Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH kecap asal Sunda pituin anu ngandung harti loba jeung jero, tur lega kacida tèh nyaèta dipoyok dilebok. Sanajan saliwatan ditujukeun kana da­hareun, nyaèta kecap dilebok, tapi dina kanyataan sapopoè, bisa dilarapkeun kana sagala pasualan gumantung kaay­aan. Dipoyok dilebok bisa dikeunakeun ka jalma anu “munafik” sanajan karatna ipis, lamun sakali, tapi pikeun anu ka­teterusan , porsina beuki gedè, bisa jadi asup kana golongan ieu. Dina sababara­ha kitab diterangkeun yèn kamunafikan anu dina basa Arabna Nifaq sakurangna dibagi dua nyaèta Ashghar (leutik) jeung Akbar (Gedè).

Gambaran Nifaq Ashgar nyaèta jalma anu nempokeun kalayan jelas atawa terang-terangan kasolèhanana tapi nyumputkeyn sifat-sifat anu pajiin-jiin reujeung anu dimaksudkeunana. Atawa anu ditempokeun ka balarèa mah enya jiga jalma solèh, padahal kalakua­nana aslina mah henteu kitu ieuh. Nu pangbahayana Nifaq Akbar sabab ieu leuwih jauh, nyaèta siga nu enya nem­pokeun kaimanan Allah SWT, para ma­laikat, kitab-kitab, Rasul jeung poè ahir, padahal dina jero hatèna mah teu iman ieuh, boh sabagèan atawa sakabèhna. Dina kahirupan sapopoè, biasana lamun geus dimimian ku ngabohong pikeun nutupan kabohonganana tèh biasana sok ngabohong deui. Malah pikeun ngayakinkeunana bari ditungtungan ku sumpah ka Allah sagala. Lamun tumu­luy tumuluy kawas kitu, beuh bisa asup kana golongan kaum munafikin tèa. Sa­kumaha hadist Rosul ti Abu Hurairah RA, y èn Rasullullah SAW ngadawuh, “Tanda jalma munafik aya tilu: lamun ngomong ngabohong, lamun jangji tara ditedunan, sarta lamun diamanahan atawa dibèrè kapercayaan èta jalma hianat.

BACA JUGA :  Hilang Sejak Lebaran, Lansia Penderita Stroke Ditemukan di Dalam Sumur

“Ari nginjeum duit ka r ènt ènir mah teu kaasup ka dinya panginten nya Ki,” ceuk Ujang

Kèmèd bangun nu èraeun basa kaperegok ku Ki Madi tas kaluar ti salah saurang warga anu biasa nginjeumkeun duit.

“Ah, manèh mah dipoyok dilebok kalakuan tèh, majarkeun moal daèk datang deui ka Pa Anu tèh, sabab nga­rasa nyeri hate, kungsi dicarèkan laklak dasar,” ceuk Ki Madi ka Ujang Kèmèd. Enya jiga nu nulungan mèrè injeuman, palebah mulangkeun kudu dièmbohan bari jeung ditangtukeun jumlahna deuih.

“Bingung puguh Ki, peryogi ar­tos kanggo ngabantun murangkalih ka rumah sakit,” tèmbal Ujang Kèmèd bari luk tungkul. Nginjeum duit haram ka Pa Anu tèh mangrupa jalan pamungkas, salila dua poè manèhna kukurilingan nginjeum duit ka ditu-ka dieu, boh ka dulur-dulurna atawa ka sobat-sobatna. Ngan jawabanana sami mawon, kosong cenah. Teuing enya keur kosong teuing bohong. Nu jelas mah manèhna teu beubeunangan.

“Tah lamun anak abdi nepi ka hanteuna, kulantaran katalèdoran kur­ing, panginten abdi kenging bebendon ti Allah, Ki. Pan murangkalih tèh titi­pan sanès. Abdi sanès teu terang anu nambut, anu nambeutkeun sareng anu nyaksian dina kagorèngan dosana sami. Mung kèdah kumaha deui atuh,” tèmbal Ujang Kèmèd. Aki Madi, teu nèmbalan salèmèk-lèmèk acan. Dina hatèna teu nyalahkeun lamun sobatna mulam­pah kitu. Ceuk paribasana mah nètè semplèk, nincak semplak, maju jurang mundur jungkrang. Pikeun jalma-jalma sabangsaning dirina jeung Ujang Kèmèd lain sakali dua kali waè nyanghareupan kaayaan kitu tèh.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Rabu 17 April 2024

“Saèna mah aya lembaga husus anu bisa nungkulan kasusah model kieu tèh Ki. Kènging teu nya Ki, upami urang nambut ar­tos masjid upami dina hiji waktos urang di­parengkeun mayunan anu samodèl kieu?”

“Hus èta mah duit umat deuleu, jeung deui masjid mah lain tempat ngin­jeum tempat ibadah. Gagabah ari ngo­mong tèh,” Aki Madi nyureng.

“Upami aya anu pindah kayakinan ku­sabab taya anu nulungan, kumaha tah ?”

Ki Madi ukur bisa ngahuleng nga­raga meneng, sabab anu dicaritakeun ku sobatna tèh aya benerna, manèhna kungsi milu jumaahan di hiji masjid anu kasna nepi ka puluhan juta.

“Naha meunang kitu lamun aya jamaahna nginjeum pikeun kaperluan kawas kitu?”

Ah, teu gampang geuning nya! Nu­matak manusa osok moyok bari ngele­bok ogè. (*)

============================================================
============================================================
============================================================