Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA Sunda ceuk kuring mah kawilang beunghar, sabab loba pisan kecap atawa kalimah tina basa Priangan ieu anu teu bisa ditarjamahkeun sarta mibanda harti anu husus pikeun ngagam­barkeun hiji pagawèan. Contona clom giriwil.

Kecap ieu ngagambarkeun kaayaan anu keur nguseup bari beubeungan waè. Clom, mimiti ngasupkeun pancing (jeung eu­panna pastina ogè) mangsa di­angkat geus aya laukan (ngagiri­wil). Dina basa Sunda ogè basa Jawa aya aturan pamakèan basa atawa undak-usuk basa.

Lamun dititènan, anu nya­babkeun aya undak-usuk basa dina panggunaanna ngan sau­kur umur jeung palakuna. Basa pikeun manusa jeung sato geus pasti bèda teu cara basa nu lian, boh basa Indonesia atawa basa Inggris. Dina basa Indonesia, boh sato (ucing, anjing, munding, jrrd) sarua makan (eat : Inggris) jeung manusa. Otong makan, empus makan. Maman eat, The cat eats, taya bèdana. Tapi dina basa Sunda mah, pikeun sabang­saning sato mah teu bisa sarè, komo kulem mah.

Basa “sarè” pikeun ucing mah hèès. Palebah dieu basa Sunda ngamulyakeun manusa tibatan sato. Palebah dieu urang Sun­da kudu ngarasa reueus, sabab tètèla basa karuhun geus nepi ka palebah dinya. Nu liaanna, nu ngabèdakeun panggunaan basa dina basa Sunda ukur umur atawa leuwih kolot. Basa tuang, kulem kudu digunakeun ka nu leuwih kolot atawa ka kolot. Basa lian mah, teu nepi ka dinya. Bandingkeun jeung basa Inggris anu loba pisan rinèkana.

BACA JUGA :  Seleksi Paskibraka Kota Bogor Dibuka, Pendaftaran Online Jaring 36 Siswa

Dina panggunaanna salian ti kaungger ku waktu ogè ku loba henteuna nu ngalalakonna. An­tara sorangan bèda jeung lobaan. Contona He/She eats ( make “s” lamun sorangan/tunggal) We/ They eat (teu make “s”) mangsa nu boga lalakonna lobaan atawa leuwih ti sorangan. Encan wangu­nan kalimatna mun teu salah mah aya 14 wujud. Lamun kurang-kurangna mah, nya loba pisan unak-anikna. Sanajan basa Ing­gris mah disebut “Crazy English”, angger wè loba bangsa urang nu hayangeun diajar bari jeung kudu mayar mahal (kursus). Kusabab basa Inggris mah jadi konci du­nya, sedengkeun basa Sunda sanajan basa indungna sorangan, ih sudi daèkeun diajar malah teu saeutik anu mohokeun jeung ninggalkeun basa karuhunna sorangan.

Padahal lamun maca tina koran atawa media on line, sa­babaraha sanggar di Bandung ogè di Bogor geus loba kadatan­gan bangsa deungeun anu nga­don ngalanjrek mangtaun-taun, pikeun diajar budaya urang. Boh basa, seni jeung kaparigelan sèjènna. Hasilna lain jorè-jorè, urang kungsi nempo aya urang bulè nyinden bari dikabaya sarta kawih hade, undak-usuk basana alus pisan. Conto lianna, baheula dina urusan tatanèn baheula nagara tatangga, Mala­sya kungsi ngirimkeun muridna pikeun sakola di SPMA Negeri Bogor salla tilu taun ti taun 1979 nepi ka 1982. Ayeuna nagara urang loba diajar tani ka nagara tatangga.

BACA JUGA :  8 Penyebab Susah Turunkan Berat Badan, Simak Ini

Jadi lamun urang teu waspada sarta teu ngamumulè budayas sorangan, komo dibantuan ku pa­nyadiaan anggaran ku pemda sa­tempat (ulah anu geus puguh aya hayoh dikurangan malah nepi ka dileungitkeun pisan, ku nu diben­do tèh tah. Tah pamingpin nu model kieu teu bisa dituturkeun) bisa jadi dina mangsa anu bakal datang, urang ogè boa bakal dia­jar seni jeung budaya sorangan ka nagara deungeun anu ayeuna keur soson-soson diajar.

Balik deui kana kabeung­haran basa tèa, nu rada anèh lian­na nyaèta kecap harèwos bojong. Teuing ti mana tah bojongna tèh, naha Bojongsoang atawa Bojong Ciamis, atawa Bojongrangkas di Ciampèa Kabupatèn Bogor. Kètang di Kota Bogor ogè aya Bojongenyod. Harèwos Bojong, ceuk Ki Tatang mah, hartina harèwos anu kenceng, nepi ka nu sèjèn ngadèngèeun. Sabab lamun merhatikeun kana sifatna, ngaha­rèwos mah biasana lalaunan sarta sangkan ulah kadèngè ku nu lian, nyaritana ogè ditompokeun kana puhu ceuli.

Cohagna, basa mah kawilang dinamis, lamu dina Sunda aya harèwos bojong, balik bandung dina basa Indonesia ogè aya markus, singgetan tina tamak jeung rakus. Tamak, harak jeung rampus (sagala didahar) biasana sok dibarengan ku pelit alias ko­run, ngeupeul tara daèk barang­bèrè alias mèrègèhèsè, cap jahè. Aya kitu di urang?

============================================================
============================================================
============================================================