Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MANGSA keur sakola di SD, jenatna indung remen ngageunggeureuhkeun mangsa katempo ku anjeunna lamun kuring sok ngarèmèh atawa nyèsakeun sangu mangsa keur dahar.“Pamali ulah sok ngarèmèh, komo nepi ka nepi daharna loba sèsana mah, Nyi Pohaci sok ceurik,”pokna tèh daria pisan. Bakating ku remen dinasèhatan, kuring jadi ati-ati pisan, lamun nyiuk sangu tara loba, komo nepi ka nyèsa mah. Caritaan indung leuwih hade nambah tibatan nyèsa, nerap nepi ka ayeuna. Harita mah cukup ku kecap Pamali, peun wè.

Kadieunakeun kecap pamali jeung Nyi Pohaci sok ceurik geus teu lumaku, kitu ogè nasèhat agama anu kacida “galakna” yèn anu ngamubadirkeun kadaharan (atawa naon waè) dianggap baturna sètan ogè teu metu, mangsa parasmanan di tempat hajatan, ampir 90 persèn nyèsa.Manusa anu keur ka arondangan bangun anu karanjingan jurig mangpang-meungpeung basa nempo kadaharan anu sakitu lobana dian mèja. Pangna disadiakeun sate tèh maksudna mah bisi aya nu teu resepeun rendang atawa semur.

 Hih ieu mah, sate dibabad, rendang diasaan, semur dipunclutkeun, ngarasa kurang kènèh gorèng daging hayam diurugan, supaya gampang  ngahuapna masih kènèh dibanjur ku soto daging hayam Atuh dina piring tèh mucung jiga Gunung Kelud. Bèak? Geus pasti henteu, sabab eusi beuteung jalma mah aya watesna.Tah ngeunaan Nyi Pohaci anu remen disebutkeun ku jenatna Indung tèa, ceuk dina sababaraha sumber  panjangna tèh Nyi Pohaci Sanghyang Asri  atawa Dèwi Sri, salah sahiji pohaci (déwi) pelindung paré, tatangkalan, kasuburan, jeung partanian Sunda, Jawa, jeung Bali.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Ieu déwi teh dimulyakeun, dikanya’ah, jeung dipusti-pusti di pulo Jawa ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Salérésna Nyi Pohaci ogé dianggep sabagai déwi indung urip. Mimitina teh pamujaan pohaci sang dewi paré aslina tina Tatar Pasundan. Saatos urang Sunda masuk pangaruh agama Hindu, pohaci Sanghyang Asri teh dianggap sarua kénéh jeung Batari Sri Laksmi, sang sakti atawa Istrina Batara Wisnu, ngawengkuna dewi kabagjaan jeung kamakmuran. Upacara panen paré Sérén taun teh diwangsulkeun kanggo sukuran jeung mulyakeun ieu déwi. Lalakon atawa dongèng Nyi Pohaci Sanghyang Asri dicaritakeun dina “Wawacan Sulanjana”.

Carita Nyi Pohaci ieu raket patalina jeung Antaboga (Anta), Dewa Oray anu mènta tulung ka Batara Narada, lanceukna Batara Guru. Hanjakal pisan, Batara Narada oge bingung teu  bisa mantuan. Antaboga tuluy ceurik balilihan, cimatana ragrag kana taneuh sarta jadi mustika.Singget caritana èta mustika anu tilu tèh rèk dianteurkeun ka BataraGuru, tapi di satengahing jalan ditegor ku manuk dadali (versi sèjènna manuk gagak).

Anta embungeun ngajawab kusabab keur ngaheungheum mustika tèa, tapi ku manuk èta dijorag sabab dianggap sombong. Antukan hiji endog mustika ragrag tuluy peupeus. Nu nyèsa ukur hiji saatuluyna disanggakeun ka Batara Guru.Ku Batara Guru, èta endog mustika tèh sina disileungleuman, teu lila megar. Nu kaluarna orok mani geulis pisan satuluyna dipulung anak ku Batara Guru jeung pamajikanna Batari Uma.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Orok èta laju dingaranan Nyi Pohaci Sanghyang Asri.  Kageulisan Nyi Pohaci ieu ngèlèhkeun para dèwi, batari, anua aya di kahyangan, malah  Batara Guru oge mikacinta anak pulungna nepi ka aya niat rèk mileuleuheungkeun.Para dèwa lianna ngarasa hariwang, saterusan nyieun siasat pikeun misahkeun. Singget carita  Nyi Pohaci diracun. Sanghyang Kersa ambekueun pisan, layon Nyi Pohaci dicandak  ka bumi dikubur di jero leuweung. Aya kaahèngan,   tina sirahna bijil tangkal kalapa.

Tina irung, biwir, jeung ceulina mekar rupa-rupa samara bungbu wangi jeung sasayuran.    Tina buukna mekaran jujukutan jeung sagala rupi kembang aneka warna nu saraé jeung seungit. Tina pinareupna ngarumbay bubuahan dalu jeung aramis. Tina leungeunna muncul tangkal jati, cendana, sagala rupi tatangkalan kakayon nu aya gunana. Tina raranganna bijil tangkal kawung kalapis injuk, nu peueutna tiasa disadap kanggo ngadamel gula aren nu langkung aramis.

Tina pingpingna muncul sagala rupa tangkal awi.  Tina sukuna jadi sagala rupa beubeutian, hui amis, boléd sampeu, jeung sajabana.  Tina puseurna tumbuh paré, bakal barang kadaharan nu pang pentingna pikeun kamakmuran umat manusa. (Tina sagala sumber)

============================================================
============================================================
============================================================