Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumangÂsung di sakuliah Nusantara. Dina tipi jeung sababaraha KoÂran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu nganÂtepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh.
Sabab pangna dilumangsungÂkeun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganyaÂhokeun geus nepi ka mana uruÂsan pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok.
Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus diÂanggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak. Sabab ku dianÂtepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus nitah murid-muridÂna ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gambaÂran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ayÂeuna keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu ngariung.
“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur jalmi anu nyeÂbatkeun ageman Sunda WiwiÂtan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?†manèhna nanya, teu gugur teu angin, teuing kasandÂingan “jurig “ ti mana tah.
“Kabeneran pisan, euy kaÂmari aya incu datang catetan ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hayang nyaho,â€saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tuluy dibaca.