Home Opini Today Aki Markum

Aki Markum

0
168

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS ngalongok babaturan anu gering di Tanah Sareal, kuring nyimpang ka masjid anu aya di komplèk paimahan Budi Agung. Di jero nyampak aya aya-aya aki-aki anu keur mendeko, ji­gana mah keur ngadagoan datangna waktu lohor. Ditilik tina umurna, ceuk ijiran moal kurang ti tujuh puluhan, ngan mamarasna katingal beresih jeung cahayaan. Parimbaga­nana mah jiga salah saurang kasepuhan anu remen didong­kapan, Aki Markum. Rambutna bodas jeung jangkung leutik.

Ningali kitu tèh ras inget ka anjeunna, anu remen nga­nasèhatan yèn hirup mah geus aya nu ngatur, ulah sisirikan, kitu deui urusan milik jeung re­jeki, sabab milik mah moal paa­hiri-hiri, bagya teu paala-ala. Caritaan almarhum Ki Mar­kum, salah saurang kasepuhan Cileungsi anu kakara ngan­tunkeun sabulan kaliwat, mani asa ngajelengèng kènèh dina puhu ceuli, rarasaan moal bisa kapopohokeun saumur hirup. Ki Markum tèh kolot sampeu­ran, dipisepuh ku balad-balad kuring anu resep ngalalana, nèangan anu arareuweuh.

Di sebut arareuweuh tèh, pèdah kudu ditèangan sarta diguar ti kolot-kolot anu nyim­pen riwayat atawa caritaan-car­itaan anu dianggap aya patalina jeung jaman baheula. Sabab geuning loba pisan kajadian ahèng anu teu kungsi kaungka­beun, boh ku media anu aya atawa buku. Caritaan kolot baheula anu luhung ku piwe­jang, boh ngeunaan kajayaan karuhunna atawa adab-adaban ngeunaan lumaku kahirupan anu kudu dijalankeun, loba anu carem, kabawa kubur maren­gan jeung nu mawa lalakonna. Sabagèan diantarana aya ogè anu diwujudkeun dina buku-bu­ku sajarah, tapi disagèdèngeun èta tètèla loba kènèh anu tacan kaguar, dina kapanggihna ngan saukur jadi totondèn wungkul, ukur siloka bari jeung teu nya­ho kumaha mukana.

Kawas monyèt anu ngagu­gulung kalapa, nyaho rasana ngeunah tapi teu bisa mèsèk­na. Antukna kaluhungan-kalu­hungan jeung pangajaran anu pinuh ajèn inajèn ngan sau­kur jadi tutunggul waktu anu laas ku jaman. Carita atawa dongèng anu kuduna bisa dit­epikeun ka anak incu nepi ka buyut tèh pugag teu kaguar. Numatak kitu, Aki Markum mah, resepeun pisan, lamun aya barudak ngora, atawa anu saentragan kuring, nanyakeun kaayaan baheula. Mangsa an­jeunna berjoang ngalawan pan­jajah atawa nyaritakeun cari­taan ti akina ngeunaan kaayaan Bogor mangsa baheula.

Ti Aki Markum, kuring jeung rèngrèngan lain ngan saukur meunang caritaan ngeunaan kabiasaan kolot baheula anu di­caritakeun turun tumurun, tapi kumaha nyikepan anu beuki dieu karasana beuki beurat.

Tah numatak, lamun hayang hirup walagri, urang kudu bisa narimakeun kana papastèn anu geus ditakdirkeun ka urang. Boh kabagyaan, kapeurih jeung urusan rejeki. Anu rejekina saeutik kudu bisa ngokolakeun, paribasana mah saeutik mahi, loba nyèsa sabab geus dia­tur ti dituna. Lamun sakabèh jalma di dunya ieu sakabèhna dibeungharkeun ku Allah, moal aya anu bisa anu dititah atawa titaheun. Sagalana dipigawè ku sorangan, anu kahirupanana kurang aya kudu syukur sasat­na geus bisa mèrè kasempetan melak kahadèan ka nu baroga,. pokna daria. Numatak, saur anjeunna deui, meungpeung aya kasempetan pikeun melak kahadèan, ngabibitkeun amal solèh kudu daèk mèrè mawèh ka sasama.

Aya paribasana melak bontèng moal jadi cabè, kitu ogè sabalikna. Hirup mah teu bisa diukur ku matema­tika, beubeunangan sakitu, diitung-itung ngan ukur cu­kup ku dahar wungkul. Kuma­ha pikeun waragad sakola, waragad lamun gering jsbna. .Geura wè talingakeun, anu hirupna sarwa basajan, asa rada jarang kudu bulak-balik ka rumah sakit pikeun uubar, ata­wa nepi ka diopnameu alatan gering. Tah nu kitu tèh kudu disyukuran ku urang, sabab geuning sèhat tèh mahal.

Lamun umpamana waè dititah milih, naha masakat bari jeung sèhat, atawa beung­har bari jeung geringan waè. Kitu ogè lamun urang mèlak kahadèan, hasilna ogè ka­hadèan, moal kahadèan di­ganjar ku kagorèngan,. saurna deui basa kuring nganjang ka bumina saminggu sateua­can anjeunna ngantunkeun. Aki Markum, sanajan sako­lana ngan ukur semet ka kelas dua SR, prak-prakanna mah geuning teu èlèh-èlèh teuing ku jalma-jalma anu sakolana luhur bari komo ayeuna mah resep pisan ngabobodo rahayat sarta lamun nyarita asa pangbenerna jeung tara ngadèngè pamang­gih nu lian. Asa aing pisan !!!