Hariring-Dadang-HPDONGENG anu cenah singgetan tina ngabobodo budak céngéng, nyaéta rangkéyan carita anu dikarang saterusna dicaritakeun ka barudak leutik saméméh saré sangkan éta budak répéh, henteu céngéng. Padahal dina kanyataana baheula mah, kabisaan kitu (ngadongéng) téh lain ngan saukur pikeun budak céngéng wungkul, tapi umum dipigawé ku kolot-kolot baheula ka barudakna ( sabab ayeuna mah geus tara pisan). Saliwat mah ngadongéng téh jiga anu taya hartina, sabab anu dicaritakeunana, ngan ukur carita-carita sasatona kayaning sakadang Kuya, Sakadang Monyét, Sakadang Peucang, atawa Sangkuriang Kabeurangan.

Padahal lamun dititénan kalaya daria, cara kawas kitu téh loba pisan mangfaatna, kahiji, ngadeukeutkeun rasa antara kolot jeung anak-anakna, sabab dina mangsa éta (saméméh saré), wanci anu pangrinéhna pikeun nanyakeun kaayaan budak boh keur di sakola tadi beurang atawa anu aya patalina jeung pangajaran anu ditarimana, diantarana geus ngagawéan PR encan, naha budak téh bisaeun atawa henteu. Kaduana, waktu anu panghadéna pikeun melakkeun niléy-niléy moral etika, budaya indung bapana (karuhunna) ka barudak, ngaliwatan dongéng-dongéng anu disebutkeun di luhur.

Kunaon pangna kitu, lamun diperhatikeun kalayan daria eusina anu didongéngkeun téh nyaritakeun antara ahlak anu alus jeung nu goréng, anu salah jeung nu bener, anu salah tur kalakuanana goreng bakal meunang hukuman, anu bener jeung kalakuanana alus, bakal meunang ganjaran jeung pahala. (Boa-boa para koruptor kaasup Gayus jeung nu séjénna baheulana teu pernah didongéngan Sakadang Monyét anu dikurung ku patani)

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Ngaliwatan dongéng barudak éta uteukna diajak mekar, tur bisa ngambah ka alam séjén, kayaning bulan jeung planet séjénna. Salah sahiji dongéngna téh nyaéta Nini Antéh jeung Ucingna si Candramawat téa.

Nini Anteh nyaéta dongeng masarakat Sunda anu nyaritakeun yén aya nini-nini anu teu eureun-eureun ninun bari dibaturan ku ucingna, Si Candramawat. Saur Kang Taufik Ampéra, dina situsna nyebutkeun yén dongéng Nini Antéh carita ngeunaan ngambahna manusa ka ruang angkasa. Carita ieu ngajéntrékeun lamun para sastrawan buhun mibanda kamampuan pikeun ngimplengan alam séjén satuluyna dicaritakeun dina karya sastrana. Nini Antéh lain carita bidadari anu turun ti kahyangan tapi manusa dunya anu bisa ngambah ka jomantara tur cicing di bulan. Dongéng geus aya rébuan taun saméméh astronot ti Rusia jeung Amerika napakeun sukuna di bulan.

Lamun dilenyepan kumaha Nini Antéh bisa ka bulan ku jalan leumpang dina awan bodas, bari disaléndang anu lain sambarangan, cenah.
Dongéng Nini Antéh, anu boga lalakonna istri, mangrupa simbol atawa wangunan panghargaan masarakat Sunda ka kaum istri, sakumaha anu dicontokeun dina agama yén surga aya dina tapak suku indung, atawa paribasa munjung kudu ka indung, sabab indung anu ngakandung. Malah jigana mah pamilihan bulan ogé teu sambarangan, bisa jadi di jaman harita mah, bulan téh ngagambarkeun tempat anu pangluhurna. Sanajan Nini Antéh geus meunang kahormatan anu kacida luhurna, anjeunna tetep ngajaga kudratna, minangka kaum ibu, ku jalan tetep ninung jeung ngajagaan ucing sarta nunjukeun bakti hiji istri ka carogéna, sabab lawon éta bakal dipasihkeun ka si Aki lamun geus bérés. Atuh sangkan ulah kalajoanan cicing wé di bulan nepi ka aya pupuh pikeun ngageroanana :

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

ieu nini ucing nyusul sorangan indit di langit
kadieu ninggalkeun bulan, meureun hayang milu ulin
ucing teh liwar kacida,cik urang sintreuk sing tarik
eta nini ulah kitu,masing karunya ka ucing
keun bae hayangeun incah,heunteu beda kawas nini
lah enya nini karunya, hayu ucing urang ulin


Dongéng Nini Antéh, jeung nu séjénna bisa jadi ayeuna mah loba nu teu arapaleun, sabab barudak ayeuna mah leuwih loba cicing dihareupeun PS, anu diimpor ti luar nagri. Bari jeun urang ogé teu apal naha, eusi pamaénan éta téh saluyu jeung budaya urang ? Atawa bisa jadi di jerona téh eusina pangajaran-pangajaran anu papalimpang jeung teu saluyu jeung akar pangajaran karuhun urang.  Tibatan ngadongéngkeun anu matak ngaruksak uteuk budak, mending dongéngkeun Nini Antvh, sugan wé anak, incu urang jadi astronot.

============================================================
============================================================
============================================================