Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

HIJI waktu basa keur nungguan an­gkot, aya telepon anu asup kana HP kuring anu nomerna anyar, sabab pan anu geus aya dina HP mah pastina anu nonghol tèh ngaranna da geus diprogram tèa. Panasaran bis penting gancang wè diangkat.

Sanggeus nèmbalan ku salam deui, sanajan teu nyaho saha-sahana, sorana mah asa remen ngadèngè, ceuk basa kiwari mah asa familiar, henteu asing.

“Kang punten dipiwarang ngem­pelkeun poto anu layarna beureum nya, ukuran 6 kali genep, mun bisa mah nu panganyarna pokona mah nu panggagahna wè lahnya,” ceuk anu nelpon.

“Na keur naon kitu,” cèkèng tèh hanjakal henteu sempet nanyakeun saha-sahana.

“Keur dina surat Yasin,” tèmbalna tèh bari seuri, tuluy nutup telponna. Panasaran disusul, jigana tèh tuluy dipaèhan. Mimitina mah rada sèwot ogè, ambek jeung keuheul, sabab ma­sang foto dina Surat Yasin tèh, pan bi­asana mah keur mièling 40 poèna anu maot. Teungteuingeun tah Ki Sobat tèh, nyangka uing geus opat puluh poèna.

Tapi sanggeus rada lila, kalahka ngehkey sorangan. malah meureun lamun aya nu merhatikeun, jiga anu katarajang panyakat gèlo anyar. Sabab yakin anu nelpon tèh maksudna mah heureuy, da nyaheoun lamun kuring tèh tukang heureuy. Kabèhdieunak­eun kakara nyaho yèn anu nelpon tèh sobat heubeul mangsa sakola di SD, ngan teu apal timana manèhna meu­nang nomer kuring tèh.

BACA JUGA :  Jonatan Christie Juara Badminton Asia Championship 2024

Lamun ceuk kapercayaan agama sèjèn, èta tèh hukum karma, tukang heureuy biasana diheureuyan deui. Teu kudu ambèk, sabab kitu biasana. La­mun tukang heureuy ambek mangsa di­heureuyan deui, ngaranna daèk nyiwit embung diciwit. Bisa jadi ogè disebut pinter kodèk ceuk urang Ciampèa mah.

Heureuy, gogonjakan, becanda, saujratna papaès kahirupan, sangkan hirup henteu nguluwut ngagugulung kabingung. Malah pikeun para seni­man heureuy mah, geus heubeul heu­reuy tèh dijadikeun pakasaban, anu ngajangjikeun. Contona Charlie Chap­lin atawa Sir Charles Spencer Chaplin, Jr, anu lahir di lahir di East Street, Wal­worth, London, 16 April 1889 ieu, ak­tor komèdi Inggris anu kawilang suk­sès ngabintangan film pireu ku jalan jadi badut anu pikaseurieun.

Kalakuan Charlie anu ngandelkeun bahasa awak jeung paripolahna anu kawilang “pikasebeleun” tètèla bisa di­tarima ku sakumna nu lalajo, lain ngan di Benua Eroupa wungkul, tapi meun­tas ka Benua sèjènna, kaasup ka naga­ra urang. Salian ti suksès jadi aktor film layar hideung bodas, Kang Charlie ogè kawilang suksès jadi sutradara.

Sawaktu jadi Charlie Chaplin, ciri mandirina nyaèta topi jangkung, baju jas sempit, calana godombrang, sa­patuna panjang jeung salawasna ma­mawa iteuk. Anu matak moal kapopo­hokeun nyaèta potongan kumisna anu ngan saupil di handapeun irung. Pan­garuh lawakan Charlie ieu di nagara urang, kacida nerapna, nepi ka aya istilah kawas Caplin waè, mangsa aya jalma nu kalakuanana piseurieun tapi ngabodor, oon meureun sigana mah.

BACA JUGA :  Kalap Makan Daging saat Lebaran, Coba 5 Makanan Ini yang Bisa Menurunkan Darah Tinggi

Di urang anu nurutan make ku­mis kawas kitu tèh nyaèta Jojon, anu ciri khas sèjènna calana ngatungna di pakè di saluhureun bujal. Rada nelah ogè tah pakèan Jojon tèh, nepi ka aya basa kawas Jojon make calana tèh.

Tina sakitu lobana palawak anu aya di nagara urang jeung di dunya, teu loba anu bisa jadi ciri tur dija­dikeun babasan tèh, dina ayana ogè lain tingkah paripolahna, tapi ung­keban anu dibawakeun, kawas al­marhum S. Bagyo anu nyarita kalau sudah duduk lupa berdiri.

Caritaan èta, sanajan (meureun) dimaksudkeun kana iklan tempat diuk wungkul, tètèla bisa disindirsam­pirkeun ka para pajabat anu tipopo­rosè nèangan jabatan ku sagala cara, malah bari samèmèhna tèh ngumbar jangji sorga.

Tapi saentas diuk mah, mo(poho) keun kana jangjina sorangan. Lawakan anu lucu tur pikaseurieun geus pasti bisa ngabeberah manah, sakurangna ngurangan stress, tapi heureuy anu dijieun ku tukangna, sok disebutkeun dagelan, biasana mah ayana tèh dina dunya politik.

Kawas anu keur ramèh ayeuna, bisa ogè disebutkeun di jerona tèh aya dagelan anu teu lucu, sabab rahayat anu nongton jeung ngadèngèkeunana mah, ukur bisa seuri maur bari jeung ngaragapan dada. Tah nu kitu disebut­na Heureuy anu teu lucu. (*)

============================================================
============================================================
============================================================