Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KAMARI mah langit tèh langit mani lènglang, beresih, tiisuk nepi ka sore taya tanda-tanda pi­hujaneun, komo deuia malem Ahad, anu disebutna tèh malem panjang, padahal mah, sarua waè, rèk malem Sènèn, Salasa jeung peuting sèjènna teu jauh bèda. Sugan pèdah isukna perè, hen­teu gawè jadi teu perlu hudang isuk-isuk, rada rinèh, rèk hudang beurang ogè.

Pikeun anu geus garawè mah, poè pèrè tèh bener-bener di­mangpaatkeun keur kulawargana, boh ngaroris imah, menerkeun kentèng anu bocor, beberesih bu­ruan, nganjang ka dulur-dulurna, atawa lamun anu boga duit mah, jalan-jalan jeung kulawargana, nga­brangbrangkeun pikir, atawa saka­dar mere hiburan ka kulawargana.

Poè perè ogè digunakeun pikeun ngalaksanakeun karesep­na, upamana waè anu resep nguse­up. Ti peuting kènèh geus popolah nyieun eupan jètu. Tah lamun geus kitu, komo mangsa kukumbul geus lup=lep aya anu nyorang mah, sa­galana ngadadak poho, poho kana hutang jeung sagalana, malah cenah mitoha ngaliwat ogè teu katempo. Waktu tèh teu karasa, Lohor liwat, Ashar kalangkung, in­get-inget tèh geus rup-reup Magrib.

Kayaaan jiga kitu tèh geus pasti kacida diarep-arepkeunana, komo pikeun para rumaja anu keur ‘jatuh cintrong’mah, poè tèh mani asa karasa lila, hayang geura-geura peuting, pastina ogè hayang nganjang ka bèbènèna. Ti sore kènèh geus èjègèlèr teu daèk cic­ing, baju anu pangalusna geus di­setrika, nepi ka sababaraha balik, make panyengit.

BACA JUGA :  Resep Membuat Mango Sago di Rumah Dijamin Anti Gagal

Duit meunang ngolo ti ko­lot sababaraha kali diilikan dina dompètna bisi katinggaleun, keur nraktir kabogoh bisi hayang baso, atawa ngajak lalajo di Bioskop. Mangsa kiwari mah, apèl atawa nganjang ka bogoh tèh, loba pisan kandaraanana, boh motor atawa angkot, teu kawas baheula.

Lamun hayang kapanggih jeung bèbènè tèh kudu ngaliwatan ku­buran jeung tempat anu pararoèk, nepi aya istilah colèk-colèk manuk tuweuw, poè-poèk ogè ludeung. Baheula mah, komplèk kuburan atawa astana tèh, dipikasieun, ay­euna mah dipakè tempat bobogo­han, lumayan cenah, sanajan rada poèk ogè nu penting mah gratis, bari itung-itung ngabibita anu geus bèda alam. Bener, teu salah ceuk Wa Idar, ayeuna mah manusa jeung sakadang jurig tèh geus hare-harè, hirup sèwang-sèwangan, tara daèkeun ngaganggu.

Tah inget ka lebah dinya mah, jadi rada hariwang, komo mangsa maca dina Koran, barudak sakola ayeuna, boh anu SMP atawa SMA, sawaktu digaradah ku guruna tèh geuning marawa parabot pikeun anu kararitu, alat kontrasèpsi sa­gala. Padahal dipikir-pikir mah keur naon, make mamawa anu lain ‘hak’ jeung kawajibanana. Kawajibanana barudak sakola tèh pan meureun diajar sa-alus-alusna, sakola nepi ka junun, ulah migawè pagawèan sèjèn anu taya patalina jeung urusan diajar.

Lamun mamawa nu kitu, hèg kanyahoan atawa kadèngè ku ku­lawargana, moal teu sawan tah kolotna. Sakurangna boga pikiran gorèng mah kudu. Komo ninggang indungna anu boga panyaki jan­tung mah, boa jadi matak. Tètèla lobana informasi anu asup ka nag­ara urang tèh geuning disikepan ku robahna adat, kecap pamali anu baheula mah, kecap anu sakti ayeuna mah lir angina nu ngahili­wir, siga anu teu apaleu hukum ha­lal jeung haram. Padahal pangaja­ran agama geus kurang kumaha, di sakola, jeung di lemburna ogè aya.

BACA JUGA :  Kebakaran Hanguskan Warung Nasi Padang di Bandung, Diduga Gara-gara Bakar Ayam

Ngan sigana tèh teu nerap, tah meuereun PR tèh ayeuna mah kumaha carana sangkan panga­jaran agama nerap tur diprak­tèkeun dina kahirupan sapopoè. Sigana mah, nu pangalusna salian ti diajak ngobrol ngeunaan bahaya anu kararitu tèh, nancebkeu aja­ran agama sangkan ngagetih jeung ngadaging, kolotna kudu mere conto anu bener.

Ulah ngawowoy teuing baru­dakna, ku rupa-rupa barang anu bisa ngaksès anu teu araruni. Sa­bab mangsa pikiranna can panceg jeung can dèwasa, hèg disuguhan ku rupa-rupa tongtonan anu ngon­dang birahi, kapanasaranana tèh bakal nambahan, ditambah deui pan ayeuna mah alat kontrasèpsi tah ngaleuya, bisa dibeuli dimana-mana, komo deui bari jeung aya anu ngabagikeun bari haratis mah.

Sanajan enya, maksudna ba­bagi tèh ceukmaranèhanana mah alus, ngajaga panularan jeun sumebarna panyakit, tapi dis­agèdèngeun èta, sabenerna sarua jeung nitah migawè jinah. Anu perlu dipikiran tèh mana anu bakal timbul, naha mudaratna atawa maslahatna?

============================================================
============================================================
============================================================