Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

POÈ Jumaah, alusna mah, nyari­takeun nu aralus, komo anu raket patalina jeung kaagamaan mah. Komo deui samèmèh bedug ka hiji (aya anu dua kali atawa sakali) dita­beuh, geus siap-siap ka cai.

Malah afdolna mah, jauh kè­nèh samèmèh shalat Jumaah, geus cindekul di masjid. Ngan èta, si­fating manusa mah geuning kitu, geus mah datang pangpandeurina, mangsa Imam atawa Khatib keur khutbah tèh hayoh kalah ka ngu­linkeun “games” anu aya di HPna.

Caritaan Ki Endang Kosasih anu nyebutkeun yèn batu akik bisa ngu­rangan dosa, èstu kajadian pisan. Basa keur ngarariung di salah sahiji kantor, aya nu ngajalanan nyarita­keun “kagorèngan” ngeunaan salah sahiji pamingpin, jol Ki Endang di­barengan Haji Ono, leungeunna an­gkaribung ku babawaan.

Ari sugan tèh gorèngan sarupan­ing pisang gorèng, tahu, tèmpè ata­wa sabangsana. Horèng anu dibawa tèh batu akik. Atuh anu rèk nyarita­keun kabiasan salah sahiji pamingpin tèh kapegat ku ayana batu akik.

Numutkeun anjeunna, saentas asruk-asrukan di sababaraha tempat di Bogor, utamana wewengkon Ka­bupatèn, tètèla pisan, di Kacamatan Cariu beunghar pisan ku babatuan.

“Tah batu ieu, bahanna meu­nang kuring ngagali sorangan, sarta dibeulah jeung digosokna ogè ngahaja disaksian,”pokna bari ngèbrèh-ngèbrèhkeun batu akik anu lobana dua cepuk. Basa dit­anya, naha mani kudu cape-capè kukurusukan ka lembur lembur.

BACA JUGA :  Membuat Sambal Leunca Cabai Hijau untuk Santapan saat Makan Bareng Keluarga

Pan batu akik ayeuna mah, ngaleuya di mana-mana, ampir unggal puseur pangbalanjaan nya­diakeun tempat pamèran. Kitu ogè nu daragang batu akik, ngaleuya di sisi jalan.

“Ih, kuring mah hayang ngabuk­tikeun wè yèn di Bogor ogè, batu akik tèh loba jeung aralus, teu èlèh ku wewengkon sèjèn,”tèmbalna daria. Diantara koleksi batu akik anu asalna ti Bogor tèh, aya Yaman, Pamca Warna, Lumut, Badar Asam, Sangga Buana jeung nu lianna.

Tah batu akik sanggabuana mah, dumasar kana panitènan sarta geus dibuktikeun tètèla kawilang pang­teuasna. Ukuran teuasna tèh nepi ka 9 (salapan). Batu anu digali jeung digosok ku Kang Endang tèh, dian­tarana ti Kacamatan Cariu, Gunung Sanggabuana, sarta ti Cibèèt Kulon.

Wewengkon Sanggabuana, saur Kang Endang, sabeulah ka Karawang sabeulah deui asup ka Kabupatèn Bogor. Kitu ogè Cibèèt, saparona asup ka wewengkon Ka­bupatèn Bogor.

Jadi tètèla pisan Bogor ogè bogaeun puseur batu akik, komo deui salah sahijina (Sanggabuana) kawilang batu pangteuasn.

Urusan batu akik asli Bogor ogè, kuring meunang carita nu rada ahèng, basa pesen piala pikeun Lomba Ngabodor Sorangan di Kang Wahyu Kujang. Di Padepokan Guru Teupa, Katulampa, harita aya pagawè Pongkor anu keur mesen Kujang.

BACA JUGA :  5 Penyebab Kena Diare Setelah Lebaran

Ku Kang Wahyu Kujang, kur­ing diasongan bahan batu akik anu gedè pisan. Mangsa keur guluntun­gan kènèh mah teu katempo alusna.

“Tah yi, lamun nempo bah­anna mah, mèmang siga kurang alus. Tapi lamun geus jadi mah, tah kawas cingcin akang,”pokna bari nembongkeun batu cingcin Panca Warna anu rupana hade pisan.

Enya geuning teu salah, saentas dijadikeun mah geuning rupana tèh alus pisan, salian ti rupa-rupa warnana ogè kinclong pisan. Jadi tètèla pisan nèangan batu akik mah teu kudu jauh-jauh ka wewengkon sèjèn.

Di Jawa Barat sorangan anu rada kasebutkeun loba jeung aralus tèh nyaèta ti wewengkon Garut. Sedengkeun Bogor anu ceuk pan­gakuan Ki Endang kawilang loba jeung aralus, èlèh ku nu sèjèn.

Ari soal kakuatan jeung “mutu” mah tètèla teu èlèh ku nu sèjèn. Elèhna mah pèdah can atawa kurang kakoncara wungkul.

Salian ti èta, sanggem Kang Endang, anjeunna ogè hayang nga­jakan langsung ka tempat ngaga­lina, lamun aya jalma anu kurang percaya atawa cangcaya yèn di Bo­gor gudangna batu akik.

“Hayu urang babarengan ka tempatna, teu jauh ieu masih di Bo­gor kènèh, lamun kurang percaya mah,”pokna daria. Tapi kètang kang haji, percaya mah kedah ka Allah SWT nya. Hè…hè…hè..(*)

============================================================
============================================================
============================================================