Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAUN ayeuna mah sigana tèh moal kabagèan usum halodo, sabab geus bulan Agustus hu­jan masih kènèh kerep, lamun teu isuk, sore atawa peutingna hujan. Padahal numutkeun itun­gan mah, lamun geus asup bu­lan September geus asup kana usum hujan atawa ngijih. Bulan Haji anu sakuduna nincak dina usum halodo, ayeuna mah aya dina usum hujan. Alhamdulil­lah hujan tèh sabenerna mah berlkah, tapi lamun tèa jadi ba­hal tèa mah, kusabab manusa kènèh. Banjir di kota atawa di Bandara sababaraha poè ka­liwat, alatan sisitim irigasina mangpet atawa gorèng.

Longsor di lembur jeung tempat lainna, balukar polah manusa, leuweung diruksak, tangkalna digalaksak, sawarèh­na dibeuleum. Padahal tugas manusa minangka kalifah, sakurangna kudu migawè tilu hal, hablum minallah, hablum minannas jeung hablum min’alam. Lamun tina tilu ieu, ukur hiji atawa dua can leng­kep jadi kalifahna. Dina bulan Haji salian ti loba anu ngalak­sanakeun ibadah haji, loba ogè anu ngalaksanakeun jatuk rami, munggah haji ka bale nyung­cung, ngawujudkeun jangji pa­sini diantara dua mahluk. Salian ti niat ngalobakeun ibadah, ngahalalkeun nu haram, ogè ngalanggengkeun katurunan.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Dina bulan ieu, jamaah nu rèk ngalaksanakeun Rukun Is­lam anu ka 5, sabagèan geus dimiangkeun ka Makkah, rèk mapay raratan jeung ngalak­sanakeun kawajiban anu kungsi dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim sarta satuluyna diajarkeun ku Kangjeung Nabi Muhammad SAW. Ku turunna parèntah ngalaksanakeun ayat 97 dina surah Ali Imran anu tar­jamahan bèbasna, Jeung Allah ngawajibkeum manusa migawè ibadah haji ku jalan nyumpin­gan Baitullah nyaèta saha anu mampu sarta kawasa nepi ka Manten-NA jeung saha anu kufur, ingkar kana kawajiban haji ieu, mangka saenyba Allah Maha Beunghar jeung henteu muntang kana naon waè tina sa­kumna makhluk”.

============================================================
============================================================
============================================================