Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DIANTARA padagang nu pangragemna dina nangtukeun urusan harga, sigana ukur tukang dukuh Palembang. Ti mimiti anu di Jalan Yasmin (KH. Abdul­lah bin Nuh), Jalan Dr. Sumeru jeung Sindangbarang, sarua hargana kamari mah Rp 12.500 sakilona. Turun tah ayeuna mah, sabab saminggu kaliwat, masih kènèh Rp 15 rèbu.

Karageman, lamun ceuk basa Ki Haji Mama Arief mah, nyaruakeun per­sepsi atawa sudut pandang, sangkan teu pakia-kia, paaing-aing, diperlukeun pisan pikeun ngawangun sagala hal, boh budaya atawa nu lianna. Sabab lamun masih kènèh bèda-bèda, tangtu moal bakal laksana.

“Lamun nu saurang hayangna buleud, nu saurang deui gèpèng, nu sèjènna segi tilu, pastina bakal tim­bul pacogcrègan tah,”saurna basa ng­alongok gedong PWI Kota Bogor anu ngadadak urug.

Puguh wè ngadangu anjeunna nyarios kitu tèh, kudu langsung diper­hatikeun, alusna mah dirèkam tah, sabab saur Kang Haji Endang Kosasih mah, pastina kakara murak cau atawa gedang asak.

Komo deui ninggang di pamingpin mah, matak picilakaeun. Nu saurang ka kalèr, nu saurang ka Kidul, ulah nepi ka aya hiji kapal, Nahkoda jeung Wakilna teu sarua pamadeganna.

“Contona dina kapal udara, aya pilot jeung co-pilot. Co-pilot tugasna mantuan pilot, bisi nundutan, kurang konsèntrasi jeung ngingetan anu saki­rana teu saluyu jeung tujuan hiberna kapal,”pokna deui daria.

BACA JUGA :  Timnas Indonesia Optimis Raih Poin di Laga Piala Asia U-23 Lawan Australia

Tuh teu salah, bener pisan tah caritana tèh. Pantes lamun sababaraha waktu kaliwat, anjeunna kapilih deui kalayan aklamasi jadi Ketua RT tèh. Masagi pisan geuning.

Urusan karageman, saur Kang Endang, kudu dimimitian ti nu laleu­tik heula, kakara ka luhur anu leuwih gedè. Sabab lamun urusan leutik waè geus teu sarua, kumaha bakal mèrèskeun anu gedè,

“Dina palebah keur nguruskeun karageman èta, ulah asa aing pan­gakangna jeung pangbenerna. Nu pangpengtingna ngaheulakeun kapent­ingan balarèa, lain golongan komo prib­adi mah,”pokna daria bari nyontokeun karasa genahna mangsa ngadèngè ta­tabeuhan mangsa keur mirig ibingan golèk. Sakabèhna silih eusian jeung ngalengkepan. Aya sora rebab, kend­ang, boning, saron, kendang jeung gelik suling sarta haleuang nyi sinden.

“Tapi lamun teu digoongan, atawa goongn salah, asa kurang sedep jeung teu puguh dèdèngèan,”saurna deui. Dina urusan gamelan waè karasana geus teu ngeunah, mangsa salah sahiji teu ny­urup. Komo deui dina urusan ngaheuy­euk dayeuh, ngolah nagara. Nu di luhur jeung nu di handap kudu sawirahma.

“Pamingpin anu di luhur hayang cepet anggeus bari jeung teu ngarumpak aturan, anu dihandap kalèkèd bari jeung hayang ruwal-rawèl, pasti gejed. Kitu ogè sabalikna. Pasti moal lumangsung lancar sakumaha anu diharepkeun.”

“Aya deui koncina tah Kang Haji?” Ujang Wono nanyakeun. Samèmèh Kang Haji Endang ngawaler, Ki Haji Ar­ief ngacung, abdi ogè terang èta mah, pokna tèh. Aya ku hade èta Mama Areif nepi ka ngacung heula rèk nyarita tèh, siga anggota dèwan rèk interupsi.

BACA JUGA :  Turunkan Kolesterol dan Gula Darah Tinggi dengan Rebusan Daun Salam, Ini Dia Caranya

“Konci sèjènna nyaèta kudu jujur. Tah palebah dieu mah, hususna dina uru­san dagang, urang kudu diajar ka urang Tionghoa. Anu boga prinsip ngarasa rugi mangsa kaleungitan langganan,”jawab Mama Arief. Teu nyangka tah nepi ka palebah dinya pikiranna.

“Bangsa urang mah, mun ba­rangjual sok dibarengan ku bohong bari saeutik ogè. Contona nu dagang buah. boh jeruk, manggah atawa nu lianna. Nu diajgragkeun biasana nu ko­nèng jeung nu amis.

Mangsa meuli diasaan di imah, taya nu kadahar pisan. Jadi wèh ka­pok pikeun balanja deui. Mending mun keur dirina sorangan wungkul, kumaha lamun nyarita ka nu sèjèn, tong balanja di dinya, kamari ogè dibobodo,” Mama Arief nyaritana panjang pisan, napasna rada ngahègak.

Ku Ujang Wono gancang diasongan cai, anjeunna gideug. Diasongan dukuh jeung manggah, angger embungeun. Rerep sotèh saentas Mang Bondan mawa cau jeung gedang.

“Tah ieu kabeuki uing mah,”pokna jigrah pisan, kawas budak sakola anu kakara narima rapor, bari angkana ara­lus pisan. Tuh pan!

============================================================
============================================================
============================================================