulan.Basa Sunda tèh nyaèta bogaeun ki­rata, dikira-kira tapi nyata. Mis­alana waè tampolong pan tina tempa tempo ka kolong, calana tina dipancal salilana, modiste-modal ledis becus henteu jeung rèa-rèa deui. Malah ceuk salah saurang kasepuhan Cigudeg mah, sanajan wujudna sarua, èta-èta kènèh, lamun istilahna bèda, hartina ogè sèjèn, cenah. Kuring anu rumasa kurang fa­ham kana kalimah-kalimah si­loka, nepi ka sababaraha kali nanyakeun ka Ki Sopandi, kas­epuhan ti Cigudeg tèa.

“Asa teu kaharti, Ki, naha wujudna èta-èta kènèh, kunaon hartina jadi bèda,?’pok tèh pa­nasaran.

“Yeuh bèda pisan hartina manusa jeung jelema, sanajan wujudna èta-èta kènèh,”tembal Ki Sopandi (Andi). Teu ditèm­balan ieuh, diantepkeu wè, kumaha karepna. Sabab kuring apal pisan adatna, komo deui lamun nepi ka dipotong ka­limahna, urusanna jadi beurat. Numatak mending jadi purah ngadèngèkeun wè, tibatan pan­jang lalakonna mah. Komo deui ayeuna mah geus kaasup kana golongan maki, manus aki-aki, beuki gancang ambek jeung gampang kasigeung, teu kaopan pisan. Sigana tèh, nu kitu tèh panyakit lumrah, umum ka ung­gal manusa, beuki kolot umurna beuki delitan. Komo anu geus rada bau-bau taneuh mah. Saka­peung mah, rada harorèam tah ngobrol jeung aki-aki samodèl kitu tèh, sabab sok hah deui, hah deui. Ma’lum pangdèngèna geus rada kaganggu. Sakapeung mah sok sarwa salah, ari lalau­nan tara kadèngèeun, parengan rada tarik majar tèh, siga nu am­bek, make gogorowokan sagala.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

Jelema, saur anjeunna, kirata tina merejel tina beuteung ema, orok wè lah. Jadi lamun anak Adam kudu dihuapan waè kawas orok, can nyaho kana jati dirina jeung kawajiibanna. Lamun èta jelema umat Islam kudu geus hideng dina ngalaksanakeun shalat, sabab èta kawajibanna.

============================================================
============================================================
============================================================