Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA

JUMAAH sababaraha waktu kaliwat kur­ing diajakan shalat Jumaah di masjid di tengah kota, anu jamaahna sigana mah para pagawè, sabab rèrèana marakè baju seragam jeung dicaralana panjang. Pan umumna di masjid-masjid di lembur mah, marakè sarung baju koko jeung diparèci. Kitu ogè bilal jeung muadzinna makè sèragam salah sahiji pausahaan swasta. Imam jeung khotibna biasana ti luar, sabab unggla Jumaah bèda-bèda. Jamaahna pinuh nepi kaluar-luar, sana­jan ceuk masjidna geus kawilang lega. Bubuhan di sisi jalan, sarta kajojo timana-mana, atuh nu marilu shalat jumaahna ogè, lain ngan saukur pagawè swasta wungkul, pagawè nagri jeung barudak sakolana ogè kawilang rèa.

Harita anu jadi imam jeung khati­bna budak ngora, fasèh bacaan hadistna mangsa keur hutbah. Hanjakalna, sigana tèh bakating ku sumanget, nepi ka lila jeung panjang teuing. Padahal sakuduna mah, khatib tèh bisa ngabèdakeun dina urusan ngaimaman jeung ngakhatiban. Lamun di masjid lembur kawas di kam­pung kuring anu rèrèana patani teu jadi pasualan. Sabab saentas jumaahan tèh geus asup mangsana reureuh, atawa teu gawè deui. Lamun tèa mah aya acara ka kebon, paling ogè ngan saukur ngala parab embè, sabab pancèn anu utamana mah geus dirèngsèkeun nepi ka jam sapu­luh atawa jam sabelas, wanci pecat sawed tèa dina poè Jumaah mah. Reureuhna patani mah, lolobana dina unggal Jumaah, poè sèjèn mah nya biasa wè ka sawah, taya saptu taya ahad, iwal ti aya kaperluan meuli bèrak, atawa nyambungan, lamun ceuk basa Bogorna mah ka ondangan. Lamun tèa mah kudu nyanyabaan jauh jeung rada lila, saentas pare di sawahna umur dua bulan atawa tilu bulan.

BACA JUGA :  Resep Membuat Semur Daging dan Kentang untuk Menu Andalan Keluarga

Tah sabot ngadagoan panèn biasana sok ngadon bubuara ka kota, nèangan pagawèan sèjèn, itung-itung nambahan panghasilan.Mangsa panèn mah, sanajan sakumaha loba pagawèan di kota ogè, pasti ditinggalkeun. Lebar ku pepelakan di lembur, meunang hèsè cape tèa atuh. Balik deui ka imam atawa khatib anu di­caritakeun di luhur, geus mah khutbahna panjang pisan, susuratan anu dibacana ogè panjang deuih. Atuh jamaah anu ku­duna satengah hiji geus kaluar ti masjid, sabab kudu dahar jeung istirahat heula, sabab kudu asup deui gawè tèh jadi ka­ganggu. Malah dina mangsa keur khut­bah kènèh, jamaah loba anu gegerendeng bari sababaraha kali nempoan jam dina leungeunna, sabab geus jam hiji kurang saparapat khotib tèh can ngeureunan khotbahna. Pikeun èta, saur Mama Haji Arief Hidayat taya salahna lamun nginge­tan sababaraha hadist anu aya patalina jeung urusan khotbah Jumah tèa. Sa­kumaha diriwayatkeun ku Muslim , At- Tarmidzi , Abu Daawud An-Nasaa.iy sarta nu sanèsna. Dina salah sawios hadist dise­batkeun yèn kantos shalat Jumaah sareng Kangjeng Rasul, anu negeskeun boh dina bacaan shalat sareng khotbahna henteu panjang, namung meujeuhna, panjang henteu pondok henteu.

BACA JUGA :  Resep Membuat Rendang Jengkol yang Gurih Renyah dan Mantap

Kuring kantos shalat berjamaah Jumaah sareng Rasulullah shallallaahu .alaihi wa sallam, dimana shalat anu dipidamel ku manrenna meujeuhna sarta khutbahna ogè sedeng. Hadist sa­nèsna nyebatkeun, Rasulullah shallallaa­hu .alaihi wa sallam biasa nyeueurkeun dzikir, ngirangan heureuy sempal kapi­guyon, manjangkeun halat, sarta mon­dokan khutbah. Mantenna ogè remen nyarengan para randa sareng jalma-jal­ma masakat, sarta nedunan kabutuhna.

Basa kajadian èta dicaritakeun ka Kang Haji Endang anu ogè ngiringan shalat berjamah Jumaah di masjid èta, tètèla anjeunna ogè sapagodos, yèn imam anu tadi kurang wijaksana.

.Kuduna mah imam tèh bisa nyaho kaayaan jamaahna, pan masjid anu bieu tèh jamaahna para pagawè anu jam hiji kudu geus asup gawè deui. Lamun jam hiji kakara kaluar ti masjid kumaha rèk dahar jeung istirahatna. Pan agama mah mere jalan anu gampang heunteu nyusahkeun,.pokna daria pisan. Jadi alus­na mah, di masjid anu pernahna di kom­plek pakantoran mah, khotbahna tèh ulah panjang-panjang teuing. Sabab bisa ngaba­lukarkeun kurang husu mangsa keur shalat Jumaahna. Sanès kitu Ki Haji Arief? Tah jadi imam tèh kedah wijaksana nya. (*)

============================================================
============================================================
============================================================