Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“IBU-IBU, ulah hariwang kageu­lisan anu saèstuna anu diharep­keun ku bapa-bapa, atanapi carogè ibu di bumi sanès mung geulis luarna wungkul, tapi nu aya di lebet, upami basa ayeuna mah, inner beauty tèa,” ceuk Ibu TS, ahli kageulisan anu kakon­cara basa di ondang ku kumpu­lan ibu-bu “Sagala Aya” di salah sahiji hotel bintang 4 di kota ieu.

Kumpulan Arisan Sagala Aya, di kota ieu mah geus kakoncara ka mana-mana, remen ditulis koran, kusabab rèa pisan kagiatanna, ti mimiti kagiatan pangajian,sosial, kaasup kageulisan.

Anggotana ogè lain jorè-jorè, salian ti pamajikan pajabat, pangusaha, ogè anu rada resep kampal-kumpul wungkul, anu urusan duit teu jadi masalah. Rèk nyieun kagiatan naon waè, teu hèsè, salian meunang kukumpul ti anggota, pan tekènan salakina tèh seukeut pisan, lamun nyieun sapuluh proposal, sakabèhna bisa jadi duit.

Pan aya tèkènan sakti, salakina bu Anu. Bu TS anu diondang salian ti ahli kageulisan ogè artis sinètron, sanajan teu pati loba sinetronna dina televise. Numatak ibu-ibu rada katarik pikeun ngadatang­keun Ibu TS jadi panyatur din Seminar “Mencegah Suami Seling­kuh degn Mempercantik Diri” ogè, pèdah geulis kènèh pisan sanajan umurrna geus teu ngora deui. Geus kitu teu kabèjakeun rumah tang­gana keuna ku gossip gorèng, teu kawas artis nu sèjèn.

“Salian ti geulis pinter pisan nya, Bu TS tèh, mani capètang,” ceuk Nyi Kokom anu milu kusa­bab ngagantian tatanggana, Ibu Itjeu, pamajikan pangusaha gedè, anu teu bisa datang kusabab mi­tohana di Ciamis maot.

BACA JUGA :  Sinergi Jaga Ketahanan Pangan, Sekda Kabupaten Bogor Hadiri Rakor Bersama Sekda Se-Jawa Barat 

“Asa karagaragan bèntang puguh ogè. Bisa kapanggih jeung ibu-ibu balaleunghar jeung ga­reulis,” ceuk Nyi Kokom ka Nyi Kènoh anu ngaku bisa datang pè­dah ngagantian dununganna anu kudu ngalongok anakna di Bali.

“Sami abdi ogè aceuk, mun dunungan teu ka Bali mah, moal nyaho hotel anu sakieu agrèng­na,’’ tèmbal Nyi Kènoh.

“Tadi naon cenah, vacuum cleaner?”

“Hus lain vacuum cleaner, tapi si inner cuti.”

“Geus lah urang dèngèkeun wè kumaha tungtungna,” Nyi Kokom napelkeun curuk kana bi­wirna. Seminar Mencegah Suami Selingkuh ieu, waragadna luma­yan badag, sabab salian ti ngahad­irkeun panyatur artis ti Jakarta, ogè pan diayakeun di hotel anu agrèng.

Mun teu salah ondangan pikeun asupna ogè saurangna sa­juta satengah, anu pikeun Kokom jeung Kènoh mah matak ngabi­rigidi ngadèngèna ogè. Sanajan mahal, hih angger wè pinuh, meureun ibu-ibu tèh sieuneun disalingkuhan ku salakina, nu­matak milu ogè.

Ceuk pamikiran ibu- ibu anu haladir dina acara èta, naon har­tina harta banda, imah agrèng, perhiasan, mobil lamun rumah tangga teu bagya, kusabab salaki ngaranyèd deui di luar. Pan teu saeutik lalaki anu geus baroga pamajikan, bari laloba duitna boga simpenan di luar. Bèrès jadi panyatur, Ibu TS, ngawanohkeun babaturanna, Ibu NT, pangusaha kosmètik anu cenah produkna remen dipakè ku artis-artis si­nètron di Indonesia. Atuh duit nyampak, tur hayang katempo jiga artis, dagangan anu dibawa ku Ibu NT tèh bèak dibareulian.

BACA JUGA :  Menu Makan Malam dengan Udang Goreng Bawang Putih ala Restoran yang Gurih dan Harum

Malah anu teu harita teu kaba­gèan mah, loba anu pesen ka Ibu NT tèh. Anu olohok ngembang kadu tèh ukur Nyi Kokom jeung Nyi Kènoh, komo basa nempo duit pameulian kosmetik anu sakitu lobana di luhureun mèja. Wah pokona mah, acara dina poè èta kawilang suksès. Bu NT kantongna marekis, daganganna èrèp, Bu TS, seurina mani dio­bral, komo basa loba nu dipoto bareng mah.

Rèk teu bungah kumaha, salian ti meunang bayaran gedè ti panitia, ogè bakal meunang komi­si 5 persèn tina hasil pangjualan kosmetik. Anu milu seuri leutik, pupuhu panitia, Ibu WN, sabab sarua bakal meunang 5 persen tina jujualan kosmètik. Lamun poè èta hasil jujualan kosmetik meunang Rp 50 juta, sakurangna dua juta satengah mah geus ka­tarima tah.

“Numatak kudu pinter jadi jelema mah,” ceuk Ibu WN muji dirina sorangan. Kitu pan manèh­na mah teu kudu mayar ondangan anu gedèna Rp 1,5 juta tah.

Saminggu ti harita, ibu-ibu arisan “Sagala Aya,” mani ar

olohok, sabab dina TV jelas pisan, Ibu TS tèh ngagugat cèrè salakina kusabab salingkuh. Euh ieu kitu Inner Beauty tèh !

============================================================
============================================================
============================================================