Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR ngarasakeun kumaha ni’matna hiliwir angin di saung sawah, jol Mang Tatang bari ngajingjing cai dina kom­pan. Enya tètèla di wewengkon urang tèh geuning loba pisan kadaharan anu ngarareunah. Malah Kota Bogor kakoncara ku wisata kulinerna, teu saeutik Urang Jakarta anu ngaradon dahar di Bogor. Salian loba restoran anu nyadiakeun rupa-rupa kadaharan anu mangrupa kadaharan beurat, ogè teu saeutik anu mibanda kadaharan husus anu minangka ciri wewengkon­na. Lamun Garut bogaeun dodol, Cili­lin Bandung bogaeun wajit, di Bogor (boh kota atawa kabupatèn) ogè aya. Cikarèt bogaeun kuèh ali Situ Gedè bogaeun dodol taleus. Di bulan puasa mah ragemna, mie golosor jeung ku­rupuk asoy. Di tempat sèjèn, kawas Sumedang jeung tahuna, Bandung jeung peuyeumna, Cianjur ku tauco­na. Hanjakalna, sawatara waktu boh dodol taleus, atawa kuèh ali can jadi olèh-olèh bawaeun balik kawas di wewengkon sèjèn.

“Cai jamjam tatèh Mang,’ cèkèng tèh ngaheureuyan. Mang Tatang teu nèmbalan kalahka gèk diuk gigireun. Saentas ngahuleng sawatara jong­jongan der nyaritakeun pangalamana mangsa ulin ka imah dulurna di Cian­jur, malah kungsi diajakan ziarah heu­la ka Dalem Cikundul sagala cenah.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Eta anu daratang ziarah ka makam Dalem Cikundul, mani taya eureunna, atuh nu daragang ogè sigana tèh beurang peuting. Komo dina bulan mulud mah mani pinuh pisan, harianeun ari nu daragang ka­daharan mah,”pokna tèh. Dumasar kana buku anu aya jeung carita-carita anu sumebar dina sababarah situs di internet, nami asli Dalem Cikundul tèh nyaèta Radèn. Jayasasana, diang­kat janten bupatina tèh lain dumasar kana SK ti pihak mana ogè, tapi ku para pamingpin Nagri Cianjur mang­sa harita, anu disebut musyawarah mufakat tèa. Radèn Jayasasana ka­sangtukangna, salah saurang ulama anu kacida diajènana, anu linggihna di Kp. Majalaya Cijagang Cikalongku­lon, anu pernahna di sisi Cikundul. Jujutan kaluhurna ka Prabu Siliwangi, anu awalna ti Kerajaan Talaga Mang­gung, Majalengka. Salah saurang tu­runan Prabu Siliwangi nyaèta Prabu Pucuk Umun, gaduheun putra Sunan Parunggangsa saterusna ka Sunan Wanapri puputra Sunan Ciburang sarta puputra deui Radèn Aria Wangsa Goparana anu ngalih ka ke Sagala Herang, Subang. Salah sawios putrana nyaèta Radèn Jayasasana di­tugaskeun pikeun nyebarkeun agama Islam. Kusabab laku lampah jeung paripolahna kacida alusna, salian ti pinter jeung wijaksana, Radèn Jayasasana kacida kaoncarana di wewengkon Cianjur. Ku Sultan Cire­bon anjeunna dipaparin gelar Radèn Aria Wiratanu, sawatara masarakat di sabudeureunana masihan jujuluk Dalem Cianjur.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

“Tah èta tèh hiji kamulyaan anu dipaparinkeun ku Allah ka jalma anu solèh, pan anu ngadu’akeunana ogè mani teu eureun-eureun Mang,”cèkèng tèh mairan.

“Tah anu kitu tèh keuna kana paribasa maung ompong, kareta kosong, bedil kosong,” ceuk Mang Tatang bari ngomèkeun kopèahna anu dèngdèk.

============================================================
============================================================
============================================================