Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
(Saur Aki Pochman, manusa 9 jaman,moal aya Soekarno anu jadi Presiden RI munggaran lamun taya Inggit Garnasih). Nami Ibu Inggit Garnasih, garÂwa nu kaduana, Bung Karno, teu sakawèntar kawas Raden Ajeng Kartini anu remen dipÂièling dina tanggal 21 April ataÂwa Radèn Dèwi Sartika, Cut Nya Dien, pahlawan asal Acèh anu dimakamkeun di Sumedang.
Kunaon pangna kuring bisa nyebutkeun kitu, sabab kungsi nanyakeun ka ibu-ibu pangaÂjian anu aya di lembur. Tina 30 urang anu aya, nu nyahoeun tèh ukur duaan, kitu ogè pèdah wè duanana tèh manten guru jeung kapala sakola. Nu sèjènna mah lebeng, teu apaleun. Mun ka Ibu Raden Ajeng Kartini mah, ampir sakabèhna ngacung tanda nyahoeun, ukur saurang anu cicing tèh, tapi lain pèdah nyahoeun, ngan keur nunduÂtan. Inggit ( satuluyna urang seÂbut, ngarah teu mèakeun kaca), padahal loba jasana ka salah saurang pamuda anu umurna kakara 21 taun, anu datang ka Bandung pikeun diajar di HolÂland Indlandsche School/ HTS (ayeuna ITB), harita mah ngaÂranna tèh Kusno.
Pamuda ieu mamawa surat panganteur ti HOS CokroaminoÂto, inohong pergerakan Sarikat Islam. Dina èta surat anu ditoÂjokeun ka Haji Sanusi (carogèna Inggit) pangusaha beunghar anu ogè inohong pergerakan SI di Bandung, eusina nitipkeun Kusno, sangkan bisa idekos di bumina Haji Sanusi. Inggit anu dilahirkeun di Dèsa Kemasan Banjaran, Kabupatèn BandÂung, name aslinamah Garnasih kawilang bèntang di dèsana. Nepikeun loba pamuda anu kaÂbandang, sawaktu anjeunna guÂmujeng, para pamuda anu boga hate kadua leutik tèh. mani baÂrungaheun pisan.
“Asa dibèrè duit saringgit, cenah,†ceuk para pamuda tèh. Ti harita Inggit anu robah kecap tina saringgit, napel kana namiÂna anu asli, jadi wèh Inggit GarÂnasih. Sataun saentas Kusno nganjrek di bumina, aya binih cinta antara Bung Karno jeung Inggit. Pikeun Inggit sabenerna lain ukur cinta, aya asih anu teu bisa dicaritakeun, jiga aya harèwos taya sora, yèn dirina kudu aya di sagigireun SoekÂarno, sabab hiji waktu pamuda anu keur diajar di HTS. Kitu ogè carogena, Haji Sanusi jig amah terangeun kana ilapat èta. Sanajan beurat anjeunna mirak Inggit anu satuluyna jadi garwana Soekarno.