Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Lamun tèa loba anu nyebut­keun, salah sahijina Eèp Sae­fullah Fatah, urang Cariu anu jadi tokoh Nasional, yèn bangsa urang tèh kaasup bangsa anu araranèh, beuki dieu tèh beuki kabuktian. Salah sahijina dina widang hukum, sababaraha taun katukang, .Abang Gayus.kungsi ngageunjleungkeun, sa­bab sawaktu di jero panjara bisa kènèh pelesiran ka Bali, ngadon nongton tènis. Untungna aya anu manggihan ku salah sahiji wartawan, bari tuluy dipoto, coba lamun nepi teu kapanggih ku wartawan.

meureun simpè wè nya. Eh, kabèhdieunakeun majarkeun tèh aya nu manggihan lamun Gayus ogè, cenah kungsi ka Singapura, ngan hanjakalna teu kungsi nepi ka dipotona. Sanajan ku Gayus, bèja èta teu diaku, tapi duka teuing kabèhdi­eunakeunana mah. Sabab sana­jan potona geus nyampak ogè, angger wè, mimitina mah teu diaku pan nya. Kajadian lianna, aya salon di jero bui, jalma anu keur dibèrok bias kènèh jual beuli Narkoba. Geus kitu aya vaksin palsu jeung kuburan pal­su, kahareupna naon deui tah an bakal dipalsukeun. Ogè Joki atawa anu ngagantian mangsa keur tes di paguron luhur.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Joki lamun numutkeun èti­mologi basa mah tukang nump­ak kuda, boh kuda balap atawa kuda biasa. Tapi sajalan jeung kajadian-kajadian anu aya di urang, basa èta tèh hartina jadi robah, Bisa jadi panumpang pikeun nyukupan panumpang di jalan anu dilumakukeun Three in One, ku jalan nawarkeun jasana milu kana mobil anu pan­umpangna kurang ti tilu. Atawa ngagantian jalma dina ujian asup ka paguron luhur, anu ba­heulana katelah sipenmaru anu ayeuna jadi UMPTN. Tètèla anu bisa dijokian tèh lain ngan sau­kur dina ujian asup ka paguron luhur, tapi narapidana atawa anu keur dibui ogè geuninng bisa. Sakumaha nu lumangsung di Lapas Kelas II Bojonegoro, Jawa Timur.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Kasiem anu sakuduna di­penjara atawa ngajalankeun sèsa hukuman salila tujuh bu­lan, kulantaran kalibet ku kasus bersubsisdi tèa, digantian ku Karni kalayan dibayar ku duit anu lobana Rp 10 juta. Geus kitu, dua instansi anu dianggap baroga tanggungjawab tèh ka­lah silih salahkeun, bangun anu ngumbah leungeun. Ceuk itu tanggung jawab èta, ceuk èta tanggung jawab itu.

============================================================
============================================================
============================================================