Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
JIGANA urang Sunda anu resep kana kawih-kawih Sunda boh CianÂjuran atawa pop rada wanoh kana rumpaka kawih ieu :
Ari cinta kang sanès ketok magic Di tutup-tutup teu kengng sidik
Cinta kedah peli ringkih taliti mèmèh kapetik
Ari cinta kang sanès supermarket Di aya-aya ngarah kapelet
Cinta aya duriat kanyaah manteng geuning gumelis
Endah rasana suka jeung duka Lamun kataker sok luluasan
Pinuh pangorbanan pinuh kasabaran
Pinuh rasa hèman pinuh ka imanan
Enya lagu di luhur, dihaleuangÂkeun ku Evi Tamala, malah di sababaraha radio di Jawa Barat, remen jadi pilihan. Sanajan basaÂjan, eusina bisa ngagambarkeun yèn cinta mah teu beunang dipakÂsakeun kawas carita Siti Nurbaya jeung Datuk Maringgih, datangna tina ati sanubari anu asalna tina panon.
Numatak aya istilah cinta datang dina teuteup munggaran. Kitu ogè teu beunang diudag-udag, sanajan ceuk paribasa di jaman kiÂwari mah, aya istilah cinta ditolak dukun bertindak beu…ambeu. Sabab anu kitu mah, biasana tara langgeng sok aya caritana pegat di tengah jalan.
Cinta sakabèh manusa pasti boga, teu di cacah, teu di mènak saÂbab sakabèh manusa anu kumelenÂdang di alam dunya, dibèrè rasa anu sarua ku Nu Nyiptakeunana.
Anu keur katèpaan cinta biasaÂna sok wanian, colèk colèk manuk tuweuw, poèk-poèk ogè ludeung. Kalimah ieu tangtuna di jaman baheula, mangsa arang kènèh moÂtor jeung listrik, pareng apèl ka bèbènè kudu ngaliwatan nu paraÂroèk, malah ngaliwatan astana ogè, sanajan kakara aya nu maot, ngadadak wani.
Padahal mun dihaja-haja mah, cadu teuing daèk dalah ka cai mangsa Magrib ogè geus ngabiriÂgidig, sieun, sakalina daèk, kudu aya batur.
Cinta di jaman kiwari mah, loba ketok magicna, hususna mangsa keur perlu sora, nu nelepon saha waè ditarima, ngadadak somèah jeung darèhdèh, da aya kahayang tèa,padahal sapopoèna mah, tara teuing daèk ngangkat, ari lain noÂmer anu geus wawuh mah.
Cinta anu kieu bisa disebut cinta pupulasan, mangsa keur butuh jiga nu enya, geus jadi mah tanda wuruh daèk nanya, sakaÂlina paamprok di jalan ogè, api-api teu nempo. Sumawonna daèk nganjang ka jalma laleutik mah, jajauheun.
“Tapi hèbatna (atawa pikaseÂbeleun?), sanajan salila ieu can perÂnah aya tatali batin, malah wawuh ogè henteu,keur kieu mah, mani unggal poè neleponan, ngajak paÂpanggih basana ogè lemes pisan. Matak èra ngadèngèna,â€ceuk salah sahiji inohong masarakat anu diÂperkirakeun loba baladna.
“Beuh tong dilayanan anu kitu mah, sabab mangsa geus dirojong hèg jadi, moal ingeteun-ingeteun acan,†tèmbal baturna. Nu boga lampah kitu tèh tètèla lain saeutik sabab loba anu keur nyalonkeun mah teu sirikna ditarèangan, mangÂsa geus jadi mah ditaringgalkeun.
Sigana nu karitu tèh, poho, yèn sanajan geus jadi “pajabat†hiji waktu mah bakal balik deui jadi jalma biasa, mangsa geus rèngsè mancèn tugasna.
Anu tadina bentik curuk balas tutunjuk capètang balas miwarang dina mangsa geus teu ngajabat deui mah, curukna tèh bakal hihileudeun, sorana anu taÂdina kencèng gampang tutah-titah, ngan ukur kari harèwos, kitu ogè mun laku kènèh, malah bisa jadi teu didèngè pisan.
Jadi cinta anu pupulasan mah nya lila-lila ogè bakal luntur, malah bisa jadi mangsa geus lunÂtur mah jadi malik ngèwa. Nilik kadinya mah, teu nyalahan anu dihaleuangkeun ku Evie Tamala, eusina cinta tèh silih pikahèman, pinuh kasabaran malah didasaran ku kaimanan sagala.
Malah jejeroeunana, aya anu kudu digaris kandelan, niatna. Naha niat jadi pamingpin tèh benÂer-bener keur babakti, atawa ukur nèangan kakawasaan, bari tungÂtungna mah makaya diri sorangan.
Sabab sakabèhna ogè ngatasnÂgarankeun rahayat, bari nu jadi raÂhayatna tèh, naranyakeun rahayat nu mana nya. Sabab urang mah henteu ngarasa kawakilan. Beuh, aya ku kituna nya ! (*)