Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BENER teu salah, kayaan jaman tèh kacida bèdana, geus robah jauh pisan, sawaktu kuring sakola di SMP, boh pangeusina, kaayaan wewengkon jeung sikep atawa paripolah, hususna mah barudak rumaja awèwèna.

Lamun kaum istri jaman ba­heula, leuwih dulang tinandè, teu daèkeun balaka ka lalaki anu dipi­karesep atawa anu dipikacintana, ayeuna mah tibalik, loba barudak awèwè anu nèmbak tiheula atawa ngungkabkeun eusi hatèna, sabab bisi dipiheulaan ku nu sèjèn.

Dina jaman kiwari mah, nu kitu geus dianggap biasa, teu pa­mali. Kabiasaan sèjènna, nyaèta loba barudak awèwè anu kuku­layaban tengah peuting, boh jeung lalaki (kabogohna) atawa sosoran­ganan. Jiga teu boga wates waktu ulin peuting.

Sakapeung mah sok rada ngahuleng, kumaha rarasaan nu jadi kolotna?. Naha teu hariwang, lamun jam sapuluh peuting can balik ka imah ? sanajan enya ogè kaluarna jeung kabogohna, atawa calon pisalakieunana.

Nyaho kitu sotèh, basa tas ulin ti Sipatahunan, kètang lain ulin-ulin teuing, kusabab hujan gedè, tibatan jibrug, milu ngiuhan. Kalu­ar ti dinya tèh kira-kira jam dua belas peuting, da kakara root.

Palebah Taman Kencana, dina korsi loba anu ngarariung, baru­dak awèwè jeung lalaki. Lamun nempo warugana mah, paling ogè sakolana tèh di SMP, atawa paling ogè kakara SMA kelas dua.

Puguh rada ngahuleng sajong­jongan mah, geuning barudak anu sakuduna geus karèrèk atawa sakurangna geus aya di imah tèh naha masih kènèh kukulayaban di luar imah.

BACA JUGA :  Peringati Hari Kartini, Pemkab Bogor Hadirkan Layanan KB Serentak di 40 Kecamatan se-Kabupaten Bogor

Atawa mèmang ayeuna mah kitu, ngantepkeun budakna ulin nepi ka tengah peuting tèh geus lumrah tur dianggap biasa. Beu…. beu lamun kitu carana, bahaya, sabab sarua jeung ngadeukeutan picilakaeun.

Naha ieu kitu anu disebut èmansipasi tèh, barudak awèwè boga hak anu sarua, dina urusan nu kararitu? Pan sidik ceuk para dalang mah, awèwè mah, pondok lèngkah gedè bugang.

Maksudna mah, bahla nu ngancam jiwana leuwih gedè ti­batan lalaki, lamun diantepkeun ulin lain wayah, sarua jeung nga­deukeutan pibahayaeun. Sabab pan awèwè mah, aya tapakna, teu cara lalaki.

Enya, pan ceuk agama ogè dise­butkeun, lamun kaum Adam jeung kaum hawa paduduanan sok aya nu maregan, nu katiluna tèh sètan anu ngawujud jadi hawa nafsu.

Lamun kitu kayaanana pain­gan atuh, loba kajadian MBA alias married by accident tèa, ceuk Kang Ermansyah, urang Ciawi anu ngumbara di Ciputat mah.

Saur anjeunna, mikanyaah ka budak (komo awèwè) lain kudu nurutkeun sagala kahayangna, komo anu sifatna ngadukeutan picilakaeun. Sanajan enya ogè, lamun dina kajadianana aya anu tanggung jawab, tapi pan teu kudu kitu carana.

“Ngawangun rumah tangga atawa imah-imahan mangrupa pagawèan anu kacida alusna, sampurna pisan lamun dimimi­tian ku kamaslahatan. Komo bari jeung geus dipersekotan mah, sa­bab ngahiji ku cara kitu tèh, sok aya kajadian-kajadian anu teu di­piharep dina rumah tanggana,” pokna daria.

BACA JUGA :  Gulai Nangka Muda Bumbu Kuning, Menu Makan Lezat dengan Aroma Menggugah Selera

Lamun nitènan ka lebah dinya, jadi inget kana sisindiran baheula, mangsa keur budak, sok ngariung di tepas imah.

“Harèndong beak ku careuh, nu ngèndong beuteungna ba­reuh,” ceuk nu saurang.

“Sugan tèh batok sihorèng ta­neuh, sugan tèh montok sihorèng …….,” tèmbal nu sèjèn. Anu ngari­ung di dinya bangun nu embung èlèh gancang mikir, hayang males.

“Majar manèh cèngkèh konèng, kulit peuteuy dina nyiru,” ceuk anu irungna kawas sadel sapèdah.”

“Teruskeun euy,” ceuk nu lia­na mèh bareng.

“Majar manèh lèngkèh ko­nèng, kulit beuteung mani nam­bru.”

“Ah, teu nyambung silaing mah, kamana waè losna,” ceuk anu aya di dinya.

Sisindiran di luhur mun teu salah tilu puluh taun katukang, tapi geuning loba kajadianana ki­wari, jaman urusan anu kuduna pamali, jadi nalalembrak.

Enya, lamun diarantepkeun waè, barudak awèwè kukulaya­ban tengah peuting, komo bari jeung sok ngararèndong di imah babaturan atawa kabogohna mah, bisa jadi harèndong beak ku careuh.

Nu ngèndong beuteungna ba­reuh. Halah, cilaka lamun kitu, sabab pan hanacaraka tèa. Anak cilaka kolot kabawa-bawa. (*)

============================================================
============================================================
============================================================