Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN urang nitėnan kaayaan kahirupan sapopoė, tėtėla sagala­na geus robah. Nu dicekel unggal poė upamana, HP. Pan baheula mah, HP tėh ukur bisa SMS jeung nelepon wungkul, ti mimiti anu wujudna jiga cau, badag enjum. Bėda jaman robah, anu panglakuna saentasna tėh anu ipis jeung leutik. Tapi kabėhdieunakeun, anu kandel jeung badag pada mikaresep deui, anu bėda aplikasina, beuki loba.Sa­gala bėja anu panganyarna ti dunia Beulah mana ba, bisa dibaca dina ukuran detik. Kajadian kahuruan, longsor nepi ka artis anu maot, geus bisa dibaca dina HP.

Aya pausahaan anu nyadiakeun jasa kawas kitu, ti mimiti Radio, Televisi, Media On Line jeung mėdia citak. Tehnologi mėrė lolongkrang pikeun ėta. i sagėdėngeun pikeun kahadėan loba ogė jalman anu nga­manfaatkeun pikeun jalan gorėng. Ngeduk kauntungan ku cara haram, ti mimiti ngabobol bank, nepi ka pa­nipuan sarta nyitak duit palsu, vak­sin palsu. Malah sababaraha poė aya kuburan palsu sagala.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Kitu ogė televise, alat-alat rumah tangga lianna, mobil kapal laut, udara ayeuna mah geus leu­wih modern jeung leuwih hėbat ti samėmėhna. Anu modern ogė, lain ngan saukur nepi ka dinya wungkul. Pėlet (lain parab lauk), ėlmu pikeun ngaruntuhkeun hatė awėwė sang­kan bogoheun ogė ayeuna mah geus modern. Lamun baheula mah cukup ku maca jangjawokan bari jeung dipuasaan, di jaman kiwari nu kitu tėh geus kurang jėtu. Ki Tatang anu baheulana remen ka­datangan tamu anu mėnta tulung mangmėlėtkeun awėwė ayeuna mah ukur bisa nangkeup tuur.

Kumpulan jangjawokan meu­nang ngėlmu ti sababaraha tempat ti guru anu sakti, tapa di leuweung unggah turun gunung tėh, lalaunan dipiceunan. Malah sabagėan aya nu geus poho. Mangsa Jang Jajat perlu jampė jangjawokan samodėl kitu, nepi ka kudu kurah-korėh nėangan buku “Rusdina” heula. Lamun ba­heula jampė pamakė anu kawas di handap kieu ogė geus teu kėmot-kėmot acan.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Samping aing kebat lereng,Ditilik tigigir lenggik Diteuteup tihareup sieup,Mikaeunteup mikasieup Mangka eunteup mangka sieup, Ka awaking Awaking ratu asihan,ti lihur ku­wung kuwungan ti handap teja mentrangan, Ditilik titukang lenggik Ditilik tigigir sieu, mangka enteup mangka sieup Asih…Asih…Asih…Asih..,Asih kabadan awaking. Rarakan nyai pohaci, hihid kekeper iman nyiru tamprak nng iman, dulang ketuk ning iman parangko bengker ning iman,hawu dungkuk ning iman suluh solosod ning iman,seeng kukus ning iman

============================================================
============================================================
============================================================