Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BIASANA tas jumaahan tèh sok tuluy ngopi, ngan kulantaran ma­sih loba kènèh daging kurban atuh kopi tèh ditunda heula, lèbar em­pal jeung sop hulu èmbè can kaas­aan. Jadi kusabab nu beukina ngan sorangan, atuh ngawayahnakeun manèh, ti mimiti ngurus nepi ka ngolahkeun tèh ku sorangan. Dua poè kamari mah mani asa weureu, lain ku ngadahar tapi ku ngurusan. Keur anteng ngahanju sop hulu, jol Ki Tatang dulurna Ki Madi, malah meureun kapiadina, sabab indungna Ki Madi tèh lanceuk ind­ungna Ki Tatang. Sanajan sesebu­tanana Aki, lain hartina geus kolot, komo pikun jeung geus katerap pa­nyakit B tilu, nyaèta bèsèr, boson jeung bubudakeun deui. Ieu mah landian loma wè, geus kitu sana­jan ogè geus incuan, tapi ari kana urusan nèangan èlmu mah, kacida resepeun kènèh. Kaasup ngalang­lang ka “alam gaib”, dina dunya internet. Ngan ari palebah fèfèsbu­kan mah teu daèkeun, pajarkeun tèh miceunan waktu wungkul.

“Coba wè itung sabaraha jam waktu anu dipiceunan di ha­reupeun layar komputer, ngan saukur kikituan. Tibatan kitu mending nèangan èlmu-èlmu kaagaamaan. Peupeuriheun keur ngora mah teu kaburu sa­bab kasiwer ku pagawèan. Tah ayeuna meungpeung loba waktu, naon salahna ngagunakeun kacanggihan tèknologi pikeun nambahan èlmu pangaweruh, da èlmu mah teu beurat ieuh dibawa­na. Ongkoh lamun uteuk teu digunakeun, sok tèrèh pikeun,” pokna tèh. Aya ben­erna, tah omongan Ki Tatang tèh. Bèdana tèh, lamun Ki Madi mah kurang pati rese­peun kana dunya tèknologi kayaning ngagunakeun com­puter jsbna.

BACA JUGA :  Bisa Dibikin Sendiri! Obat Batuk Alami untuk Dewasa yang Praktis

“Lah euweuh gawè, keur anu saumuran urang mah, teu kudu kikituan, kudu jeung prakna. Hay­ang nambahan èlmu agama saka­lian bari jeung datangna ka majlis ta’lim. Hayang nyaho ngeunaan bab-bab agama, kari datang nan­yakeun ka kiaina. Ku niat, gidig jeung hadirna di majlis ta’lim mah geus meunang pahala. Tong bo­roning ngadèngèkeun, dina nun­dutanana ogè pan geus diganjar ku Gusti Allah,” pokna tèh sababara­ha waktu kaliwat basa papanggih di Kampus IPB, harita anjeuna keur nganteur incuna nèangan buku anu keur dipamèrkeun di Graha Wisuda.

Enya teu salah, pan nèan­gan èlmu mah wajib hukumna, ti mimiti gubrag dilahirkeun nepi ka rèk diasupkeun kana liang lahat. Malah sabda kangjeung Rosul, sarèna ahli fikih leuwih utama ti­batan ibadahna jalma bodo.

“Kamari tèh kuring mukaan sababaraha situs ngeunaan dosa-dosa badag, masya Allah, geun­ing loba kacida aya kana tujuh puluhna. Jigana sa­bagèanana tèh remen di­lakonan ku urang,” ceuk Ki Tatang.

“Aya sabaraha, tu­juh puluh ?” cèkèng tèh, ngarènjag sabab kakara nyaho.

“Enya, mun tah ieu catetanana,”pokna tèh bari ngasongkeun cateta­nana anu meunang nyo­kot tina sababaraha situs. Dina kertas sacewir aya tulisan anu eusina ngeu­naan dosadosa gèdè diantarana, syirik (ngaduakeun Allah), maèhan jalma, migawè sihir,ninggalkeun shalat, teu ngaluarkeun zakat, teu migawè puasa dina bulan rama­dhan bari jeung taya alesan anu kuat, teu ngalaksanakeun ibadah haji sanajan geus mampu, dor­aka ka indung bapa, mutuskeun silaturahmi,zinah, ngayakeun hubungan jeung sasamana (lalaki jeung lalaki)ngadahar riba, ngada­har harta anak yatim, ngabohong­keun Allah SWT jeung RasulNA.

BACA JUGA :  Dijamin Nikmat, Ini 5 Rekomendasi Makanan Buka Puasa di Bogor

“Ieu tèh kakara opat belas, mangkaning aya kana tujuh puluh­na nya?” cèkèng tèh bari nempoan catetan Ki Tatang.

“Tah ngeunaan syirik dawu­han Allah dina Surat An-Nisaa ayat 48 tèh eusina kieu, saenyana Allah moal ngahampura dosa syrik jeung Mantenna ngaham­pura kana sagala dosa salian ti èta (syrik) èta, ka saha waè anu dipi­kahoyong-NA”.

“Tah anu diantara anu opat be­las di luhur aya anu teu sadar dilak­sanakeun bari alesanana tèh kulan­taran kasibukan tèa nyaèta ibadah haji, padahal geus mampuh. Lolo­bana mah lain sieun ku hukum Al­lah, sieun ditèwak ku pulisi tuluy diasupkeun pangbuian.”

“Enya lamun kitu mah, leu­wih sieuneun ku hukum manusa tibatan hukum Allah nya. Padah di lebak mah, moal aya anu nulun­gan. Iwal ti amal-amalan!” (*)

============================================================
============================================================
============================================================