Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
GEUS lila pisan teu kapanggih jeung Ki Sobat tèh, aya kana sapuluh taunÂna. Mareng papanggih, geus pada ceÂtuk huis, alias geus ninggalkun dunya, hideung alias geus haruisan kabèh.
Tapi sanajan dina raga mah roÂbah, alatan ku umur tèa, ari heureuyÂna mah henteu leungit, angger kawas baheula. Mimiti panggih mah, biasa wè pinuh ku sempal guyon, nyaritaÂkeun pangalamanana salija jadi guru.
Saur Kang Anang, sabenerna mah cita-citana tèh teu hayangeun jadi guru. Alesanana mah, kulantaran teu bisa nyarita lancar kawas lanceuk-lanceukna.
Enya sanajan indung bapa, aki nini jeung lenceukna jadi guru, tapi maÂnèhna mah ngarasa teu boga bakat. Numatak basa bapana nitah miluan testing di SPG jaman harita, sakabèh patanyaan tèh dijawabna ngahaja disÂalahkeun, ambèh teu lulus.
Bener wè, teu lulus tah dina tèstÂingna tèh. Tapi Kang Anang daria kaÂcida basa aya testing sakola kajuruan sèjèm nyaèta di pertanian, malah hasilna ogè kawilang pangalusna.
Di sakola èta anjeunna soson-soÂson diajar, sabab yakin pisan, mangsa geus lulusna moal bakal jadi guru. Teuing mèmang takdir teu bisa diÂpungkir, geus dituliskeun ti azalina, saentas lulus tèh kalah meunang bèa siswa kaluar nagri, sarta hiji-hijina temÂpat lowongan gawè di sakola tempat manèhna tèh ngan saukur jadi guru.
Tapi geuning ku dileukeunan mah, nya teu burung jadi karasaan kumaha ni’matna jadi guru, utamana mah lamun nilèy murid-muridna araÂlus kabèh, sarta diantarana aya anu jadi jalma penting.
“Sanajan ukur nyaho, yèn urut murid tèh jadi jalma penting, bungah wè nu aya. Kitu ogè sabalikna mangsa nempo aya murid anu kajiret ku uruÂsan hukum, angger wè ngarasa salah. Asa teu berhasil ngadidik murid. Sanajan teu hir walahir, jeung taya patalina baraya, ari hate nu jadi guru mah, moal bisa dibohongna,â€pokna tèh daria pisan.
Dasar nasib mah geus aya nu ngatur, mangsa meunang jodo tèh guru SD. Atuh lamun di imah tèh sok tukeur pikiran, ngeunaan kajadian di sakola salila ngajar. “Tah pamajikan kuring mah, kulantaran ngajar kelas hiji SD, loba pisan unak-anikna,†ceuk Ki sobat ka kuring.
Hiji waktu, pamajikanana keur ngajarkeun agama, meneran sakoÂlana tèh di tengah-tengah kota anu muridna tèh rupa-rupa pisan.
Ti mimiti anak pajabat, pangusaÂha jeung tukang bèca oge aya. DerekÂdek wè Kang Tatang tèh nyaritakeun pangalamabn pamajikanan.
“Saha budak solèh,†ceuk pamajiÂkanana ka barudak kelas hiji. Diantara muridna anu sakitu lobana tèh, ukur saurang anu ngacung, kitu ogè budaÂkna tèh kuleuheu pisan.
Taksiran lamun henteu sapopoèÂna di pasar èta budak gawèna ulin langlayangan atawa ngebak di walunÂgan. Geus kitu irungna tèh ngan ingÂsreuk-ingsreukan waè deui.
“Manèh budak solèh ?†ceuk pamajikan nanyakeun ka èta budak Dijawabna tèh ukur ku unggeuk.
“Sok solat?†budak èta gideug.
“Sok ngaji?†angger gideug.
“Har, kunaon ngaku anak solèh,â€ceuk pamajikan.
“Bapa abdi namina Pa Mad Solèh bu !†tèmbal budak èta lalaunan pisan mèh teu kadèngè.
Pamajikan Kang Tatang, tèh ukur bisa mèsèm ngadèngè jawaban budak tèh. Anu kadua mah matak pireuwaseun. Sabab aya budak anu nilèyna enol kabèh.
“Har kumaha atuh tah,â€cèkèng tèh panasaran.
“Enya mangkaning keur ujian ahir sakola deuih. Atuh pamajikan tèh bingungeun paisan, ahirna mah kapaksa dihèr kabèh. Alhamdulillah sanggeus dihèr mah, èta budak tèh nilèyna pangalusna. Malah jadi juara kelas,â€tèmbal Ki obat.
“Kunaon bisa kitu tahâ€. Derekdek Ki Sobat tèh nyaritakeun kajadianana, teuing budakna tèh pinter teuing atawa panuduh dina kertas soal anu salah. Sabab ampir sakabèh patanÂyaan dijawabna ku benar jeung tepat.
Dina patanyaan, saha Presiden RI anu munggaran, dijawabna tèh benar. Saha Gubernur Jawa Barat dijawab tepat. Horèng basa dibaca pituduhna aya tulisan kieu, jawablah pertanyaan dibawah ini dengan benar dan tepat. (*)