Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“MALEM Ahad alusna mah hujan, lah ambèh teu macèt,” ceuk Mang Tatang bari muka bajuna nu ba­seuh ku kèsang. Sigana mah tas olahraga isuk.

“Kunaon kitu Mang,”kuring nanya, panasaran. Biasana ti Mang Tatang sok aya bèja nu araranèh.

“Enya meneran peuting tadi mah aya perlu ka Warung Jambu, da èta mah macètna teu saga­wayah, ti Dramaga bulak-balik ka Warung Jambu, sarua jeung ka Banjar ampir 6 jam. Coba lamun hujan, sasièt atuh. Ti dieu naèk Trayèk 15 disamung ku 07. Dina ukuran normal mah sabalikna pal­ing ogè satengah jam,”tèmbalna tèh bari gegeber ku hihid.

Kayaan di Bogor dina sa­babaraha poè ieu mèmang kawilang leuwih panas ti biasana. Tong boroning anu tas indit-indi­tan atawa olahraga, anu cicing di imah ogè, teu kuat ari terus-teru­san deukeut kompor mah.

“Leres kahayang Mamang mah kitu, tadi wengi tèh hujan. Modal­na ukur payung jeung jas hujan kamamana tèh. Tapi barudak ngo­ra atawa rumaja anu rèk ulin ka imah kabogohna atawa kongkow jeung babaturanana ngadu’akeun halodo Mang. Urusan macèt mah da mèmang keur ulin ieuh, teu diburu-buru,”cèkèng tèh.

Urusan kahayang jeung kaper­luan manusa mèmang rupa-rupa pisan. Nu hayang hujan ngagebrèt waè aya, diantarana tukang ojèg payung, anu hayang halodo mah geus pasti atuh, komo deui pan di bulan anu tungtungna ber-beran mah, wancina usum ngijih.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Padahal Bogor mah sanajan lain usum hujan, ih hujan tèh re­men kènèh. Numatak kudu loba ngucapkeun syukur anu baroga padumukan di Bogor mah, taya istilah kakurangan cai.

Dina ayana pasti kudu nyalah­keun manusa, lamun anu make cai ledèng nya ka PDAM, badan usaha Pemda anu dipercaya ngo­kolakeun cai. Anu make sumur kawas Mang Tatang mah, damang, teu hèsè ieuh. Dina saatna kariindit ka lebak, cai loba pisan kari daèk ngalana, gratis teu mayar ieuh.

“Enya kawas du’a tukang ès jeung tukang baso samèmèh usa­ha, pan pakia-kia tah. Nu saurang ngadu’a sangkan halodo, sabab mun hawa panas loba anu ha­naang, pasti dagang ès-na payu.Nu saurang deui sabalikna, ngadu’a sangkan hujan,”ceuk Mang Tatang.

“Terusna kumaha tah Mang?”

Mang Tatang teu buru-buru ngajawab, kalah ngahuleng heula. Derekdek wè anjeunna nyarita­keun pangalaman dua tukang da­gang, anu du’ana teu pernah akur, tukang ès jeung tukang baso.

Tukang ès ti bada Isya kènèh geus ngadu’a sangkan poè isu­kan mah halodo. Tukang baso ngadu’na teu sarua mènta hujanm ambèh daganganana laku. Dipa­rengkeun poè èta mah teu hujan, poè tèh panas pisan. Atuh tukang ès tèh mani jigrah.

Enya wè daganganana laku, can tengah poè manèhna geus balik, malah poè èta mah hasilna rada lumayan, sabab nyieun ès-na dilo­baan. Di gang rèk balik ka imahna, manèhna kapanggih jeung tukang baso anu ogè rèk balik ka imahna.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Naha geus mulang Mas, geus èrèp kitu.”

“Alhamdulillah Kang, bèak,” tèmbal tukang baso basa Sundana rada medok malum urang Solo, bèda jeung tukang ès anu urang Ciamis.

“Na, sampèan geus mulih, tos bèak lain,” Mas Tomo malik nanya.

(Rada dima’lum lamun basa Sundana rada pabeulit. Leuheung kènèh sakitu mah urang Jawa daèkeun ngagunakeun basa Sun­da, tibatan urang Sunda sorangan anu geus ngarasa gèngsi)

“Alhamdulillah Mas, mun pa­nas kieu mah, biasana sok tèrèh èrèp,”tèmbal Kang Dudung tu­kang ès tèa. Sorèna saentas reu­reuh duanana ngobrol di tepas nyaritakeun pangalamanana.

Utamana tukang baso anu balikna sarua jeung tukang ès, pa­dahal ceuk “hukum alam” mah, lamun panas. jalma rada males da­har baso,kusabab hawana panas.

“Eta basa tadi ngaliwat Lala­don aya nu hajat, baso uing dibo­rong sedoyo, malah samangkokna tèh digaji sapuluh rèbu anu biasa­na tujuh rèbu ogè, atuh uing jadi loba leuwihna,”pokna tèh bari seuri sugema.

“Tuh pan kitu ari rejeki mah geus ditangtukeun ku Allah, nu­matak kudu remen ngucap jeung ngalampahkeun syukur,”Mang Tatang nutup caritana. (*)

============================================================
============================================================
============================================================