Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAHSAHIJI kasenian anu pituin Sunda nyaèta angklung anu waditrana dijieun tina awi, tur laras nadana lolo­ban salendro jeung pèlog.

Malah geus didaftarkeun minang­ka Karya Agung Warisan Lisan jeung Nonbendawi Manusa di UNESCO ti mimiti taun 2010. Jadi lamun geus kieu mah moal bakal aya anu ngaku-ngaku deui.

Angklung tètèla loba jinisna aya Angklung Kanèkès, Dogdog Lojor, Gu­brag, Badèng jeung Buncis. Taya kater­angan anu pasti, tapi ceuk dina Kang Wikipedia mah, bisa jadi dina wangun kabaheulaan geus aya keur jaman kultur anu mekar di sakuliah Nusan­tara nepi ka pananggalan modern tur mangrupakeun bagèan tina relik pra- Hinduisme (samèmèh jaman Hindu) dia kabudayaan Nusantara.

Catetan ngeunaan angklung ka­kara aya dina mangsa Karajaan Sunda abad ka 12 nepi ka abad 16, saluyu jeung kabiasaan masarakat Sund anu agraris. Kitu ogè sakumaha anu dicari­takeun ku Aki Haji Jatnika ti Yayasan Bambu Indonèsia, yèn urang Sunda dina kahirupanana ti mimiti lahir nepi ka maotna teu leupas tina awi.

Nepi ka aya paribasa pet ku hinis (samangsa lahir) sarta sawaktu mulih ka jati mulang ka asal, pan awi mah angger marengan. Kitu ogè amanat Prabu Haur Konèng sangkan urang Sunda melak awi lamun hayang di­jauhkeun tina hèsè dahar. Dina bu­daya Sunda baheula, seni angklung rada deukeut jeung ka Nyi Sri Pohaci minangka lambang Dèwi Parè, anu mere kahirupan, hirup jeung huripna.

BACA JUGA :  Kalap Makan Daging saat Lebaran, Coba 5 Makanan Ini yang Bisa Menurunkan Darah Tinggi

Di Kanèkès misalna, angklung digunakeun pikeun upacara adat sawaktu ngamimitian melak pare, sakumaha anu dilumangsungkeun di Kanèkès, lain ngan saukur pikeun hi­buran wungkul, angklung disadakeun sawaktu melak pare di huma, dita­beuhna aya anu dikurulungkeun uta­mana di Baduy Jèro (Tangtu) aya ogè dina wirahma anu tangtu, contona di Baduy Luar.

Kajeroan (Tangtu; Baduy Jero), dan ada yang dengan ritmis tertentu, yaitu di Kaluaran (Baduy Luar). Sana­jan kitu, di saluareun melak pare, osok ogè dimaènkeun mangsa ngubaran pare, anu lilana tilu bulan saentas melak.

Sedengkeun salila genep bu­lan saterusna dipahing pisan pikeun dipaènkeun. Malah dina ngasupkeun angklung ogè, teu meunang samba­rangan, aya aturanana, anu disebut musungkeun angklung tèa.

Dina mintonkeun hiburanana ogè biasana di buruan atawa tempat anu lega mangsa caang bulan. Kawih anu ditembangkeunana diantarana, Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Deng­dang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceu­kna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reun­dang, jrrd.

Ngaran-ngaran angklung di Kanekes ti mimiti anu panggedèna nyaèta an­gklung indung, ringkung, dongdong, gunjing, engklok, indung leutik, torolok, dan roel. Bedug anu pangpanjangna, bedug, talingtit, dan ketuk.

Sedeng di wewengkon Bogor tegesna di Kampung Cipining Kaca­matan Cigudeg aya anu disebut Ang­klung Gubrag. Numutkeun katerangan Abah Rusèn carita disatukangeunana kawilang ahèng. Angklung Gubrag geus aya di jaman Karajan Pajajaran, sakurangna dina abad ka 16.

BACA JUGA :  Lontong Tetap Segar dan Awet Hingga 2 Hari, Ini Dia Rahasianya

Anu nyiptakeunana, nyaèta Buyut Muhtar, anu harita mah pamuda anu belejag kènèh, dina kaayaan buta tu­lang buta daging. Dina mangsa harita, kaayaan di wewengkon sabudeureun dinya ngalaman halodo anu kacida lilana, leuwih ti katiga, taneuh sawah bareulah, tatangkalan pararaèh, wa­hangan ngolètrak, harianeun sumur mah geus saat caina.

Muhtar anu harita pemuda kènèh cenah mah meunang pituduh pikeun “tapa” di salah sahiji gunung anu aya di wewengkon dinya lilana 40 poè. Ce­nah mah Nyi Pohacina bendu. Bèrès mujasmedi, anjeunna meunang pi­tuduh pikeun nyieun angklung.

Singket caritana angklungna tèh bèrès wèh dijieun, tuluy ku sababara­ha urang angklung tèh di tabeuh, teu kungsi lila gubrag wè hujan badag. Tah ti harita angklung beunang nyip­takeun Buyut Muhtar tèh dingaranan Angklung Gubrag anu tujuanana nga­datangkeun hujan.

Angklung Gubrag anu dijieun tina awi hideung, sanajan umurna geus ratusan taun, barangna masih kènèh beleger disimpen di salah sahiji bumi katurunan Buyut Muhtar di Kampung Cipining Dèsa Argapura Kacamatan Cigudeg.

Malah nepi ka ayeuna ogè masih kènèh mibanda kaahèngan, pikeun katurunana. Nu jelas mah, angklung ieu mangrupa titinggal budaya anu luhur ajènna. (*)

============================================================
============================================================
============================================================