Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“INGET kènèh dongèng Lutung Kasarung anu baheula mah sok dipintonkeun dina gending karèsmèn,” Ki Madi nanya ka kuring basa papanggih di perpustakaan Kota Bogor. Harita meneran kuring keur nèangan buku-buku dongèng, suan aya tugas di sakolana.

Kuring gideug, da saenyana teu apal, sabab asa geus heubeul pisan teu pernah ngadèngè dongeng anu asalna ti karuhun sorangan. Baheula mah keur sakola kènèh di SMP, asa rada rada remen maca legenda kawas kitu tèh, da di perpustakaan sakola balatak. Katambah saminggu sakali di lembur sok aya pintona tunil, anu sutradarana Mang Emod, caritana anu digarapna Lutung Kasarung. Anu teu pernah poho maha kana bodoranana, Mang Sadut. Na kupinter-pinter teuing atuh ngabodorna tèh, nepi nu nongton ager-ageran.

“Beuh, kumah rèk ngawariskeun dongèng ka barudak atuh lamun di dinya waè teu apal. Naon anu rèk dicaritakeun, padahal tina dongèng-dongèng baheula tangtuna aya pesen moral anu bisa ditepikeun,’ pokna daria.

“Percumah Ki, barudak ayeuna mah leuwij resep kana kartun buatan bangsa deungeun kayaning sincan, ipin Upin, Dora Emon,”cèkèng tèh.

“Har? naha carita rahayat sorangan henteu pikaresepeun kitu ? Padahal lamun digarapna hade, daria pastina ogè ditarongton ku barudak, Ieu mah, budak urang tèh hayoh dicekokan ku pikiran-pikiran, kabiasaan bangsa deungeun anu can tangtu saluyu jeung banga urang.”

“Tah kumaha ngeunaan dongèng Luting kasarung tèh, Ki?’. Ki Madi teu buru-buru nèmbalan, hayoh kalah peureum salila-lila, jigana mah keur nginget-nginget. Tapi teu burung ogè anjeunna nyarita. Dongèngna tah kieu.  Di Jaman baheula, aya hiji raja anu adil tur wijaksana ngaranna Prabu Tapa Agung. Raja èta tè boga anak tujuh awèwè kabèh nyaèta, Purbararang, Purbadewata, Purbaendah, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuih, jeung Purbasari anu pangbungsuna. Nu pangcikalna,

Purbararang geus papacangan jeung Raden Indrajaya, anakna salah saurang pangagung karajaan.  sanajan  Prabu Tapa parantos sepuh tur pantesna mah,  Pubararang  jeung Indrajaya  dibèrè kapercayaan pikeun  nyekel kakawasaan. tapi henteu kitu ieuh.  Kusabab anjeunan cangcaya jeung kurang panuju  kana sikep jeung paripolah Pubararang dianataran kejem, gedè hulu jeung adigung, ari papacanganana, indrajaya tèa, tukang dangdan, gumasèp. Tibatan mikirkeun nagara leuwih resep ngurusan pakèan jeung perhiasan.

“Ningali kaayanana kitu, geus pasti  Raja Agung tèh bingungeun pisan, hiji peuting anjeunna ngimpi kadatangn Sunan Ambu, sarta marèntahkeun sangkan manèhna ninggalkeun Istana, tur karajaan dipasrahkeun ka Purbasari.”

Kajadian èta tèh dicaritakeun   ka anak-anak jeung sakabèh pangeusi istana, nu sèjèn mah barungaheun, iwal ti Purbararang anu ambekeun. Sinnget caritana ku pokalna Purbararang jeung Indrajaya , kulit  Purbasari jadi pinuh ku korèng tur diusir ti Istana.   Sunan  Ambu ahirna ngutus Guruminda, putrana sina nyaru jadi  Lutung Kasarung. Tah ahirna, Pubasari cageur deui, sarta  Lutung Kasarung anu ngajanggèlèk jadi satria kusabab tètèla   Pubasari tèh bogoheun ka manèhna sanajan wujudna Lutung.

“Kasimpulanana, asih ihlas tur bijil tina sanubari anu suci bisa ngèlèhkeun sagalana,” saur Ki Madi mungkas caritana.

“Kiwari mah nu aya ogè sanès Lutung Kasarung Aki, tapi lutung disarung, buntutna ogè lain di tukang tapi di hareup,”cèkèng tèh mairan.  Aki Madi teu nèmbalan, kalah kerung.

“Muhun, disarung tèh ngahajakeun dirina ancrub kana jurang kanistaaan, sanajan nyaho yèn èta tèh salah, lantaran kaberung ku nafsu tèa, kayaning korupsi gasab kana barang batur. Buntutna dihareup tèh maranèhanana geus teu boga kaèra, kagorèngan tèh ditembrakeun, aèb anu sakuduna disumputkeun, hayoh ngadon ditèmbong-tèmbongkeun, taya kaèra pisan. Ceuk lagu Ebiet G. Adè tèa mah geuning bangga dengan dosa-dosa.”

“Aèh enya, nya. Dina papakèan ogè pan kitu geuning, sagalana mani dibukakeun, dimurah-marèh pisan. Padahal pakèan  jeung budaya ciptaan bangsa deungeun tèh can tangtu payus keur bangsa urang, èh ieu  mah mani asa pangmodèrènna lamun geus make tur lumampah kawas kitu. Malah jigana tèh, budaya hirup teu kakurung ku nikah, alias kumpul kebo tèa geus mimiti ngaraksuk. Bari jeung teu euleum-euleum diaku terus terang deuih. “

Beuh dunya tèh geus tibalik nya, loba anu hirupna nurutan sato.