Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

WAYANG golèk, ceuk para dalang jeung para panitèn budaya, saujratna eunteung kahirupan manusa, aya laku lampah anu hade jeung gorèng. Anu alus bakal dibales ku kabagyaan, kitu ogè anu nyimpang tina aturan agama jeung darigama bakal nimu katunggaraaan atawa ka­sangsaraan.

Jejer caritana sanajan sum­ber utamana mah Ramayana jeung Mahabrata, tapi dina kan­yataanana, gumantung kana kaparigelan jeung kamampuhan dalang kumaha ngagarapna. Almarhum Ki Asèp Sunandar Sunarya, saentas jadi haji tur neuleuman agama Islam, sok leu­wih loba nyelipkeun hadist dina ngadalangna.

Malah beunang disebutkeun, da’wah dina cara anu bèda, sabab diwakilan ku tokoh-tokoh wayang. Dalang lianna anu kungsi kawèn­tar dina mangsana tèh nyaèta diantarana Dalang Tarkim, R.U. Partasuwanda, Abeng Sunarya, Entah Lirayana, Apèk, Cècèp Su­priadi jsbna. Sawatara juru ma­maos/kawih/sindènna nyaèta Upit Sarimanah Titim Patimah.

Malah dina taun 1960-an mah, Upit jeung Titim tèh sasatna bisa ngèlèhkeun kawèntarna para dalang di jaman harita. Titim Fati­mah mah kungsi kacaritakeun salah sahiji sindèn anu pangdika­resepna ku Presiden Soekarno.

Dina ngawayang teu saga­wayah, aya tetekon atawa ugera­nana. Sacara umum, pangadega­nana kahiji Tatalu, nalika dalang jeung sinden naèk ka panggung, dituluykeun ku gending jejer/ kawit, murwa, nyandra, suluk/ kakawen jeung biantara.

Kaduana, Babak unjal, pase­ban jeung bebegalan katilu nyar­itakeun nagara sejen, satuluyna Patepah, Perang gagal kaluar wèh Panakawan biasana sok aya pang­umuman, nasèhat, geus kitu per­ang kembang, perang raket jeung dipungkas ku tutug. Pamungkas kalimahna, Tutup Lawang Sigo­taka.

BACA JUGA :  Warga Desa Cemplang Bogor Diteror Maling, Satu Bulan 5 Kali Aksi Pencurian

Lamun urang merhatikeun kalayan daria, loba pisan anu bisa dicokot tina pintonan way­ang golèk, hususna dina pasualan laku lampahna. Nu kahiji, mang­sa dina nancebkeun golèk, Ga­tokcaca, Arjuna, Bima, pasti rada (di)tungkul(keun) samangsa anu dhareupanana Batara Kresna, kitu ogè para punakawan, Semar Badanaya, Cèpot Astrajingga, Udawala jeung Nala Garèng, nalika nyanghareupana dunun­ganana, boh Arjuna putra panengah Pandawa atawa nu lianna.

Anu kadua wirahma gamelan jeung igelan, atawa kaayaan anu keur dilalakonkeun ku dalang, mangsa keur sedih, perang, heu­reuy pastina bèda. Jadi tegesna hirup mah kudu saluyu jeung kaayaan. Contona dina barang bèrè atawa sidekah kudu saim­bang jeung pangaboga.

Lamun imahna sigrong, mo­bilna alus, asa teu boga duduga peryoga pisan, kudu nyumbang ngan saukur Rp 20 rèbu ka pa­nitia Agustusan, komo lebaran anak yatim mah. Anu kitu beu­nang disebutkeun mèrègè hèsè, cap jahè jeung nu lianna. Komo deui lamun aya “hak batur” anu teu dikaluarkeun, biasana Allah nguras hartana tèh ku jalan sèjèn, upamana tèa mah, keuna ku pan­yakit beurat, nepi ka kudu bulak-balik asup ka rumah sakit. Atawa ku pasualan lianna, anu panung­tunganana mah, kaluar duit gedè-gedè kènèh, malah itungana leu­wih loba sababaraha kali lipet tina anu kudu dikaluarkeun tèa.

BACA JUGA :  5 Tips Agar HP Android Tidak Lemot, Wajib Simak Ini

Kitu ogè mangsa keur nyang­king jabatan anu luhur, upamana waè jadi Kapala Dines, aya “anak buah”na mènta tulung kusabab pamajikanana dirawat di rumah sakit, asa kurang duduga peryoga lamun “nyumbangna” ukur Rp 50 rèbu, teu saluyu jeung tang­tungan sarta jabatan. Anu kitu beunang disebutkeun teu bisa ngahargaan dirina sorangan.

Ceuk kolot baheula, hirup mah darma wawayangan, èta tèh bener pisan. Enya sabot keur di­lalakonkeun ku dalang, pan bisa itu- bisa ieu, komo keur jadi pam­ingpin mah sasatna lagu kumaha baè ogè bisa, kusabab dirojong ku duit jeung kakawasaan tèa. Ceuk paribasana, tunggul dira­rud catang dirumpak, ngaha­lalkeun sagala cara pikeun ngu­dag kani’matan, pangkat jeung jabatan taya nu hèsè.

Tapi samangsa geus dia­supkeun kana peti, lalakonna dibèrèsan, kakara karasa teu walakayana. Geus kitu mah taya raja, taya punakawan, sarua sa­peti kabèh. Sanajan enya, hayang dikubur di tempat anu hargana milyaran ogè, moal dibèdakeun ku Nu Maha Murbeng Alam mah, sarua waè.

Ukur amal kahadèan nu bakal nulungan. Tah sigana pikeun para pamingpin anu boga sifat gorèng, ngandelkeun èlmu bang­kong, resep pisan ngarumpak aturan, teu amanah, atawa cap jahè, anu ceuk barudak ayeuna mah, pangurus “Pertina” kudu ngalobakeun nongton wayang. Sugan wè, robah sikepna. (*)

============================================================
============================================================
============================================================