Hariring-Dadang-HPKabuyutan  dina kapercayaan  Sunda  Wiwitan, tempat suci   atawa pamujaan anu dianggap  karamat atawa  tempat pamunjungan. Pamunjungan  sorangan mangrupakeun” punden berundak” anu pernahna di pasir atawa tempat rada luhur, sarta biasana sok aya Menhir, Arca, Batu Cengkuk, Batu Mangkok, Batu Pipih  atawa nu sèjènna. Di Tatar Sunda tempat nau disebut Pamunjungan atau Kabuyutan  kawilang loba diantarana Balè Pamujaan Genter Bumi, Situs Cengkuk, Gunung Padang, Kabuyutan Galunggung, Situs Kawali jeung rèa deui.  Sedengkeun di Di Bogor sorangan anu mangrupa Pusat Nagara Sunda  nyatana Pajajaran baheulana loba tempat pamunjungan  diantaran Pamunjungan Rancamaya  anu baheulana dingaranan Pamunjungan Sanghyang Padungkukan atawa kawentar ku sesebutan Bukit Badigul. Hanjakalna wujudna geus robah jadi Lapangan Golf.

Dina mangsana harita, jaman Karajaan Pajajaran pamunjungan anu pangbadagna nyaèta Pamunjungan Kihara Hyang anu pernahna di Leuweung Songgom, atawa Balè Pamunjungan Mandala Parakan Jati anu ayeuna dijadikeun Kampung Budaya Sindang Barang di Kacamatan Tamansari Kabuapten Bogor. Salian anu disebutkeun di luhur aya ogè Kabuyutan Cipaku di Sumedang, Kabuyutan Cuburuy Garut, Kabuyutan Galunggung Tasikmalaya, Kabuyutan Geger Kalong, Bandung, Kabuyutan Cigugur Kuningan, sarta nu lianna. Cikabuyutan atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran abad ka-11 M. Prasasti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M, nerangkeun yèn Prabu Sri Jayabupati (Raja Sunda) geus netepkeun sabagian  tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak, minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu dihormat ku sakabèh rahayatna. Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu atawa pamali.  Kecap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun, waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu dianggap karamat atawa suci.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Barang-barang paninggalan para karuhun ogè remen dianggap kabuyutan, misalna goong kabuyutan.  Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wujudna bisa mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona  wewengkon Kanèkès di Banten. Dina harti sèjèn (filolog) kabuyutan leuwih dima’naan skriptorium, nyaèta tempat pikeun nyieun jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray, Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè  kungsi disebutkeun ku Bujangga Manik  anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna  anu mangrupa hulu Ciliwung tèh kabuyutanana Pakuan.

‘Sadatang ka Bukit Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna.”   Anu disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pastina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga Warna atawa Gunung  Gedè (Ageung) geus aya jaman  Karajaan Pajajaran anu purasabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasasti Batutulis) sedeng Gunung Ageung disaruakeun jeung Badigul tèa. Urusan Kabuyutan ieu di jaman baheula kacida dihormatna,  dina Amanat Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu bisa ngarawat jeung ngarumatna di wewengkon kakawasanana, leuwih hina tibatan kulit lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah. Ieu tangtuna siloka pikeun urang sarèrèa. Salah sahiji ajaran  anu pageuh di cekel ku Kabuyutan nyaèta, ngaraksa nagara ngajaga lembur, batur nuar urang melak. Jadi raket pisan pakaitan  jeung ngajaga alam sangkan tetep asri sakumaha anu dilaksanakeun di unggal kabuyutan. Conto anu pangjelasna nyaèta di wewengkon Kanèkes Banten anu dicicingan ku urang Kanèkès. Lamun urang Kabuyutan geus teu ngarawat, ngaruwat alamna, picilakaeun bakal deukeut pisan. Diantarana kajadian di wewengkon Sumedang jeung Garut.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup kabuyutan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari?  Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor, anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab lamun dititènan tètèla wangsit Siliwangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari.  Lamun enya kabuyutan sakumaha anu dimaksud bisa jadi aya kajadian ahèng kahareupna, ngan teuing naon tah.

 Wallahu alam bisawwab.

 

============================================================
============================================================
============================================================