Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN rahayat ngarasa cangcaya tur mimiti kaleungitan kaper­cayaan ka para panyalanggara nagara teu bisa disalahkeun ku­sabab dibalukarkeun kalakuan para pajabat di nagara ieu, anu mèmang garorèng. Anu matak neuteuli jeung sarua jeung kacida ngèrakeunana, basa aya bèja dina tipi jeung koran, anu nyaritakeun aya pajabat Mahkamah Konsitusi (MK) anu geus mirucaan lambaga anu sakuduna kavida dihormatna. Di lembaga ieu, pastina karumpul jalma-jalma palinter, nyaho kana hukum jeung aturan, tur dipilihna ogè asalna ti jalma-jalma petingan, bari mèakeun waragad anu teu saeutik. Urusan gajih unggal bu­lanna, geus pasti leuwih ti Mang Samun anu ukur narik bèca ung­gal poè, atawa Bi Nuri anu dagang sayur nguriling ka lembur-lembur. Palebah panghasilan jeung pan­garti mah, beunang dipastikeun para anu ditarèwak ku KPK èta tèh geus pasti leuwih tapi palebah kalakuan rarasaan leuwih hina ti hayam anu kurah-korèh di buruan imah. Teu keuheul kumaha atu­da, gajih geus badag kacida, bari jeung èta tèh tina duit rahayat anu dipotong tina dahar, tina mayar pajeg, listrik jeung nu lianna, kari-kari saentas “dimulyakeun” naha jadi hianat.

Lamun dititènan, tilu lem­baga anu aya di urang tètèla geus kasarumahan jurig kuris, ti mimiti Legislatif, Eksekutif jeung Yudikat­ifna, loba “tongoan”. Nilik kana pasualan MK anu tangtuna beu­beunangan bulananana saanu, tètèla korupsi panyababna lain pèdah panghasilanana leutik, tapi ku laku lampahna sarta ahlakna anu mèmang gorèng patut. Anu teu kaharti tèh, naha kumaha da­harna nya? Padahal anu pangma­halna dahar, sapiringna tèh paling ogè saratus rèbu, lamu sapoèna tilu kali, tilu ratus rèbu, sabulanna ukur salapan juta. Pan meureun gajih maranèhanana tèh leuwih ti sakitu.

BACA JUGA :  Tega! Kakek Bejat Perkosa Keponakan Berusia 11 Tahun di Taput

Sawatara ukuran kuring jeung Mang Tatang mah, ku mayar saporsina Rp 25 rèbu ogè mani karasa beurat pisan (sabab ngu­kur panghasilan) bisa jadi lamun wuduk hiji jeung tèmpè dua bari dibanjur ku sambel suuk, moal leuwih ti Rp 5 rèbu. Kitu ogè karasana mani eungap pisan. Uku­ran dahar mah, sakabèh manusa pasti aya watesna, paling loba dua piring, anu taya ukuranna mah ras sugema jeung hawa nafsu (kana naon waè) anu taya wates wan­genna. Enya anu ditarèwak mang­kukna ku KPK, pastina ogè geus barogaeun imah gedong, mobil mèwah (leuwih ti hiji), tabungan jeung nu lianna.

Tapi tètèla manusa mah geun­ing teu cukup ngan saukur semet ka pelebah dinya wungkul baban­dana tèh, ku sabab hawa nafsuna jadi wè tikosèwad, kahormata­nana leungit, awak nandangan hukuman. Bener ceuk papatah kolot dina salah sahiji pupuh, yèn nafsu anu matak kaduhung awak anu katempuhan. Palebah dieu mah, angkat jempol tah KPK anu geus bisa nangkep pajabat galedè kituna tah bari kacerek deleg. Mu­gia wè atuh, jurig-jurig anu masih nyiliwuri jeung nyamunikeun ka­jahatanana, anu ngagarong duit rahayat, boh tina APBN jeung APBD sing geura katarèwak sarta meunang hukuman samangsa aya di dunya kènèh. Sabab lamun ka­bawa ahèrat mah karunya, moal aya pangbèlaan. Ari di dunya kè­nèh mah, sakurangna bisa mayar pangacara, atawa tarèkah sèjèn sangkan hukumanana teu beurat teuing. Malah ceuk bèja ti manuk (teuing manuk naon) sakabèh pingpinan daèrah ayeuna tèh keur diawaskeun ku KPK. Tangtuna anu jujur, amanah jeung teu ngu­linkeun duit rahayat mah hirupna bisa senang jeung tenang. Tapi nu geus ngalakonan pagawèan gorèng mah, geuning sanajan geus bèrès tugasna ogè, teu welèh gegebe­gan, sabab hiji waktu pasti bakal dipènta tanggungjawabna. Dina koran sababaraha poè kaliwat aya bèja hiji pajabat anu geus pang­siun bari jeung gering ogè ang­ger wè dipariksa malah dijemput paksa ti salah sahiji rumah sakit. Korupsi sigana tèh bener-bener keur diperangan, sabab kacida pisan ngaruksakna. Anu ngarasa migawè mah nya wayahna, teu bisa sarè tibra, bari unggal peuting ngadu’a sangkan henteu kanyaho­an. Boa-boa nya anu dareukeut jeung urang ogè, hiji waktu mah bakal ngasaan sarè di jero prodèo.

BACA JUGA :  Cemari Aliran Sungai Ciliwung, Gudang Bahan Baku Sabun di Kota Bogor Disegel
============================================================
============================================================
============================================================