DI LEMBUR tatangga poè ieu guyur, aya nu kaleungitan duit di pasar kulantaran dihipnotis. Mangkaning duit nu dibawa tèh pikeun balanja 40 poè salakina. Kajadiana, cenah kakara ogè rèk balanja asup ka jero pasar aya anu nepak tak-takna, basa dilieuk lalaki, teu lila manèhna diajak ngabaso. Teuing kunaon, nurut waè tah mangsa diajak tèh. Ti dinya leng teu inget naon-naon, nyaho-nyahoHariring-Dadang-HP geus aya di gigireun masjid, bari dompèt, geulang kalungna geus euweuh. Atuh ceurik gagauran, teu sirikna kokosodan. Untung wè aya tatanggana anu meneran sarua keur balanja di pasar, èta anu katipo. tèa tuluy diajak balik

Dulur jeung tatanggana, ahirna udunan pikeun mantuan balanja pikeun 40 poè salakina anu kamusibahan. Alhamdulillah katulungan ari urusan èta mah, ngan meureun soal perhiasan mah, kudu ditarima ku hate anu jembar. Sabab pastina ogè embung ari disalahkeun mah, yèn mangsa ka pasarna kunaon mani reunceum, sagala dipakè, jadi wè narik perhatian jalma pikeun niat gorèng. Komo deui pan pasar mah tempat nu panggorèng-gorèngna, sagala paniatan, anu alus nu gorèng aya di pasar. Nu teu niat jahat ogè mangsa nempo aya lolongkrang pikeun ngalaksakeun kajahatan mah, nya kitu tèa. Komo deui anu ti imahna mèmang geus boga niat jahat sarta mèmang penjahat, lengkep mangsa disadiakeun. Elmu Hipnotis remen pisan dipakè pikeun kajahatan di tempat-tempat umum. Nu jadi korbanna lolobana kaum ibu. Carana ampir saria, lamun teu nepak tak-tak, tonggong bari pura-pura nanya atawa pura-pura wawuh. Sabagèan kakuatanna aya dina panon, nepak tonggong atawa taktak, salah sahiji cara sangkan panon korban museurkeun panonna ka ahli hipnotis anu boga niat jahat èta.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Elmu hipnotis ayeuna mah mani nembrak pisan, sakumaha anu dipigawè ku Uya Kuya, Romi Rafael, Demian nu nu lianna. Kecap Hipnotis asalna tina kecap Hypno, nyaèta Dewa Sarè dina mitologi Yunani, anakna Dewi Nyx (Dewi Peuting). Elmu Hipnotis dibagi kana sababaraha bagèan nyaèta Hipnotis Tradisional Supranatural, cara mangaruhan manusa (obyek) ku kakuatan gaib (bantuan jin) ngaliwatan teuteup panon jeung kakuatan sora. Diantaran gendam anu bisa dialap ku jalan puasa, upacara husus kalayan maca jampè-jampè anu geu ditangtukeun. Kakuatan gendam gendam ieu sifatna maksa, heunteu gumantung kana daèk henteuna korban. Kusababa aya kakuatan sihir ieu dibantuan ku jin. Nu kadua sirep, nyaèta èlmu pikeun nyarèkeun. Biasana digunakeun pikeun maling nyarèkeun pangeusi imah anu rèk dijadikeun korban. Ceuk anu pernah ngarasakeun imahna disirep, biasana sok dipurulukan ku taneuh kuburan kana kentèng imah. Anu katilu nyaèta Sihrul ain, nyaèta hipnotis anu ngagunakeun kakuatan sorot panon anu seukeut, èlmu ieu masih kènèh ngagunakeun bantuan jin.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Hipnotis anu bisa mangaruhan anu sèjèn diantarana jeger, salatri nyeri, malah bisa ogè nu ngarandapanna nepi ka maotna. Biasana didasaran ku sirik pidik, jail kaniaya, tujuan utamana hayang ngabinasakeun. Aya ogè hipnotis anu ngagunakeun magnet, digunakeun dina taun 1500-an pikeun nyageurkeun pasèn. Hipnotis ieu dipakè ku Paracellus. Hypnotis modern dimekarkeun ku dr. Frans Anton Mesmer dina abad ka 18. Hipnotis ieu ngagunakeun gelombang uteuk beta (sadar) nepi dina kaayaan sarè (alpha- theta) Dina kaayaan kitu jalma nu dihipnotis gampang ditutah-titah. Aya ogè nu ngagunakeun bandul, teuteupan panon, nafas atawa kalimah. Pikeun nyegahna sangkan ulah kapangaruhan, boh dina kaayaan sadar (jaga) atawa teu sadar (sarè) umat Islam mah sabenerna geus dibekelan diantarana ku tilu surat, Al Ihlas jeung Falaq Minas. Lamun urang remen ngamalkeun ieu, boh rèk sarè atawa rèk iinditan kamana-mana bari ditambahan ku Lahaola wala quwata, pinasti moal keuna ku nu kararitu. Lamun sirep, hipnotis jeung èlmu lianna muntang ka ti salian Allah, maenya anu muntang ka sumberna langsung anu Maha Kuat bakal kaèlèhkeun. Eta mah kari kumaha kayakinan mutangtna wungkul, naha buleud kayakinan atawa henteu.

 

============================================================
============================================================
============================================================