Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEU salah ceuk agama jeung darigama, anu pangtengtrem jeung ni’matna hirup tèh akur jeung batur sa-kasur, batur sa-sumur, salembur wè heula, ulah waka jauh-jauh sa-gubernur. Akur jeung batur sa-kasur mah komo deui, sabab lamun keur gètrèng bakal ripuh sagalana, wah po­kona mah, matak teu bisa sarè lamun geus aya gencatan senjata jeung batur sa-kasur mah nya.

Tapi ngaranna hirup mah, afdolna akur jeung sasaha ogè, sabab lamun boga musuh, du­nya karasana beuki sempit atawa heureut. Ku akur mah sagalana tèh bisa disawalakeun kadituna bisa gawè bareng.

“Pan anak tèh, hasil gawè bareng lin,” ceuk Kang Aniel basa papanggih di Pasar Warung Jam­bu, harita anjeunna keur ngabo­rong mie golosor, aya kana lima kilona, cenah mah pikeun olèh-olèh rèk balik ka lemburna.

Ceuk paribasana mah, boga babaturan sarèbu can cukup, musuh mah hiji ogè loba teuing. Jeung batur sasumur, meureun tatangga anu dareukeut, pangna disebut batur sa-sumur tèh meu­reun baheula mah, sumur tèh dipakè mandi, atawa nyeuseuh babarengan, sakurangna sanajan mandina mah di imahna sèwangt-sèwangan, ari nyokot caina mah nya di tempat (sumur ) anu sarua. Atawa ayeuna mah, sanggeus di­wangun MCK tèa meureun anu disebut batur sasumur tèh geus kudu diganti ku batur sa-MCK.

Kitu ogè jeung batur sa-lem­bur, kumaha lamun “musuh” tèh aya di jalan pangliwatan, meu­reun lamun embung papanggih tèh kudu nèangan jalan sèjèn. Komo anu keur jadi musuha tèh ahli maasjid, atawa ahli musholla, matak sangheuk ka masjid atawa ka musholla, antukna, kating­galeun shalat berjamah jeung tarawèh.

BACA JUGA :  Resep Rendang Kentang untuk Menu Makan Bareng Keluarga Dijamin Bikin Nagih

“Hirup runtut raut sauyu­nan, lain waè dinasèhatkeun ku agama wungkul, dalah karuhun urang ogè nitahna tèh akur jeung sasama. Nepi ka aya paribasa nu jauh urang deukeutkeun, geus deukeut urang urang layeutkeun, geus layeut urang paheutkeun. Malah dina keur pangantènan mah jelas pisan du’ana tèh, run­tut raut sauyunan, kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak,” pokna daria.

Malah, saur Kang Aniel, hirup rukun tèh geus diajarkeun ku ka­ruhun urang ti baheula. Tah ngeu­naan kaakuran, boh jeung sasama manusa anu saagama, boh jeung anu teu sakayakinan, pan ku ka­ruhun urang mah geus dicontoan. Bari tuluy nyaritakeun kungsi papanggih jeung sababaraha kas­epuhan anu apaleun kana riwayat atawa babad Pajajaran, tur salila ieu teu pernah di (ka)catet dina sajarah anu ayeuna aya.

Di Astana Gedè Kawali, aya kuburan anu anu bèda agama (bèda ngujurna) dirèndèngkeun. Sajarah ogè, geus ngabuktikeun, sasatna pasantrèn anu dipingpin ku Syèh Quro tèh geus aya ti ja­man Maharaja Prabu Wastu Kan­cana (akina Prabu Siliwangi) tapi teu dikua-dikeiu. Malah kabèhdi­eunakeun salah saurang santrina ditikah tur dijadikeun pramèswari ku Sri Baduga Maharaja tèa. Di sababaraha kelompok masara­kat anu muhit, aya carita vèrsi Prabu Siliwangi anu nyaritakeun yèn salah sahiji anjeunna lèngsèr atawa masrahkeun kakawasaan ka putrana, Prabu Surawisèsa, atawa dina babad rahayat mah sok disebut Prabu Mundinglaya Dikusumah, masihan kasempetan ka palaputrana anu geus ngagem agama Islam tiheula.

BACA JUGA :  8 Kebiasaan Pagi yang Sederhana Bantu Bikin Bahagia dan Produktif Setiap Hari, Jangan Lupa Diterapkan

“Jadi ngahyangna Prabu Sili­wangi tèh, sabenerna mere kas­empetan ka agama Islam anu keur disyiarkeun ku palaputra jeung incuna sangkan sumebar ka mana-mana. sabab salami aya anjeunna kènèh mah tangtosna hèsè kanggo sumebarna, kalah kumaha ogè ngarasa seunggah upami kedah mayunan Prabu Siliwangi,” ceuk hiji kasepuhan basa ngariung sababaraha bulan kaliwat.

Saur èta sepuh, Prabu Sili­wangi, raja sakti waspada pra­mana tingal, tangtosan terangeun kana eusi ajaran Islam, komo deui salah sahiji prameswarina, nyaèta Subang Larang, pan muslimah.

“Malah bisa jadi aya hiji ru­siah anu tepi ka ayeuna tacan kaungkeb, atawa mèmang salil­ana bakal jadi rusiah Allah, ngeu­naan ngahyangna Prabu Siliwangi jeung sawaktu mileuleuheung­keun Ratu Subang Larang. Naha ieu tèh aya patalina jeung sume­barna Islam di Tatar Pasundan anu kacida cepetna ? Wallohu alam,” saurna daria.

“Tah èta tèh conto lamun ka­ruhun urang mibanda sifat-sifat kaakuran anu luar biasa.” (*)

============================================================
============================================================
============================================================