Hariring-Dadang-HPTEUING pedah geus kolot, uteuk jadi hèsè diajak mikir beurat, atawa mèmang bahan-bahanna baheulana teu disarungsuman ku kadaharan anu bergizi anu dise­but opat sèhat lima sampurna tèa (sabab baheula mah prinsipna tèh opat seubeuh lima halal), ata­wa mèmang sabagèan memorina geus keuna virus koloteun, basa aya anu ngajak ngobrol ngeunaan dunya pendidikan ayeuna tèh, lebeng, poèk mongklèng buta ngedul (mun rajin mah meureun pinter

Atawa mèmang basa nu nga­jakanana “luhur teuing”, nepi ka teu katepi ku pikir, kahontal ku akal. Mangsa harita mah ukur bisa olohok kembang kadu, bari hate mah cruk-creuk.

Ma’lum kitu tèana mah, sabab nu ngajak ngobrolna ogè lain ban­trak-bantrakeun, salilan ti guyang dina widangna puluhan taun, ogè naratas dina widang èta tèh geus tepi ka punclutna. Tapi kètang, ba­sana mah biasa, basa keur rahayat, èta mah kuringna wè anu kurang bisa dina narjamahkeunana.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Saur anjeunna, salah sahiji anu pangraketna tur pangpent­ingna dina urusan dunya pendi­dikan tèh nyaèta guru, malah di masarakat urang mah di jaman baheula kènèh profèsi ieu tèh meunang panghargaan tur ka­pangkatan anu kacida luhurna.

Guru, ceuk Islam, dina harti har­fiah, nyaèta Ustad (lalaki), Ustadzah (awèwè), tapi lain èta wungkul, sarèatna mah boh Ajengan, Kiai, para ulama, pan dina sapopoèna tèh ngalaksanakeun pagawèan guru, ngatik santri, murid, atawa umatna sangkan aya dina jalan ben­er sakumaha parèntah agama.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Ceuk basa kiratana guru tèh singgetan tina di gugu jeung diti­ru. Ceuk basa formalna, guru tèh nyaèta, pendidik jeung pangajar dina pendidikan barudak anu umurna masih kènèh ngora di sakola atawa pendidikan formal dasar nyaèta pendidikan dasar, jeung menengah.

Panghargaan masarakat urang baheula kana profesi ieu, kawilang luhur, nepi ka aya pa­ribasa, guru ratu wong atua karo. Hartina guru jeung kolot tèh sarua, kudu dihormatna ka­was ratu. Malah mun teu salah, di jaman baheula, hiji-hijina pagawèan anu bisa ningkatkeun darajat manusa tina cacah bisa jadi mènak tèh ukur guru.

============================================================
============================================================
============================================================