Ditulis oleh: DADANG HP
SALAH sahiji panyakit hampang, tapi lamun diantepkeun bakal jadi mamala gedè nyaèta asup angin, sanajan ceuk dokter mah taya kategorina. Ciri-cirina awak paranas tiris, teu ngeunah dahar, komo udud mah karasana pait, hèsè sarè, jeung lamun dikerok sok beureum. Enya sabenerna mah teu kudu ngalaman kataraÂjang asup angin, sabab pan ungÂgal usik, unggal ngarènghap teu sirikna anu diseuseup tèh “anÂginâ€, tapi mangsa sagalana loba teuing (kaleuleuwihi) jadi panÂyakit, teu bèda ti dahar sangu, pan mangsa leuwih tina ukuran mah, jadi kamerekaan lin. UkuÂran anu pantes pikeun sagalana sacukupna dina sagala hal èta tèh, sagala pagawèan jeung sikep anu ditambahan ku kecap teuing, biasana sok jadi gorèng, bageur teuing, galak teuing jrrd. KandaÂraan ogè, hususna anu BBMna soÂlar atawa diesel, lamun geus asup angin, sok mejejes, malah tara daèkeun hirup, sanajan sababaraÂha kali distarter ogè. Lamun hayÂang hirup biasana anginna kudu dipiceun heula, Kitu ogè rèm mobil, lamun aya angin palsuan, kudu dikocok heula, sangkan bisa pakem. Tapi tangtuna dina kaayÂaan kitu bakal ngabahayakeun, pikeun amanna nya angin palÂsuna kudu dipiceun heula. Tètèla anu palsu tèh lain ngan duit, buuk jeung huntu wungkul, dina istilah bèngkèl mah geuning aya angin palsu sagala. Ngan teuing kumaha wujudna tah, can kawèÂnèhan nempo.
Naha asup ngabahayakeun?, bisa jadi lamun geus kadalon, ataÂwa ceuk basa Malayuna mah anÂgin duduk tèa, nepi ka hanteuna, sabab lila-lila bakal nyesek, eunÂgap malah ceuk Pa Eddy mah tuÂluyna nepi kana jantung. Lamun geus nepi ka lebah dinya, sok nepi ka hanteuna. Ngubaranana, kumaha kabiasaan, aya anu kudu ka dokter ahli, Puskesmas, aya ogè anu cukup dikerok atawa diÂurut, dikaluarkeun anginna, caÂgeur wèh.
Istilah asup angin ogè, kiwari dipakè pikeun para pagawè atawa pajabat anu narima setoran. boh leutik atawa gedè. Tangtuna ti para pangusaha anu rèk arusaha sarta aya patalina jeung urusan idzin jeung panegakan peraturan daèrah (Perda). Pajabat anu keuÂna angin badag, nepi ka asup anÂgin kadalon, biasana api-api teu nyaho, mangsa aya palanggaran di hareupeun panonna. Pikeun ngabèlaan atawa api-api teu nariÂma, èta pajabat sibuk nèangan alesan pikeun ngabenerkeun, anu panggampangna nyebutkeun yèn izinna keur diprosès, padaÂhal mah boro-boro. Lamun geus diramèkeun di koran atawa maÂsarakat aya anu demo kakara paÂhibut, nèangan alesan jeung jalan kaluarna sangkan katempo dirina bersih. Ku sababaraha pangalaÂman teu anèh lamun aya nu nyarÂitakeun, adegkeun jeung wanÂgun wè heula, urusan izin mah kumaha engkè atawa ti tukang. Jigana mah loba para pajabat anu nyokot istilah ti Wapres baheula almarhum Adam Malik (tapi salah prakna) Semua Bisa Diatur.
Kulantaran kitu, nepi aya nu ngagambarkeun lamun rèk muka usaha, kawas meunangkeun parawan, (punten) reuneuhan wè heula, kawin mah di tukang. Naha aya kitu pajabat di urang anu asup angin? Lamun nempo cicirènna ma, sigana tèh aya, malah loba. Sababaraha kajadian anu dibejakeun dina koran, aya indikasi ka lebah dinya. Mudah-mudahan wè asup anginna tèh henteu nepi kadalon, sabab lamun geus jauh teuing, bakal maèhkeun rasa atawa rumasa. Lamun geus keuna panyakit ruÂmasa, biasana tunggul dirarud catang dirumpak, urusanana kumaha engkè, lain èngke kumaÂha. Disebut èngkè kumaha tèh lain cilaka keur dirina wungkul, tapi generasi anu bakal datang, anu bakal ngeusian jeung neruskeun. Ulah ngan saukur dibèrè paningÂgalan kabingung jeung tulang-talèngna. Urang anu ayeuna aya mah, sigana moal nepi ka dua puluh taun deui, kumelendang di alam dunya tèh. Engkè mah bakal sarua ngeusian hiji tempat anu ukuranana ngan saukur dua kali hiji meter, bari ukur make boèh sarta nu bakal maturanana ukur amal-amalan wungkul. Numatak pikeun anu ayeuna ngarasa asup angin, buru-buru ubaran, boh ka Puskesmas, dokter atawa cukup dikerok. Bisi kadalon mantèn, sabab lamun diantepkeun lain ngan ukur asup angin, bisi nepi ka asup anjing. Tah èta mah tarikÂing picilakaeun. (*)