Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA ngaliwat ka hareupeun salah sahiji toko di wewengkon Jambatan Mèrah kadèngè hawar-hawar sora gamelan anu biasa dit­abeuh mangsa keur pangantènan, mani asa mulangkeun panineun­gan, lain ka mangsa keur dira­palan atawa ka bale nyungcung, tapi jaman keur urang Sunda di imahna sèwang-sèwangan.

Sabab sakainget kuring ba­heula mah urang Sunda tèh rare­sepun nyetèl nu kararitu. Ayeuna mah geus rada arang tah, sabab geus kagantian ku lagu-lagu band jaman ayeuna, geus kitu loba ko­lot anu geus teu pati resepeun ngadèngèkeun kasèt atawa CD, kagantian ku acara dina televise.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Padahal musik atawa kakawi­han, bisa mangaruhan jiwa jalma anu ngadèngèkeunanana, sabab salian ti pikeun ngèbrèhkeun ideu-ideu jeung kaayaan jiwa, di nagara deungeun mah, musik tèh digunakeun pikeun ngarangsang paripolah, nepi ka di masara­katna aya kawih-kawih anu di­hususkeun pikeun ngahadirkeun katrengteman.

Saujratna sakabèh manusa sabenerna dibèrè anugerah ku Allah SWT, kabisa pikeun diajar jeung bakat ngeunaan naon waè. Salin ti lingkungan alam, jeung kajadian-kajadian sosialna, sarta tina pangalaman sorangan. Dina hal diajar ieu, ceuk urang Bogor mah, panta-panta, aya anu cepet nyerepna tèh aya ogè anu kudu sababaraha balikan, kitu ogè dina ngararasakeun kaèndahan wirah­mana.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Tah pikeun ngararasakan kumaha èndahna wirahma lagu, manusa perlu ngabiasakeun ngadèngèkeun heula. Salah sa­hiji contona, gamelan Bali, ceuk sèkèsèlèlèr saluaran Bali, anu kakara ngadèngè mah, asa teu pararuguh, tapi lamun geus sa­babaraha kali mah, kakara karasa kumaha èndahna wirahma anu dikaluarkeun tina gamelan ieu.

Salian ti sarana hiburan, bisa nyènangkeun hate, kusabab dina lagu mah aya wirahma anu diatur, musik sanajan henteu kudu ngarti anu dimaksudkeun ku nu nyip­takeunana. Numatak, loba anu nyebutkeun yèn musik mah si­fatna umum, atawa universal tèa.

============================================================
============================================================
============================================================