Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
RADA panasaran jeung rada teu kaharti basa Ki Sobat, Ki Tatang nyebutkeun yèn èlmu silat kacida diperlukeunna mangsa urang jadi pajabat. Naha jurusna, ajaran di jerona atawa naonna anu diperÂlukeunna.
Lamun ajaran jeung ajèn inaÂjènna jelas pisan, sabab lain ngan ukru silat wungkul, bèladiri sèjèn ogè ngajarkeun kitu. Kudu boga jiwa ksatria, jujur jeung junun. Malah urusan èta mah, rengkolna jelas dina unggal agama.
Mun palebah dinya satuju pisan, para pamingpin lain waè ngan saukur ngawasaan èlmu mingpin anu ngawengku pinter wungkul tapi kudu dibarengan ku cageur, bageur jeung singer.
Sawatara lamun urusan jurus mah, asa teu perlu-perlu teuing, sabab pan lain mingpin di jaman kariweuhan, soal hukum jeung ancaman aya nu nguruskeun, boh kapolisian atawa kajaksaan.
Sabab lamun pamingpin anu ngajalankeun tugasna amanah, saluyu jeung aturan, bageur, caÂgeur sarta jujur saha anu rèk ngagunasika? Tapi lamun sabaÂlikna, anu ngudagna lain ukur urusan hukum wungkul, tapi di jero hatèna ogè pasti aya rasa rumasa salah (kètang kitu ogè laÂmun hatèna teu kalimpudan ku halimun hawek jeung asa bener sorangan).
Pikeun mèakeun rasa kapanaÂsaran, basa tas shalat Jumaah tèh Ki Sobat ngahaja didatangan ka imahna, rèk nanyakeun sakalian hayang ngopi bareng. Kasampak tèh keur gegeber, bari di kaos kuÂtang wungkul.
Basa nyahoeun kuring datang, gancang ka jero make baju koko urut tadi jumaahan. Barabat kuring nyaritakeun paÂmaksudan yèn pangna datang ka imahna tèh, hayang nanyakeun pasualan diajar silat jeung kapaÂmingpinan, naha aya patalina?
“Jelas aya, boh nu alusna ataÂwa nu gorèngna. Nu mana heula yeuh?†tèmbalna tèh.
“Nu alusna heula tah,â€cèkèng tèh. Ceuk Ki Tatang, silat raket patalina jeung kasèhatan awak sarta ngadidik jalma pikeun jadi satria. Lamun awakna sèhat, jiwaÂna kuat. Ceuk bangsa deungeun mah mensana in corporsano tèa.
Bisa jadi kuat dina nahan goÂdaan tina korupsi, keukeuh teu daèkeun narima duit haram sanaÂjan sakumaha gedèna ogè, komo lamun kawijakanna lain waè sauÂkur ngarumpak aturan anu geus ditangtukeun, tapi bakal nyangÂsarakeun rahayatna.
Ksatria, lamu manèhna perÂnah migawè salah, ngaku salah teu nyalahkeun nu sèjèn, bari jangji bakal ngomèan kasalahanÂna, sarta moal migawè kalakuan samodèl kitu kahareupna. Hèbat lah teu nyangka pisan, pamadeÂgan ki sobat tèh geuning.
“Ayeuna nu gorèngna, kumaÂha tah?â€
Dina jurus silat pan diaÂjarkeun kelid atawa nyingcet, tonjok bohong, nangkis, tonjok enyaan sarta rupa-rupa jurus sèjènna. Tah, lamun maca kaÂjadian di wewengkon urang, loba pajabat anu pinter kelid jeung nyingcet, saumur-umur jadi keÂpala dines atawa badan, teu perÂnah mere katerangan ngeunaan anu dipigawèna. Pinter pisan nyÂingcet ti wartawan.
Padahal salah sahiji cara pikeun tanggungjawabkeun tina pagawèanna tèh ku jalan mere katerangan ka wartawan ambèh masarakat nyaho. Sabab anggaÂran anu dipakèna tina duit pajeg rahayat, kudu blak-blakan, balaÂka lamun ceuk basa kiwari mah transparansi tèa.
Jurus lianna, nangkis, jadi pajabat jaman ayeuna mah kudu bisa nangkis tuduhan (sanajan bari jeung kudu ngabohong ogè) diteruskeun ku tonjok bohong anu dilarapkeun ngabersihan tanggungjawab dirina bari sabisa-bisa nyalahkeun dines sèjèn.
Asa enya tah, sabab lamun maca dina koran urusan pangaÂwasan jeung izin, sok silih salahÂkeun, ngabasuh leungeun tèa. Loba pisan buktina.
“Pokona mah tèangan lolongÂkrang pikeun neumbleuhkeun kasalahan èta ka kantor sèjèn. Engke ku kantor itu ogè ditakis deui yèn urusan èta mah lain tanggungjawabna, tapi tanggung jawab dines itu,†ceuk Ki Tatang.
“Aya kènèh tah?â€
“Is loba pisan ngan anu pangÂpentingna aya jurus budeg atawa embung ngadèngè. Antepkeun wè, lila-lila ogè pareum. Nu darèÂmo engkè ogè capèeun ngadèÂmona. Nu ngaberitakeun dina koran, ku kalamian mah pareum sorangan,â€tèmbalna daria pisan. Beuh bahaya atuh lamun para paÂjabat urang nepi ka kituna tèh nya.
“Naha bisa dieureunan nu kararitu tèh?â€
“Ukur ku dua perkara, katèwak ku urusan hukum jeung modar,â€tembalna bari nutup carÂitaan sabab kudu dagang di deuÂkeut Lampu Beureum. Beuh !