Hariring-Dadang-HP SALAHSAHIJI kasenian anu pituin Sunda nyaèta angklung anu wadi­trana dijieun tina awi, tur laras nadana loloban salendro jeung pèlog. Malah geus didaftarkeun minangka Karya Agung Warisan Lisan jeung Nonbendawi Manusa di UNESCO ti mimiti taun 2010. Jadi lamun geus kieu mah moal bakal aya anu ngaku-ngaku deui.

Angklung tètèla loba jinisna aya Angklung Kanèkès, Dogdog Lojor, Gubrag, Badèng jeung Buncis. Taya katerangan anu pasti, tapi ceuk dina Kang Wiki­pedia mah, bisa jadi dina wan­gun kabaheulaan geus aya keur jaman kultur anu mekar di saku­liah Nusantara nepi ka panang­galan modern tur mangrupakeun bagèan tina relik pra-Hinduisme (samèmèh jaman Hindu) dia ka­budayaan Nusantara.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Catetan ngeunaan angklung kakara aya dina mangsa Karajaan Sunda abad ka 12 nepi ka abad 16, saluyu jeung kabiasaan masara­kat Sund anu agraris. Kitu ogè sakumaha anu dicaritakeun ku Aki Haji Jatnika ti Yayasan Bambu Indonèsia, yèn urang Sunda dina kahirupanana ti mimiti lahir nepi ka maotna teu leupas tina awi.

Nepi ka aya paribasa pet ku hinis (samangsa lahir) sarta sawaktu mulih ka jati mulang ka asal, pan awi mah angger maren­gan. Kitu ogè amanat Prabu Haur Konèng sangkan urang Sunda melak awi lamun hayang dijauh­keun tina hèsè dahar. Dina buda­ya Sunda baheula, seni angklung rada deukeut jeung ka Nyi Sri Pohaci minangka lambang Dèwi Parè, anu mere kahirupan, hirup jeung huripna.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Di Kanèkès misalna, angklung digunakeun pikeun upacara adat sawaktu ngamimitian melak pare, sakumaha anu dilumang­sungkeun di Kanèkès, lain ngan saukur pikeun hiburan wungkul, angklung disadakeun sawaktu melak pare di huma, ditabeuhna aya anu dikurulungkeun uta­mana di Baduy Jèro (Tangtu) aya ogè dina wirahma anu tangtu, contona di Baduy Luar. Kajeroan (Tangtu; Baduy Jero), dan ada yang dengan ritmis tertentu, yai­tu di Kaluaran (Baduy Luar).

============================================================
============================================================
============================================================