Tapi nya kitu tè manusa mah teu leupas tina apes jeung jaya. Keur saur Aa Gym tèa mah, manuÂsa ulah sombong, gedè hulu jeung asa aing. Sabab numatak masih dihargaan ku papada manusa ogè lain pèdah ku dirina, tapi ku Allah aibna disumputkeun.
“Lamu sakabèh aibna ku AlÂlah dibukakeun, nya taya hormaÂteun pisan tah èta jelema tèh. Anu tadina seunggah, hormat jeung muji, bakal ngajèbèan jeung nukangan,â€saura Aa Gymnastiar. Anu keur meunang “cocoba†ayÂeuna balukar tina pangakuan almarhum Freddy Budiman ka Haris Azhar tèh, nyaèta Pulisi, Tentara jeung BNN. Samèmèh dihukum paèh, Freddy umaku geus ngaluarkeun waragad nepi ka ratusan milyar ka patugas hoÂkum, sangkan usaha narkobana lancer. Kajadian ieu keur meuÂnang perhatian anu darisa ti ungÂgal intansi, LSM jeung pemerhati politik, naha bener atawa henÂteu. Pasualan anu keur haneut ngeunaan mateni Wayan Mirna Solihin ku Jessica Kumala WongÂso anu ngagunakeun racun SianÂida. Tepi ka ayeuna cenah mah taya anu nempo atawa nyaksian mangsa Jessica ngasupkeun raÂcun sianida kana inumeun Mirna.
Lain ngan saukur di tingkat nasional wungkul, tapi di daèrah ogè keur rariweuh pisan. PangaÂdilan Tipikor di Bandung anu keur nyidangkeun pangbeulian taneuh Angkahong Jambu Dua, cenah mah manggihan bukti-bukti anyar. Urang du’akeun wè sing lungsur-langsar sakabèhna kabuki kalayan adil. Nu salah tetep salah anu benÂer tetep bener. Tah ngeunaan basa rasa ieu, bisa dihartikeun nu nyariÂtana balaka, jujur sakumaha ayana teu didinding kelir, taya rekayasa di jerona beunang disebutkeun basa rasa, atawa masih kènèh aya rasa di jerona. Sedengkeun anu sabaÂlikna tina kajadian èta geus kaleunÂgitan rasana, tempatna lamun di dunya nya di pangbèrokan, lamun di ahèrat di naraka well. (*)