Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumang­sung di sakuliah Nusantara. Dina tipi jeung sababaraha Ko­ran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu ngan­tepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh.

Sabab pangna dilumangsung­keun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganya­hokeun geus nepi ka mana uru­san pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok.

Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus di­anggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak. Sabab ku dian­tepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus nitah murid-murid­na ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gamba­ran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ay­euna keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu ngariung.

“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur jalmi anu nye­batkeun ageman Sunda Wiwi­tan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?” manèhna nanya, teu gugur teu angin, teuing kasand­ingan “jurig “ ti mana tah.

“Kabeneran pisan, euy ka­mari aya incu datang catetan ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hayang nyaho,”saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tuluy dibaca.

Sunda wiwitan bisa di­hartikeun Sunda munggaran, Sunda mimiti, asli atawa sajati nyaèta agama atawa kapercay­aan sesembahan kana kakua­tan alam jeung karuhun anu di­lakonan ku urang Sunda buhun, diantarana aya di Kanèkès, Leb­ak, Banten Kidul, Sukabumi, Kampung Naga jeung Cigugur. Ceuk anu ngagemna, Sunda Wiwitan ieu geus aya samèmèh datangna agama Hindu jeung Islam. Dumasar kana kateran­gan ti puun kampung Cikeusik mertèlakeun yèn urang Ka­nèkès lain panganut agama Hin­du atawa Budha,tapi animisme, tapi kabèhdieunakeun kapan­garuhan Hindu jeun Islam.

Dina Carita Parahyangan ajaran ieu disebut Jatisunda. Ajaran Sunda wiwitan nem­patkeun Sang Hyang Kersa (Nu Maha Kawasa) atawa Nu Maha Kawasa ogè disebut Batara Tunggal , Batara Jagat atawa Batara Seda Niskala. Manten-NA lumahing di Buana Nyungcung, sedeng manusa jeung mahluk sèjènna nyicingna Buana Pan Tengah, sedeng anu panghan­dapna Buana Larang (naraka).

Antara Buana Nyungcung jeung Buana Tengah, aya 18 lapis alam, pangluhurna Bumi Suci Alam Padang (alam khayangan, Mandala Hyang). Anu kadua ti luhur nyaèta tempatna Sunan Ambu Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Sang Hyang Kersa soran­gan nurunkeun tujuh batara ka Sasaka Pusaka Buana, anu pan­gkolotna Batara Cikal tur diang­gap karuhun urang Kanèkès. Dasar ajaran Sunda Wiwitan nyekel dua poko nyaèta cara ciri manusa jeung ciri bangsa. Dina ciri manusa aya lima perkara, welas asih, undak usuk, tatakra­ma, budibasa jeung budaya.

Sanajan dina cara ciri bangsa basana umum, tapi dina ajaran Sunda Wiwitan aya bèdana nyaèta, rupa, adat, basa,aksara jeung budaya. Sa­kumaha aanu aya dina kitab Sunda Wiawitan nyaèta Siksa kanda(ng) Karesian. Agama ieu dina prak-prakanana ngalaman “kamajuan” pikeun ngahormat tempat-tempat anu dianggap suci jeung karamat kayaning kabuyutan anu disebut Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas, sarta tumut kana pa­patah dina tatanèn, dina aja­ranana loba larangan atawa pamali. Pamali anu ceuk urang Kanèkès mah buyut tèa.

“Tah aturan-aturan ieu anu diamalkeun ku urang Baduy Jero,” Ujang Kèmèd, tuluy ngarènghap bangun nu cape. Tepi ka ayeuna, ajaran èta tèh masih kènèh diagem jeung dilak­sanakeun, ceuk paribasana mah teu unggut kalinduhan, gedag kaangina, angger tumut tumuhu kana ajaran karuhunna baheula.

“Anu hèbatna, urang ditu mah teu wawuheun jeung silih sikut, silih hakan, silih jo­rag jeung sasamana. Bèda pisan jeung manusa ayeuna, anu ce­nah leuwih boga adab jeung pa­lalinter.”

loading...