Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
IEU mah kajadianana lain di wewengkon urang, lain di nagara urang deuih, teuing dimana boa, di hiji karajaan antah baranÂtah bari jeung kajadianana taun sabaraha boa, ceuk itungan Jaman harita sakumaÂha anu dicaritakeun di luhur aya Sènapati ngaranna Arukamuning. Kalakuanana tèh mahiwal pisan jeung sènapati sèjènÂna, resep pisan ngahakanan pajeg raÂhayat, mabok-mabokan jeung ngaranyèd pamajikan batur.
Tapi lantaran manèhna boga pangÂkat jeung sakti, tur loba baladna, rahayat anu kungsi didzoliman tèh teu bisa nanÂaon, ukur pasrah narima kana nasibna. Tong boroning ngalawan, ku nyaritakeun kajadian anu tumiba ka kulawargana geus teu wanieun, sieuneun nepi ka SeÂnapati, sabab loba pisan mata-matana. Teuing boga èlmu naon tah, sanajan kalakuanana gorèng adat, loba pisan nu ngabèlanana. Naha aya gawè bareng kitu antara Arikamuning jeung anak-buahna? taya anu bisa mastikeun. Di nagara èta, Mulang Ti Kaanggagangan, unggal sènapati jeung balad tentarana boga pancèn sèwang-sèwangan. Aru KamunÂing pancènna tèh ngajagaan tepis wiring tengah peuting.
Mèmang beurat, mangsa nu sèjèn mah keur nyègrèk, neuleuman alam panÂgimpiananana, Senapati Aru Kamuning mah kudu ngalanggang nagara, ngaroÂris nagri hususan di tepis wiring, atawa wates nagara. Pangna kudu dijaga tèh kaayaan nagara keur kurang aman, loba rampog jeung maling. Komo rombongan rampog anu digegedugan ku Tamut DuÂruwèksa, kacida telengesna. Lain ngan saukur ngagalaksak harta banda wungÂkul, malah kampung anu didatanganana tèh nepi ka dibeuleumna. Ceuk riwayat, sabenerna antara Tamut jeung Aru tèh sabenerna saguru saèlmu, ngan bèda naÂsib wungkul. Arum ah meneran bisa diÂtarima jadi sènapati di nagara Hulu Lauk, sedengkeun Tamut Duruwèksa mah reÂsepna leuleuweungan.
Tah kulantaran baheulana kungsi di tempat anu sarua, rombongan Tamut tèh teu pati daèkeun ari kudu ngaranjah ka wewengkon kakawasaan Aru KamunÂing mah. Tapi ngaranna ogè rampog, ari keur lapar-lapar teuing jeung mangsa nu jagana lain sobat baheula mah nya kitu tèa, sok aya kapanasaran. Kitu ogè Aru Kamuning, dina urusan kasaktian mah manèhna ogè ngarasa yèn èlmuna tèh aya di sahanapeun. Pikeun ngajaga kahormatan dirina sangkan ulah nepi ka ngaranjah ka tempat gawèna, manèhna cicing-cicing sok mere jatah prèman, Japrèm tèa. Sabab ceuk pikirna lamun kabutuhanana kacumponan mah, pasÂtina ogè moal ngaco teuing. Tah pikeun nyumponana kapaksa, Aru Kamuning tèh sok nitah anak buahna, “metikan†harta banda rahayatna tengah peuting. CoÂhagna mah pager ngahakan pepelakan, atawa bisa ogè disebutkeun nitipkeun hayam ka heulang.
“Ngan teuing kunaon, sanajan kalÂakuanana kitu, èta Sènapati tèh diangÂkat jadi wawakil patih,â€saur Aki Mardud. Malah diumukeunana ogè ku Raja tèh di alun-alun, make upacara kanagaraan sagala. Dina waktuna, sakumaha biasa, gegedèn anu kakara diangkat sok dibèrè kasempetan pikeun nyarita. Sanggeus dibèrè waktu, ngong wè Aru Kamuning tèh bèantara.
Anu haladir di tempat èta, kabèh ogè kasima, mangsa ngadèngè Aru Kamuning pidato tèh, malah Raja ogè mani unggut-unggutan.Anu dicaritakeun Aru KamunÂing tèh lolobana ngeunaan kumaha beurÂatna ngajaga tepiswiring.
“Teu saeutik rampog anu kapaksa ku kuring dipaèhan kusabab teu bisa dinasèhatan mangsa katèwak ku kurÂing dipapatahan sina tobat balik deui ka jalan bener,â€ceuk Aru Kamuning. Bari mapatahan ka pasukan jagapati anu aya sangkan jujur, junun jeung bèlapati ka nagarana.
“Asa rada ningnang Ki, lamun Aru Kamuning bisa ngomong kitu hareupeun Raja jeung rahayatna, pan manèhna ogè lain jalma bener, lin,†ceuk kuring panaÂsaran.
“Puguh nya kitu, di hareupeun mah balatentara tèh ungut-unggutan ngaeÂnyakeun, malah loba anu ngagorowok hirup Aru Kamuning…Hirup Aru KaÂmuning, cenah. Ngan saèntas upacara kabèhna ogè ngaromongkeun, cik atuh mèmèh nyarita tèh ngariksa diri heula, naha dirina tèh geus bener. Pan sarèrèa ogè nyahoeun kalakuanana.â€
“Tah nu kitu ngaranna beungeut nyanghareup ati mungkir.â€
Di jaman kiwari ogè loba Arikamuning anyar, siga nu enya di hareupeun nu pingÂpinanna mah, hareupeun rahayat, bangun nu alim, jerona mah maling gerot tah. (*)