Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DUA puluh taun kaliwat (lamun teu salah) mangsa kuring nganjang ka ba­baturan di Cipanas hèg diajakan dahar ka salah sahiji warung sangu anu teu jauh di imahna, kusabab ki Sobat tèh lalagasan kènèh, di warung èta nga­jeblag hiji tulisan dina basa Arab jeung hartina.

Eusina tèh kieu, Allah geus mere kacida loba pisan ni’mat, naha urang rèk jadi jalma syukur atawa kufur?. Meureun maksudna mah tulisan èta tèh ngingetan ka nu rèk (eukeur, entas) dalahar, sakurangna ngucapkeun syu­kur mangsa keur dahar di tempat èta.

Saentas diinget-inget, kakara sa­dar (ceuk budak ayeuna mah, salila ieu kamana waè), enya mani ku telat-telat teuing, sanggeus dua puluh taun kaliwat, eusi tulisan èta tèh tètèla jero pisan, tur sabenerna ngawengku sak­abèh kahirupan.

Kacida loba ni’mat anu dipa­parinkeun ku Allah SWT tèh, lain sau­kur ni’mat dahar wungkul, tapi moal kaitung lamun dititènan mah.

Ti mimiti ni’mat sarè, boga pagawèan, pamajikan, imah, kiceup, hitut, heuay ah, pokona mah asana tèh moal cukup waktu jeung tempat lamun dituliskeun mah.

Anu panggedèna ni’mat sakuma­ha anu remen disebutkeun ku para ustad jeung guru ngaji, ni’mat Iman jeung Islam.

Keun wè lah èta mah, badag teuing pikeun diuruskeunana. Ayeuna mah urang tataan anu pangleutikna wè heula, jiga anu teu pira, tapi saben­erna kawilang badag, nyaèta ni’mat bisa hitut jeung kiceup.

BACA JUGA :  Kunjungi 8 Tempat Wisata Pantai Dekat Jakarta Ini dengan Keluarga saat Libur Hari Raya

Kacipta lamun urang teu bisa hitut jeung kiceup salila sabulan, kumaha tah. Sakurangna beuteung bisa jadi kembung, malah bisa jadi kudu uru­san jeung dokter atawa rumah sakit parengan ngalaman kitu tèh.

Kiceup sarèrèa ogè perlu, kumaha lamun teu bisa ngiceup? Beuh cilaka tah. Anu lianna, ni’mat anu tumiba ka para gegedèn, pajabat atawa anu ku Allah dipaparin pangkat.

Mangsa rèk leungit kakawasaan boh kulantaran rèk pangsiun atawa maren­gan aya pasualan nepi ka dipindahkeun ka tempat anu garing, atawa teu dibèrè jabatan, anu ceuk basa deungeun mah Post Power Syndrome tèa.

Anu ngalaman panyakit sieun kaleugitan kakawasaan ieu biasana tèh awakna katempona leuwih kolot, paromananna kusut, geringan, jeung jiga nu cape.

Sawatara emosina gampang kasinggung, teu kaopan, remen nyor­angan, gancang ambek pikeun hal-hal anu teu piran, embung kaèlèhkeun jeung teu resep dibantah.

Lakulampahna jadi cicingeun, loba kaèra atawa resep nyaritakeun kahèbatanana mangsa katukang, re­sep nyèla, embung èlèh.

remen nempokeun kaambek, boh di imah atawa di tempat umum. Biasana anu ngalaman pasualan ieu tèh mangsa keur nyangking kakawasa­nana, sok bentik curuk balas tutunjuk capètang balas miwarang, kaditu teu bisa nyaluyukeun kayaan dirina jeung mangsa anu keur dijalanana.

Komo deui anu mangsa kuma­wasana hirupna tèh kacida awuntah, atawa nerapkeun pola hirup konsum­tif, medah-meduh, sarta ngumpulkeun harta tina pagawèan anu asal-usulna henteu jelas. Anu pangcilakana, loba teuing nyieun kasalahan mangsa keur boga jabatan.

BACA JUGA :  Timnas Indonesia Menang Tipis 0-1 Lawan Australia

“Enya mangsa keur boga kaka­wasaan kènèh mah kasalahan tèh bisa ditutupan ku duit bari nincak sahan­dapeunana, tapi mangsa rèk rèngsè jabatanana, loba kasieun lamun anu salila ieu bisa mèlaan geus teu malirè deui. Sawatara anu dianggap musuh­na diperkirakeun bakal ngungkabkeun kasalahan dirina,” ceuk Mang Tatang, Ki Sobat anu resep merhatikeun ka­hirupan sosial.

“Naha di urang aya kitu Mang?”

“Nya pastina ogè aya, tapi pikeun masarakat kawas urang anu teu nyaho urusanana mah, nya moal katempo,”pokna tèh daria.

Bari nyebutkeun yèn biasana, pikeun nyalametkeun dirina sangkan teu digunasika, nyiapkeun gaganti diri­na, sanajan anu rèk ngagantikeunana tèh dianggap teu mibanda kaahlian. Nu penting satia kadirina jeung tuhu kana pamèntana.

“Atuh lamun kitu mah bisa nga­ruksak, kumargi dawuhan Kangjeng Rasul, lamun hiji pasualan henteu dicekel ku ahlina, kari ngadagoan kaancuranana.”

“Palebah dieu nu kitu tèh teu lu­maku, sanajan manèhna nyahoeun ogè, nu penting mah salamet dirina,” ceuk Mang Tatang.

“Kumaha lamun SDS Mang?”

“Naon tah, SDS tèh?”

“Salametkeun diri sèwang-sèwan­gan.”

“Teuing ah teu kaharti, koncina mah, naha rèk syukur atawa rèk kufur, sabab sagalana ogè geus aya nu nga­tur.”

============================================================
============================================================
============================================================