Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

JIGANA kahayang jalma dina uru­san saha anu bakal jadi batur hir­upna, teu awèwè teu lalaki pastina rada sarua. Nu lalaki sanajan teu kabiruyungan boga rupa kasèp malah asup kana golongan gorèng patut (kawas kuring) dina meu­nangkan jodo mah, pastina ogè anu geulis, beungeutna ngadaun seureuh, irungna bangir, halisna siga jelèr ngajepat, gadona en­dog sapotong, jangkung leutik, solèhah, bahènol nèrkom. ah po­kona mah sampurna wè lamun ceuk basa ayeuna mah idèal.

Kitu ogè nu awèwè sanajan asup kana majar manèh cengkèh konèng kulit peuteuy dina nyiru, majar manèh lengkèh konèng ku­lit beuteung mani nambru dina milih calon pisalakieun mah nya kudu anu kasèp, jangkung badag, beurat beunghar, hirupna ajeg, boga pangkat atawa jabatan anu alus jeung solèh wujud anu hade lianna.

BACA JUGA :  Kecelakaan Toyota Innova di Lampung Terjun ke Jurang

Tapi mangsa ku Allah SWT dipaparin anu kaayaanan ukur 20 persèn kurang tina catetan kahayangna, geuning teu burung narima, malah rumah tanggana awèt nepi ka pakotrèk iteuk.

“nu penting tanggungjawab, nyaah ka diri kuring, bisa nyu­kupan lahir batin, cukup sandang jeung papan. Naon deui, pokona mah ngarasa tenang jeung bagya dina ngajalanan kahirupan bari didasaran ku ibadah,” tèmbal Ceu Eèn basa ditanyaan naha salakina saluyu jeung gambaran kahayang­na mangsa keur ngora? urusan jodo, pati bagya cilaka bener lain urusan manusa, satemenna hak preogratif Allah Nu Maha Agung.

BACA JUGA :  Tega! Bayi Berusia 6 Hari Ditempeleng Ayah Kandung di Surabaya

Dina ajaran Sunda, sifatna awèwè alusna dulang tinandè, ngan saukur nungguan, bari tang­tuna angger mere sèn atawa tanda-tanda aya pangharepan, dina harti teu dimurah-marèh. Tapi di jaman ayeuna mah, tibalik, nu awèwè pa­boro-boro nembrakeun kahayang­na (bogoh), sabab lamun henteu kitu cenah bisi kaburu ku nu lian.

Palah pilih teuing pibatureun hirup bisa jadi keuna ku paribasa pipilih meunang nu leuwih kocè­plak meunang nu pècak, salian teu saluyu jeung kahayang tèh, jauh pisan tina standar panghan­dapna. Salah sahiji cara ngung­kulanna ceuk Ki Tatang ka alona Ujang Sahala kudu daèk narima kakuranganna, sabab nu ngaran­na cinta, asih jeung nyaah sasatna èta pisan.

============================================================
============================================================
============================================================