Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR mangsa ngora kènèh kungsi milu “kursus†motivasi anu dilaksanakeun ku Kubik, anu dicaritakeun ngeunaan energy negative jeung positif. PangajaÂran anu teu poho nepi ka ayeuna, disebutkeun yèn sakabèh sikep atawa paripolah, boh nu hade atawa nu gorèng disimpen di hiji tempat anu aya di alam dunya. Sarta sawaktu-waktu bakal diÂtumibakeun ka nu ngalakonana anu mangsana teu bisa diperÂkirakeun iraha datangna, bisa cepet bisa lila.
Mun teu salah carita kahiji dimimitian ku urang Negro tuÂkang ngajual koran. Eta tukang koran unggal isuk, nganteurkeun koran ka langganana. Dina hiji mangsa, keur usum salju kaayÂaan meujeuhna tiris, sawatara manèhna can sarapan pisan. Di hareupeun hiji imah gedong, èta tukang koran ngadon istirahat bari rèk mikeun koran ka nu boga imah èta Lantaran beuteungna kosong, ampir salatri mangsa rèk ngetrok panto.
Ngan untungna, anak nu boga imah, budak awèwè mukakeun panto, bari tuluy nitah asup sarta mangnyieunkeun sagela susu paÂnas. Puguh wè, kacida bungahna èta tukang koran tèh. Sababaraha puluh taun ti dinya, budak awèwè èta gering parna, harta banda bapana bèak dipakè ngubaran manèhna.
Saentas operasi, sarta kudu mayar gedè pisan, kulawargana bingungeun kumaha mayarna. Tapi heuleut saminggu, sakabèh tagihanana geus lunas. Puguh wè kulawargana bingungeun, saha jalma bageur anu geus mangÂmayarkeun waragad parawatan anu sakitu gedèna.
“Anjeun geus mayar sakabèh waragadna ti heula, ku sagelas susu panas.†ceuk Direkur rumah sakit, anu tètèla baheulana tuÂkang koran tèa. Anu kadua, aya dua sobat, gawè di pamarèntahÂan. Nu hiji mah hirupna ngan sauÂkur ngandelkeun gajih wungkul, daèkeun tulip –tilep, komo nepi ka ngagasab duit rahayat, dalah anu mere ogè, ceuk basa kiwari mah ngaranna gratifikasi ogè emÂbungeun, hirupna basajan pisan.
Bèda jeung babaturaÂnana make ajian mangpang meungeung, jabatan disalahÂgunakeun pikeun makaya diri sorangan. Tunggul dirarud catÂang dirumpak, nu penting jadi duit. Anggaran proyèk disunat, aturan anu teu meunang dimeuÂnangkeun, ah pokona mah asal jadi duit wè, urusan halal jeung haram jadi nomer sapuluh.
Hirupna mèwah pisan, imahna salian ti gedong sigrong lain ngan saukur hiji deuih, di unggal komplèk paimahan aya, mobil balatak, teu sirikna anak pamajikanana hiji sèwang, sawah ublug-ablag, ah pokona mah jadi raja kaya wè, tah pajabat anu kadua mah. Dina panungtunÂgan carita anu jujur jadi jalma senang, anak-anakna jaradi jalÂma, imahna sigrong diharadèan ku anakna, kitu ogè mobilna.
Pajabat anu korupsi tèa? NyÂiruruk di tempat leutik bari ngonÂtrak ngan sorangan deuih. AwakÂna geringan, pamajikanana kabur ninggalkeun, kusabab mangsa manèhna keur jeneng hirupna rucah, resep jajan daging atah, pamajikanana remen dinyerÂikeun. Anak-anakna sakabèhna musingkeun, tong boroning juÂnun sakola jeung gawèna, pikeun kahirupan sapopoèna gè angger “tapa†mènta ka bapa.
Harta bandana ledis, alatan kudu nyanghareupan pasualan hukum, sabagèan deui dipakè uubar, ngobatan panyakit beurat anu tumiba ka dirina, sarta teu cageur-cageur. Biaya hirupna dibantuan ku urut anak buahna anu keur manèhna ngajabat kaciÂda dikekeyekna, ku sabab diangÂgap bodo katoloyoh, embungeun diajar korupsi kawas dirina.
Harta, tahta, jeung awèwè atawa wanita (ambèh murwakanÂti) tètèla bisa moèkeun hate jalma, nepi ka poho kana temah wadi sarta lali kana purwadaksi.
“Tah meungpeung hirup kèÂnèh sarta aya kasempetan pikeun ngahadèan, anggursi sikep anu sagalana diduitkeun tèh geura dieureunan,â€ceuk Ki Tatang, ki sobat anu ayeuna jadi RT di Lampu Beureum. Komo deui anu urusanana jeung kawijakan anu nyangsarakeun rahayat, ataÂwa ngarumpak aturan nu geus ditetepkeun ku dirina sorangan mangsa keur ngajabat.
Geus puguh nyaho yèn izinÂna teu bisa dikaluarkeun sabab bakal ngaruksak jeung ngagaÂnggu katertiban, hayoh dipakÂsakeun, asal aya duitan, komo bari jeung gedè mah.
“Ulah asal jadi duit atuh, saÂbab bakal meubeut meulit ka diri, teu ayeuna nya isuk jaganing gèto mah bakal karadapan.â€pokna daria pisan. Beuh enya kitu Ki?
“Insya Allah, pangalaman nu eunggeus-enggeus gè kitu pan.!â€
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















