Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PIKEUN anu geus tapis, ahli, jago (gapah:Bogor) ngagunakeun ponÂsel atawa henpon anyar anu loba fasilitas (fitur) tèh lain pasualan darÂia. Komo lamun nempo barudak ngora anu keur marukaan rupa-rupa situs dina hpna anu layarna ukur ditotol (touch screen), matak kabita.Tapi ulah cob-coba pikeun anu teu wawuh kana nu kararitu, komo anu perluna ukur sms jeung nelepon mah, mendingan make hp jadul, kaluaran baheula. Malah loba anu geus dikarètan tapi diguÂnakeun kènèh. Lain teu kabeuli, sarèatna mah pan kalayang-koloyÂong kaditu-kadieuna ogè make sedan, sakurangna jeep buatan Jepang. Lain teu kabeuli, aya saÂbabaraha alesan pangna angger marakè nu jadul tèh.
Kahiji anu kaluaran anyar bari jeung loba pisan fasilitasna matak ngalieurkeun, sedengkeun perluna ukur nelepon, ditelepon jeung narima atawa males pesen wungkul. Kaduana sangheuk ari kudu mundah-mindahkeun saÂbabaraha ngaran anu geus kasimÂpen dina telepon. Katiluna, nu penting mah pulsana teu èrèp-èrèp. Sanajan make android, BB, mangsa rèk nelepon tulalit atawa nginjeum kanu sèjèn mah, nya mending ngeusian pulsa heula. Saur AA Gym mah, matak pikaÂrunyaeun, ari Hpna mahal, pulÂsana kosong waè. Nya mending HP jadul bari pulsana matak bisa nelepon ka luar negeri.
Pangna dicaritakeun tèh aya pangalaman nu rada ahèng. Ki Sobat, Ujang Kemed, dua poè kamari aya nu ngajakan ulin ka Bandung, aya pasamoan jeung babaturan sakolana. Ari urusan dahar, mobil jeung nu lian mah, kawilang aman, sobat nu ngajakan ka Bandungna lain jalma jorè-jorè. Mobilna ogè kaluaran panganyarÂna, dahar, udud, sarè di hotel geus disadiakeun, pokona mah kari clè, nepi ka Bandung jeung balik deui ka Bogor, haratis. Lantaran sieun dianggap kampungan, sakurangÂna dina urusan HP, nya manèhna nginjeum nu anakna, badag jeung kawilang modern.
Pokona gagah wè lah. Pikeun “ngoperasikeunna†diajar saÂpeuting ka anakna. Caritana biur wè ka Bandung, miang jeung soÂbatna. Kusabab badag, teu bisa diteundeun dina pèsak, antukna digolèrkeun dina dashboard moÂbil babaturanna tèa.
“Edun euy, hapèna mah, canggih bro,†ceuk Heri Belu, nu mawa mobil tèa.
“Supaya teu katinggaleun teuing ku nu lian euy. Ambèh dianggap rada modern wè atuh, ulah ngèrakeun urang Bogor,â€jawab Ujang Kemèd, liang irungna ngadadak ngabeukahan pèdah disebut hp-na canggih ku babaturanna. Ringkes caritana, nepi wè ka Bandung, puguh wè atohna mah, kapanggih jeung soÂbat-sobat anu heubeul. Ngan sabÂot keur ngobrol, sababaraha kali manèhna kudu katukang, narima telepon ti babaturanna anu di BoÂgor. Bingungeun kumaha ngajawÂabna, sabab sababaraha kali diÂteken, angger teu bisa ngajawab.
Kitu ogè basa aya pesen asup, tong boroning males, muka pesenÂna ogè geus teu bisa. Teu kawas HP jadul manèhna, narima telepon, jeung males SMS mah geus taya halangan, sanajan HPna geud diÂkarètan ogè. Sapoè èta mah, Ujang Kemed tèh mani asa kasiksa pisan, sigana loba babaturan bisnisna anu ngaras kuciwa kusabab teleÂponna teu diangkat, teu nelepon jeung teu males SMS. Padahal biasana mah tara kitu, meureun ceuk pamikiran babaturanna tèh.
Sadatangna ka Bogor, gancang manèhna manggihan anakna, karÂtuna dibuka jeung ditukeurkeun jeung HP jadul manèhna. Tuluy ngagidig ka hareup, meuli pulsa lobana lima puluh rèbu. Padahal salila ieu paling copèl ogè ukur sapuluh rèbu. Sakabèh sobatna anu tadi nelepon ditelepon deui, nu sms ogè gancang dibales. Bisi anus ms jeung telepon tèh ngangÂgap dirina sombong atawa adiÂgung, pèdah teu daèk ngangkat telepon jeung teu males SMS. PulÂsa anu lima puluh rèbu tèh, ukur nyèsa tilu rèbu pèrak, tapi hatèna sugema, sabab jangjina dina poè èta katedunan kabèh.
“Gara-gara hayang ngagaya, jadi loba kaluar biaya,†ceuk geÂrentes hate Ujang Kemed. Tètèla teu sakabèh parabot anu canggih alus pikeun nu makèna, komo anu teu apal kawas manèhna mah. Teu salah lamun Kangjeung Rasul negeskeun yèn hiji pasuaÂlan lamun teu dicekel ku ahlina, kari ngadagoan kaancuranna. Hadis ieu lumaku ka sakabèh jalÂma jeung pagawèan !