Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

(Saur Aki Pochman, manusa 9 jaman,moal aya Soekarno anu jadi Presiden RI munggaran lamun taya Inggit Garnasih). Nami Ibu Inggit Garnasih, gar­wa nu kaduana, Bung Karno, teu sakawèntar kawas Raden Ajeng Kartini anu remen dip­ièling dina tanggal 21 April ata­wa Radèn Dèwi Sartika, Cut Nya Dien, pahlawan asal Acèh anu dimakamkeun di Sumedang.

Kunaon pangna kuring bisa nyebutkeun kitu, sabab kungsi nanyakeun ka ibu-ibu panga­jian anu aya di lembur. Tina 30 urang anu aya, nu nyahoeun tèh ukur duaan, kitu ogè pèdah wè duanana tèh manten guru jeung kapala sakola. Nu sèjènna mah lebeng, teu apaleun. Mun ka Ibu Raden Ajeng Kartini mah, ampir sakabèhna ngacung tanda nyahoeun, ukur saurang anu cicing tèh, tapi lain pèdah nyahoeun, ngan keur nundu­tan. Inggit ( satuluyna urang se­but, ngarah teu mèakeun kaca), padahal loba jasana ka salah saurang pamuda anu umurna kakara 21 taun, anu datang ka Bandung pikeun diajar di Hol­land Indlandsche School/ HTS (ayeuna ITB), harita mah nga­ranna tèh Kusno.

Pamuda ieu mamawa surat panganteur ti HOS Cokroamino­to, inohong pergerakan Sarikat Islam. Dina èta surat anu dito­jokeun ka Haji Sanusi (carogèna Inggit) pangusaha beunghar anu ogè inohong pergerakan SI di Bandung, eusina nitipkeun Kusno, sangkan bisa idekos di bumina Haji Sanusi. Inggit anu dilahirkeun di Dèsa Kemasan Banjaran, Kabupatèn Band­ung, name aslinamah Garnasih kawilang bèntang di dèsana. Nepikeun loba pamuda anu ka­bandang, sawaktu anjeunna gu­mujeng, para pamuda anu boga hate kadua leutik tèh. mani ba­rungaheun pisan.

“Asa dibèrè duit saringgit, cenah,” ceuk para pamuda tèh. Ti harita Inggit anu robah kecap tina saringgit, napel kana nami­na anu asli, jadi wèh Inggit Gar­nasih. Sataun saentas Kusno nganjrek di bumina, aya binih cinta antara Bung Karno jeung Inggit. Pikeun Inggit sabenerna lain ukur cinta, aya asih anu teu bisa dicaritakeun, jiga aya harèwos taya sora, yèn dirina kudu aya di sagigireun Soek­arno, sabab hiji waktu pamuda anu keur diajar di HTS. Kitu ogè carogena, Haji Sanusi jig amah terangeun kana ilapat èta. Sanajan beurat anjeunna mirak Inggit anu satuluyna jadi garwana Soekarno.

Inggit tètèla sanès mung saukur istri anu solèhah tu­mut ka carogè, namung istri anu kuat pamadegan, dina nyanghareupan sapopoè. Ku­lantaran Bung Karno sibuk kuliah sareng ngarencanakeun kamerdèkaan sareng nu sa­nèsna, Inggit kudu ngalaman narima jaitan, dagang kutang, nyieun wedak jeung jamu pikeun dijual, keur ngabèay­aan rumah tanggana. Malah sawaktu Bung Karno ditahan di Banceuy, anjeunna mapah ngalongok jeung ngirim ka­daharan carogèna. Di bumina Inggit teu welèh imut, mangsa kasumpingan para inohong rèrèncangan sareng guruna Bung Karno pikeun nyawal­akeun urusan kamerdekaan.

Sawaktu Bung Karno dipi­ceun ka Endè Flores, Inggit ogè nyarengan Bung Karno, anjeun­na tetep tawakal tabah teu per­nah ngarasula. Tapi Inggit tetep Inggit anu boga pamadegan kuat, teu unggut kalinduhan gedag kaanginan, anjeunna leu­wih resep ngusap birit tibatan udar gelung, sawaktu Bung Karno rèk mileuleuheungkeun Fatmawati. Kalayan teges Inggit nyarita, mènta dipasrahkeun tibatan kudu diduakeun atawa dicandung mah. Prinsip anu teu bisa digedagkeun sanajan nepi ka kudu pipirakan, ning­galkeun sagala anu dipikan­yaahna. Sanajan hatèna runtag, anjeunna keukeuh kana kapu­tusanana.

Hatè Inggit angger leuleus mangsa Bung Karno anu harita geus jadi Presiden ngalongok anjeunna anu teu damang. Basa Bung Karno sanduk-sanduk mènta dihampura, Inggit nye­butkeun samèmèh mènta di­hampura, dirina geus ngaham­pura. Kitu ogè basa papanggih jeung maruna, Fatmawati, Ing­git nangkeup pinuh asih bari ngaharèwos yèn dirina henteu ngarasa nyeri hate. Mangsa Bung Karno tilar, Inggit anu geus rèmpo maksakeun datang ka bari nuju teu damang. Di pa­yuneun layon Bung Karno anu dipikadeudeuhna, Inggit nyari­ta lalaunan.

“Engkus geuning ning­galkeun. Inggit ngadua’keun,” saurna. Teu seueur cumarios, tapi dua kalimah èta geus ngagambarkeun kumaha eusi hate jeung ihlasna Inggit. Inggit anu ngantunkeun alam dunya dina yuswa 96 warsih dina ping 13 April 1984, pesen ka Ratna Juami putra angkatna sareng kulawargana, sangkan dikureb­keun di pamakaman umum lain di taman makam pahlawan.

loading...