Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MANGSA ngawayuh ka Magrib, poè geus mimiti reup-reupan, lampu-lampu PJU di sapanjang jalan Pajaja­ran geus mimiti dihurungkeun, dunya salin kelir, ditandaan ku sora adzan, boh anu langsung ti musholla jeung masjid, atawa anu disiarkeun tina sakabèh tipi, jeung radio ngageuing­keun ka saban jalma muslim pikeun ngeureunkeun sakabèh kagiatanana, mangsana nedunan kawajiban nga­deuheus ka Manten-NA.

Hanjakalna sanajan panggero anu datang sakitu deresna ti unggal pangjuru, teu sakabèhna kageuing­keun. Loba diantarana anu masih kènèh ngagugulung dunya, bari anu diudagna tèh teu sabaraha.

Kajadian kitu tèh mani ragem, di sababaraha tempat umum, kayan­ing di Stasiun Kareta Api, di Terminal Beus, di lampu beureum, di pasar, sagalana tèh kahengker ku kagok, pa­dahal wayah Magrib mah kaeurad ku waktu anu kacida singketna, sanajan sabagèan deui mah gura-giru nèan­gan tempat pangsujudan.

Komo deui ganti waktu ka waktu di mall mah mani teu karasa, ku sum­iratna cahaya listrik, sakapeung mah nepi ka jongjonan.

Lamun asup beurang, hèg panon diumbar nempoan sagala anu aya, sagalana matak pikaresepeun atuh, tapi ngabalangsakeun kana piki­ran jeung pèsak pikeun anu pang­hasilan bulanna, ukur cukup keur nyumponan dahar wungkul mah. Sakapeung mah sok ngabèbèn­jokeun hate, jeung ngabeberah ma­nah ku kalimah, isukan jaga lamun boga duit bakal diborong tah.

Kawas kana ponsèl atawa HP dina hate tèh sok ngagerentes, beuh mun ngudag-ngudag model mah duit sakumaha lobana ogè bakal èrèp, sabab unggal bulan ogè modèl­na rupa-rupa, mending nu ieu, salila masih kènèh bisa nelepon jeung SMS mah, rèk naon gunta-ganti.

BACA JUGA :  Simak Ini! 5 Makanan yang Sering Dikonsumsi Ini Bisa Memperpendek Usia

Padahal unggal kaluar anu anyar kagunanana tèh beuki nambahan, bisa BBM-man, face book, twiter jeung bisa nempoan gambar anu teu araruni. Pan HP jadul mah, ukur bisa dua rupa, geus kitu layarna geus rumeuk, nepi ka maca SMS ogè kudu kerung.

Ngupahan sorangan, saben­erna salah sahiji wujud syukur kana ni’mat anu dipaparinkeun ti Allah SWT, sabab lamun nepi ka nedunan kahayang bari ngudagna tèh ku jalan tugul dirarud catang dirumpak, sarua jeung ngusrukeun diri jeung kula­wargana ka jurang kanistaan.

Rèk kanyahoan rèk henteu èta mah, sarua hinana. Kanyahoan matak wirang dikolong catang, komo deui pan ayeuna mah ‘kagorèngan’ tèh gampang pisan sumebarna, lain ngan saukur di sakuliah Bogor jeung Indonèsia wungkul deuih, nepi ka mancanagara sagala. Teu kanyaho­an, enya ceuk ijiran mah, teu matak ngawirangkeun, èngkè kumaha ‘dilebak’na?. Lamun keur arulin di mall mah sakitu caraangna ku listrik, di tempat pangreurehan anu ukura­nana ukur dua kali hiji meter mah, poèk mongklèng, combrèk, jeung pikasieuneun.

Anu nyaangan jeung ngabaturan mangsa sakabèhna geus naring­galkeun tèh ukur amal ibadah jeung pagawèan solèh salila di alam dunya.

BACA JUGA :  DPRD Kota Bogor Bahas LKPJ Terakhir Bima Arya

“Hayang pisan sakali mah, mang­sa keur magrib tèh jempling di jalan hideung jeung tempat karamèan tèh, ambèh karasa yèn nagara urang tèh pangeusina lolobana muslim. Ngan teuing iraha nya.

Padahal anu ngageuigkeun jeung anu gegero teu kurang,”ceuk Ki Mar­dud basa papanggih di Masjid At­taqwa. Sigana mah, sakumaha anus ok dicaritakeun ku para budayawan, panitèn sosial jeung kaum alim ula­ma, yèn bangsa urang geus ngagèsèr budayana, kusabab obahna jaman tèh, teu nyalahan.

Beuki loba kamajuan di unggal widang, beuki loba kasibukan, anu nyababkeun loba jalma kararagok ku waktu. Sabab baheula mah, kaa­sup diwajibkeun, ka barudak, lalaki (komo awèwè mah), mangsa margib tèh cicing (ampih) di (ka) imah.

Pajarkeun tèh bisi dirawu kèlong, cenah. Barudak kiwari lamun dis­ingsieunan kitu tèh, kalah seuri bari ngalèlèwè.

“Ditèmbak wè kèlongna, pan boga bedil mimis,”jawabna tèh. Pa­dahal bisa jadi anu dimaksud kèlong di dinya tèh lain sakèlong-kèlongna.

Kèlong mahluk gaib anu datang­na ti dunya sèjèn, mangrupa siloka, yèn mangsa jalma geus ninggalkeun kawajibanana dina waktu magrib, bakal kasèrèd ka dunya hideung anu nyasabkeun dirina.

“Kèlong, bisa jadi kirata tina èngkè lolong (batinna), numatak mending ampih ka tempat anu suci samèmèh karawu kèlong mah,”saurna daria.

“Keun wè lah Ki, rido asal kèlong­na geulis,”tèmbalna tèh. Dasar bu­dak nurustunjung. (*)

============================================================
============================================================
============================================================