Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS nganteur Ki Madi ngawang­kong di Sipatahunan, balik tèh ten­gah peuting, sabab bèrès ngobrol di studio tèh, aki-aki “tujuh puluh mulud” teu buru-buru balik ieuh, hayoh ngadon kancolah ngalèr ngidul jeung babaturanana, anu harita ngahaja daratang, da dibè­jaan tèa. Keuheulna mah nataku, ngan rèk kumaha deui, diting­galkeun asa piraku.

Kumaha mun nyasab teu bisaeun balik, meureun nu di­imahna, Nini Ciin anu kawèntar cèrèwèt, lamun nyarita kawas kacang ninggang kajang, moal bisa dieureunan. Mangkaning tadi basa mangkat tèh pan sasat kuring pisan anu nyampeurna. Kumaha jadina lamun nepi ten­gah peuting atawa ka isukna hen­teu balik, wah cilaka dua lima be­las (harkatna leuwih luhur tibatan dua belas).

Numatak sanajan sakumaha tunduh jeung capèna ogè nga­wayahnakeun manèh, nyabar-nyabarkeun diri, ngadagoan Aki-Aki anu keur sosonan jeung sobat-sobatna. Karunya, sabab geus puluhan taun teu papanggih jeung batur atawa sobat-sobatna. Tapi lila-lila mah, sigana tèh ge­rentes hate kuring karasaeun, sabab teu kungsi lila, anjeunna ngajakan balik.

“Yu ah urang balik, bisi si nini melangeun, hèg beuteung karasa peurih yeuh nagih eusi,” pokna tèh.

“Kumaha mun ngabubur di Jambatan Mèrah, jigana keur lapar jeung tiris kieu mah, ni’mat?” cèkèng tèh nawaran. Sa­bab pikiran tèh pastina Ki Madi bogaeun duit.

“Bener tah, boga duit kitu?”

“Ih, puguh keur kutud, teu boga sapèrak-pèrak acan, bèng­sin ogè duka cekap duka henteu,” tèmbal kuring. “Wah cilaka yeuh, puguh dompèt tèh tinggaleun dina calana nu hiji deui,”jawab Ki Madi seuri maur.

BACA JUGA :  Kecelakaan Motor Tercemplung ke Sungai Cilacap, Diduga Hilang Keseimbangan

“Beuh alamat asup angin ieu mah yeuh,” ceuk gerentes hate, ukur wani dijero hate, teu kake­dalkeun. Naèk Si Jimat di tengah peuting di puseur dayeuh Kota Bogor, sanajan bari jeung na­han lapar, tètèla karasa ni’mat. Si Jimat sanajan bari enggèh-enggèhan, lantaran busina geus gorèng, teu burung bisa nyem­prung, leungeun ogè teu karasa cangkeul, teu loba ngoperkeun kopling.

Palebah Plaza Kaptèn Musli­hat anu patungna keur nunjuk ka palebah Bank Jabar, Si Jimat tèh ngadadak eureun. Bari ngareu­reuh rèk mukaan busi, karèrèt aya budak turun tina mobil angkot anu sèwana ukur dua urang. Nu saurang nyekel gitar leutik, umur­na taksiran kurang leuwih dua belas taun, mun sakola mah, meu­reun kelas 9, atawa SMP kelas tilu.

“Tuh, Ki pasti budak èta teu meunang duit, sabab ngamèn lain wayah,” cekèng tèh bari nunjuk ka lebah budak anu kakara turun tina mobil.

“Ah, nyanyahoanan manèh mah,” ceuk Ki Madi bari babatek.

“Bilih teu percanten taros wè ku Aki,”cèkèng tèh bari ngageroan budak, duanana nyampeurkeun bangun nu atoh.

“Hoyong lagu naon bapa,” ceuk budak nu rada gedè mani rengkuh. “His, Aki mah lain rèk nitah nyanyi, euy, ngan hayang nanya, naha ngamèn bieu tèh beubeunangan?” Ki Madi nanya ka èta budak.

BACA JUGA :  Wajib Tahu! Bersihkan Usus Kotor Setelah Lebaran dengan 6 Makanan Ini

“Bujeng-bujeng aki, malah dipiwarang turun, mangka abdi tèh diantosan di rorompok, pun adi udur,” tèmbalna ngalimba bangun anu rèk ceurik.

“Atuda lain wayah ngamèn wayah kieu mah, euy. Nu baralik dina mangsa peuting kieu mah, pantesna tèh geus carapèeun. Hayangna mah buru-buru nepi ka imahna, tuluy ngareureuh. Pan dina angkotna ogè pastina tèh na­rundutan. Ari manèh hayoh nga­don gembrang-gembrung.”

“Kèdah kumaha atuh pa, numatak kikieuan ogè bakat ku butuh. Kahoyong mah abdi ogè nongton tipi kawas nu sanès. Tapi upami teu ihtiar panginten pun biang teu tiasa tuang,” pokna tèh dareuda.

“Ari bapa manèh kamana kitu ?”

“Parantos lima taun ngan­tunkeun, sakola abdi ogè mung dugi ka kelas lima èsdè.”

“Yeuh atuh keur manèh, tapi tuluy balik nya, bisi indung ma­nèh ngadagoan di imah,” ceuk Ki Madi bari kusiwel ngaluarkeun duit salambar dua puluh rèbuan, song dibikeun ka èta budak. Bu­dak tèh mani atoheun pisan, tu­luy manèhna nyium leungeun, pamitan balik.

“Har, ari Aki, diajakan ng­abubur mah nyebutkeun tèh teu boga duit, ari bieu geuning aya,” cèkèng tèh keuheul, enya beu­teung sakieu peurihna, tapi teu daèk jajan.

“Yeuh urang mah bisa kènèh dahar di imah, sedeng manèhna? Tutulung mah kudu ka nu butuh, tatalang mah kudu ka nu keur susah.”

============================================================
============================================================
============================================================