Hariring-Dadang-HPKAMARI di Kemuning Gading, mani ramè pisan, nepi ka heurin usik. Cenah aya K a Seto. Kulantaran leuwih ti misti nu daratangna, nepi loba anu teu kabagian diuk, hawana karasa panas pisan guru  jeung  kepala sakola nu milih cicing di luar bari ngobrol jeung sasamana. Kulantaran anu ngobrolkeunna guru jeung kapala sakola, geus pasti anu diobrolkeunna pasti urusan pendidikan. Eta mah geus jadi hokum “alam”, lamun pangusaha ngobrol jeung pangusaha, pasti urusan usaha. Tukang bèca jeung tukang bèca tangtuna urusan narik panumpang nu beuki hèsè, jeung kasusah hirup.

“Dunya pendidikan urang mah sigana tèh gumantung pisan pamingpin di luhurma. Ganti pamingpin ganti kawijakan. Tinggal wè urang anu dihandapna paciweuh nyaluyukeun jeung kahayang anu di luhur,” ceuk salah saurang kapala sakola anu tugasna di Kacamatan Bogor Barat.

“Sumuhun kitu kang. Palebah guruna anu rancagè mah teu pati hèsè, ngan marengan anu rada kurang pinter mah, mani kudu bulak-balik ngajelaskeun,”ceuk kapala sakola anu mancen tugas di wewengkon Bogor Tengah. Urusan penadidikan di Kota Bogor, boa di tempat sèjèn ogè kitu, kaasup teu nyambung antara anu diajarkeun di sakola dasar jeung waktu asup ka SMP.  Di sakola dasar, ceuk èta kapala sakola, barudak diajarkeun pendidikan berkarakter diantarana ngeunaan ahlak, ngutamakeun kajujuran, taat agama, nurut ka indung bapa, lamun disimpulkeun mah sakumaha anu disimpulkeun dina Ngabogor Bodas, Ngabogor Bulao jeung Ngabogor Hèjo.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

“Tilu ngabogor ieu sabenerna geus asup kana pendidikan karakter. Jadi leuwih ngahasilkeun murid anu cerdas lain pinter,” ceuk anu tugas di Bogor Tengah. Cerdas jeung pinter jelas bèda pisan, cerdas leuwih kana sikep barudak, sawatara pinter mah ukur kana urusan uteuk anu hèncèr teu dibarengan ku ahlak anu alus. Tah pendidikan di sakola dasar saluyu jeung tujuan pendidikan nasional nyaèta anu didasarkeun kana Pancasila jeung UUD 1945 amu sumberna nilèy-nilèy agama, kabudayaan nasional Indonesia sarta saluyu jeung parobahan jaman.

“Tah anu rada bingung tèh mangsa nyanghareupan asup sakola ka SMP anu ayeuna mah  ku cara PPDB on line,” ceuk inyana. Sabab dina PPDB On line mah, patokanna tèh ngan ukur ku NEM wungkul anu di sababaraha daèrah urusan anu kitu mah bisa diatur. Sakuduna mah salian ti NEM tèh aya factor sèjèn anu kudu diperhitungkeun nyaèta buku kapribadian lain ngan saukur NEM wungkul.

“Balukarna sakola anu nerapkeun sistim kajujuran, henteu “nulungan” muridna ku cara-cara kotor, èstu ngandelkeun kamampuan muridna rada arang asup ka sakola pavorit, sabab èlèh ku sakola sèjèn anu bisa ngaluarkeun NEM badag pikeun murid-muridna,” ceuk kapala sakola anu tugasna  di Bogor Barat.

“Tapi pikeun kuring mah teu jadi pasualan, nu penting kuring jeung rèngrèngan guru bisa nerapkeun kajujuran ka anak didik kuring. Sabab lamun di sakola dasar  waè geus diajarkeun curang kumaha  nasib nagara ieu kahareupna,” pokna daria pisan. Salah sahiji  cara pikeun ngungkulanna sangkan teu tinggaleun, nya kudu dlobakeun pangajaran tambahan husus ngeunaan soal-soal anu bakal diujikeun mangsa rèk ujian. Balukarna  muris loba anu kakurangan waktu ulin, lamun terus-terusan kitu waè, lain taya rèsiko, barudak tèh jiga anu kurang sumanget sabab loba teuing “beban” pendidikan teu saluyu jeung kayaan mental dina umuran sakitu.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

“Lamun maranèhna kurang pinter babagi waktu antara diajar jeung ulin anu mèmang dina saumuran sakitu mah diperlukeun pisan, bisa stress tah maranèhanna.”

Tètèla nyiptakeun pendidikan anu saimbang sarta ngahasilkeun generasi anu mibanda karaktèr hade saluyu jeung tujuan pendidikan nasional tèh teu gampang, komo lamun ganti pingpinan ganti deui kawijakanna. Sigana nu ngalaksanakeun program di handap boh kapala sakola atawa para guruna kudu bener-bener rancagè dina nyanghareupan paroban èta. Jadi guru di jaman ayeuna mèmang teu gampang, kudu pinter jeung motèkar sarta teu loba ditungtut ku urusan administrasi komo potongan-potongan duit anu taya dasarna. Pikeun anu geus PNS mah sigana teu pati jadi pasualan, pikeun anu statusna masih honor mah, jadi pasualan anu rada beurat. Ulah nepi ka anu diajarkeun di SD  sarta mangsa asup ka SMP jadi teu nyambung.

============================================================
============================================================
============================================================