Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG HP

KECAP asal Sunda pituin anu ngandung harti loba jeung jero, tur lega kacida tèh nyaèta dipoyok dilebok. Sanajan saliwatan ditu­jukeun kana dahareun, nyaèta ke­cap dilebok, tapi dina kanyataan sapopoè, bisa dilarapkeun kana sagala pasualan gumantung kaay­aan. Dipoyok dilebok bisa dikeu­nakeun ka jalma anu “munafik” sanajan karatna ipis, lamun sakali, tapi pikeun anu kateterusan , pors­ina beuki gedè, bisa jadi asup kana golongan ieu. Dina sababaraha kitab diterangkeun yèn kamunafi­kan anu dina basa Arabna Nifaq sakurangna dibagi dua nyaèta Ash­ghar (leutik ) jeung Akbar (Gedè).

Gambaran Nifaq Ashgar nyaèta jalma anu nempokeun ka­layan jelas atawa terang-terangan kasolèhanana tapi nyumputkeyn sifat-sifat anu pajiin-jiin reujeung anu dimaksudkeunana. Atawa anu ditempokeun ka balarèa mah enya jiga jalma solèh, padahal kalakuanana aslina mah henteu kitu ieuh. Nu pangbahayana Ni­faq Akbar sabab ieu leuwih jauh, nyaèta siga nu enya nempokeun kaimanan Allah SWT, para malai­kat, kitab-kitab, Rasul jeung poè ahir, padahal dina jero hatèna mah teu iman ieuh, boh sabagèan atawa sakabèhna. Dina kahiru­pan sapopoè, biasana lamun geus dimimian ku ngabohong pikeun nutupan kabohonganana tèh bi­asana sok ngabohong deui. Malah pikeun ngayakinkeunana bari di­tungtungan ku sumpah ka Allah sagala. Sakumaha hadist Rosul ti Abu Hurairah RA, yèn Rasullullah SAW ngadawuh, “Tanda jalma mu­nafik aya tilu : lamun ngomong sok ngabohong, jangji tara ditedunan, sarta lamun diamanahan èta jalma hianat.

BACA JUGA :  Dijamin Tidur Nyenyak dengan 6 Kebiasaan Malam Hari Ini

“Ari nginjeum duit ka rèntènir mah teu kaasup ka dinya pangint­en nya Ki,” ceuk Ujang

Kèmèd bangun nu èraeun basa kaperegok ku Ki Madi tas kaluar ti salah saurang warga anu biasa nginjeumkeun duit.

“Ah, manèh mah dipoyok dile­bok kalakuan tèh, majarkeun moal daèk datang deui ka Pa Anu tèh, sabab ngarasa nyeri hate, kungsi dicarèkan laklak dasar,” ceuk Ki Madi ka Ujang Kèmèd. Enya jiga nu nulungan mèrè injeuman, pale­bah mulangkeun kudu dièmbohan bari jeung ditangtukeun jumlahna deuih.

“Bingung puguh Ki, peryogi ar­tos kanggo ngabantun murangka­lih ka rumah sakit,” tèmbal Ujang Kèmèd bari luk tungkul. Nginjeum duit haram ka Pa Anu tèh mangru­pa jalan pamungkas, salila dua poè manèhna kukurilingan nginjeum duit ka ditu-ka dieu, boh ka dulur-dulurna atawa ka sobat-sobatna. Ngan jawabanana sami mawon, kosong cenah. Teuing enya keur kosong teuing bohong. Nu jelas mah manèhna teu beubeunangan.

“Tah lamun anak abdi nepi ka hanteuna, kulantaran katalèdoran kuring, panginten abdi kenging bebendon ti Allah, Ki. Pan murang­kalih tèh titipan sanès. Abdi sanès teu terang anu nambut, anu nam­beutkeun sareng anu nyaksian dina kagorèngan dosana sami. Mung kèdah kumaha deui atuh,” tèmbal Ujang Kèmèd. Pikeun jalma-jalma sabangsaning dirina jeung Ujang Kèmèd lain sakali dua kali waè nyanghareupan kaayaan kitu tèh.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Kamis 18 April 2024

“Saèna mah aya lembaga hu­sus anu bisa nungkulan kasusah model kieu tèh Ki. Kènging teu nya Ki, upami urang nambut ar­tos masjid upami dina hiji waktos urang diparengkeun mayunan anu samodèl kieu?”

“Hus èta mah duit umat deu­leu, jeung deui masjid mah lain tempat nginjeum tempat ibadah. Gagabah ari ngomong tèh,” Aki Madi nyureng.

“Upami aya anu pindah kaya­kinan kusabab taya anu nulungan, kumaha tah ?”

“Geus ah, tanyakeunana ka ah­lina, sakurangna ka ulama, kiai ata­wa jalma anu ngarti kana urusan hukum agama, nu kararitu mah atuh.” Ngadèngè jawaban kitu tèh, gancang Ujang Kèmèd pamitan, da rèk mawa anakna ka rumah sakit.

Ki Madi ukur bisa ngahuleng ngaraga meneng, sabab anu di­caritakeun ku sobatna tèh aya ben­erna, manèhna kungsi milu jumaa­han di hiji masjid anu kasna nepi ka puluhan juta.

“Naha meunang kitu lamun aya jamaahna nginjeum pikeun kaperluan kawas kitu?”

Ah, teu gampang geuning nya! Numatak manusa osok moyok bari ngelebok ogè. (*)

============================================================
============================================================
============================================================