Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAUR Haji Mama Arief Hidayat, ahli dongèng anu baheula kaceÂluk ka awun-awun ka koncara ka mancanagara ku kalima,…..euh waktosan seep mangsa dongèng keur meujeuh ramè-ramèna, jaÂgoan atawa jawara ayeuna jeung jagoan ayeuna loba pisan bèdana.
Mama Arief anu baheula kawèntar ku dongèng èntèng pasoÂsorè anu judulna Si Rawing, Jagoan Leuwi Tutugan sarta nu lianna negeskeun yèn anu dissebut jagoÂan dina mangsa kiwari, kawas iklan mèrk mobil, Jagoan Cari Duit.
Enya sabab anu loba duit mah, bisa hiber (naèk kapal udaÂra), bisa leungit (sanajan cicing di jero panjara bisa jalan-jalan ka Bali jeung ka Eropa), lètahna seuÂkeut jeung curukna matih pisan.
Caritana pasti didèngè, enÂtong boroning dina bener, dina salahna ogè bisa dianggap bener. Curukna matih, pasti diturut ari tutah-titah ku duit mah.
Sabab tong boroning kolot budak ogè ari taya buruhna mah, tara daèkeun indit mangsa ditiÂtah ka warung tèh. Nu boga duit mah, bisa nyieun pabrik, nyieun pausahaan bari jeung nu garawèÂna tèh loba anu palinter, sakolana laluhur bari jeung lulusan luar nagri sagala.
Sanajan nu boga pabrikna mah, SD ogè teu lulus. Ku dunya mah bisa “dimulyakeun†sakurangÂna kitu ceuk tetempoan duniawi.
Sabab kamulyaan anu sajati mah, sumpingna ti Allah, sarta nu nganilèyna ogè Nu Maha Suci. Sabab ari panilèyan manusa mah, sakapeung sok rada anèh.
Geus puguh korupsi ngagalÂaksak duit nagara jeung rahayat mangsa kaluar ti panjara tèh mani dibagèakeun siga mapagÂkeun pahlawan anu tas berjuang ngabèlaan lemah cai Di jerona ogè cenah, kawas kamar hotel, aya telepisi, salon, bisa karokean, wah teu siga keur dibèrok, nu boga duit mah.
Nu teu boga duit, bari ngan saukur maling hayam, kitu ogè keur maraban anak pamajikanna pèdah teu boga olaheun, pan naÂsibna tèh matak ngenes.
Beunang ku masarakat bèak digebugan, saentas kaluar ti panÂgbuian, angger bingung kudu kumaha nyiar usaha, Sedengkeun anu korupsina milyaran mah, kari muka usaha, sabab sèsana loba kèÂnèh. Baheula èta mah kètang, ayÂeuna mah sigana moal pati bèda.
“Tah ari jagoan baheula mah, bèda deui. Sabab pikeun nebusÂna ogè kudu muasa lilana opta puluh poè, mutih, nyepen, mandi peuting di tuju curugan cai,†saur Mama Arief. Anu nungtut kaduÂgalan, jadi tukang bobok tukang tarok, otot kawat balung beusi.
Teu sieun ku manusa sèjèn, iwal ti ku pamajikan, kolot jeung mitoha. Sabot Mama Arief nyariÂtakeun jagoan tèh jadi inget ka dulur kuring, Ujang Kemed anu remen ngaku lamun manèhna tèh resep pisan gelut.
Malah ceuk carita manèhna ngalawan tilu opat urang mah, kagok sakurangna tujuh urang kakara asa boga lawan.
Hiji waktu ceuk Ujang Kemed, basa manèhna tas ulin di Jakarta, turun di Terminal BaÂranangsiang, Kota Bogor tèh geus tengah peuting.
“Akang geus rada curiga, tuÂluy wè singkil, bisi aya maung ngamuk gajah meta, èta jelema nu ngarariung boga niat jahat. Ditung-itung ceuk taksiran aya kana sapuluh urangna. Basa diÂantara nu ngariung nanya, teu ditèmbalan ieuh,†ceuk Kang Ujang.
“Terus kumaha tah Kang?â€
“Eta jalma tèh kalahka nyarita kieu, sugan torèk tah jalma tèh. Ku Akang ditembalan, aing teu torèk euy, bari terus disampeurkeun,â€tembalna.
“Haduh na wanian pisan atuh Akang tèh,†kuring manghariÂwangkeun.
“Enya wè rèk niat jahat, basa disampeurkeun tèh nu sauÂrang rèk hudang. Ku Akang diÂpiheulaan ditinggang, soloyong gedebug, ngajoprak,†ceuk Kang Ujang bari pepeta.
“Teras kumaha tah kang, nu sèjènna disikat ogè?â€
Kang Ujang teu langsung nèmbalan, kalah ka ngahuleng. Teu lila nembalan lalaunan.
“Teung tah nu sèjènna mah. Sabab inget-inget geus aya di PMI,â€tèmbalna bari seuri konèng.